Pentingna Élmu jeung Amal


Saur pun guru mah, aya kakait anu kacida pageuhna antara élmu reujeung amal téh. Duanana teu bisa dipisahkeun deui. Aya istilah ‘Ilmu ‘Amaliyah, ‘Amal ‘Ilmiyah. Lamun boga élmu kudu diamalkeun, jeung lamun ngalakukeun amal téh kudu apal kana élmuna. Jeung hiji deui anu kudu jadi cekelan téh nyaéta amal tanpa élmu éta bohong, terus lamun élmu tanpa amal ibarat tangkal anu teu buahan.

Jadi, anu ngaranna élmu reujeung amal téh kacida pentingna pikeun sakumna jalma téh. Duanana kudu sarua dilakonan, teu meunang milih salasahijina wungkul, komo lamun ninggalkeun duanana mah. Élmu jeung amal bisa dijadikeun bekel pikeun ngalakonan kahirupan di dunya ayeuna katut di ahérat engké. Dina ngalakonan kahirupan di dunya ieu, anu dipinuhan ku sagala rupa masalah, dibutuhkeun élmu pangaweruh pikeun ngungkulanana. Ngalakonan kahirupan supaya bener henteu ngarempak papagon geus nyata, dibutuhkeun élmu pikeun mikanyaho sagalana. Sanggeus nyaho kana élmuna, henteu eureun ngan ukur mikanyaho wungkul. Tapi éta kanyaho téh ulah ngan ukur jadi kanyaho wungkul. Kanyaho kudu bisa diprakeun dina kahirupan sapopoéna. Supaya kanyahonya miboga harti dina kahirupan, katut kanyaho téh bisa sapagodos sajugjugan reujeung kahirupanana. Ulah nepikeun ari kanyaho muruna ka kidul, ari prak-prakanana bet muru ka wétan. Ulah nepikeun ka geus mikanyaho hiji perkara téh goréng, tapi get dilakonan.

Jalma anu alus mah, antara élmu reujeung amalna téh sajugjugan, sareundeuk saigel sabobot sapihanéan, henteu papalingpang. Jalma anu papalingpang antara élmu reujeung amalna, sarua reujeung henteu ngamalkeun élmuna. Élmu anu dipiboga, lamun henteu diamalkeun mah sarua jeung tangkal anu teu buahan. Tangkal anu teu buahan mah taya mangpaatna. Tangkal anu teu mangpaat mah paling ogé dituar, moal lila diantepkeun sina ngarunggunuk.

Lamun hiji jalma ngalakonan hiji pagawéan atawa amal, tapi teu apal kana élmuna, éta mah sarua reujeung bohong. Amal anu dipigawéna sarua reujeung bohong atawa taya hartina. Sanajan pagawéanana téh alus, tapi lamun henteu dibarung ku élmuna, moal aya hartina. Sampurnana pagawéan atawa amal téh lamun miboga kanyaho kana éta pagawéan. Jalma anu keur migawé atawa keur nyieun amal, kudu apal kana naon anu keur dipigawéna. Apal kana hukumna, apal kana kumaha migawéna (tata carana) katut tujuan éta pagawéanana.

4 thoughts on “Pentingna Élmu jeung Amal

  1. Aduh , sumuhun pisan kitu kang .
    Elmu & amal lir ibarat gula & amisna atawa uyah & asinna , moal tiasa di pisahkeun .
    Janten asa teu aya hartosna upami numpuk – numpuk elmu tapi kosong tina amal ngan ukur di ango tutunyuk wungkul ka batur .
    Oge cilaka jalma anu daek amal tapi di barung ku elmuna janten mardud alias di tolak .
    Hayu dulur urang sing geten milari elmu ulah ka bates ku umur . Kahade dimana tos gaduh elmu tong hilaf pikeun ngamalkeun dina hirup jeung kahirupan urang sapopoe .

    Hatur nuhun !

    Like

    • Muhun. Mudah-mudahan urang sadayana tiasa dijantenkeun jalmi anu ngagaduhan elmu kalayan diamalkeun. Atuh lamun ngalakukeun padamelan (‘amal) oge didadasaran ku elmuna….

      Like

  2. ralat

    Dina pairan sim kuring aya kecap ” jalma daek amal tapi di barung ku elmuna janten mardud alias di tolak “.
    Hapunten kalangkung , kedahna mah ” jalma daek amal tapi teu di barung ku elmuna janten mardud alias di tolak ” .
    Hapunten kasadayana dulur anu maos , sakali deui hapuntena .
    Kitu geuning da ari jalmi mah tempatna lepat & hilaf .
    Hapuntena !

    Like

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s