Bodor & Tarucing Sunda (BTS)


Grup ieu dingaranan Bodor & Tarucing Sunda. Mangrupakeun grup dina pésbuk anu sakumaha ngaranna, dieusi ku bobodoran jeung tatarucingan. Hal ieu bisa ogé katempo dina ngeunaan atawa inpo grup ieu anu nyebutkeun yén grup ieu mah ngeunaan Kumpulan Carita Humor jeung Tatarucingan Basa Sunda.

Grup Bodor & Tarucing Sunda di Pesbuk

Dina guntrengna silih témbalan atawa silih pairan tutulisan dina tepas ieu grup, teu jauh tina bobodoran jeung tatarucingan. Unggal anggahota ieu grup midangkeun bodor jeung tarucing bogana séwang-séwangan. Naha bobodoran jeung tatarucingan anu geus ilahar jeung geus dipikanyaho ku kalolobaan jalma, atawa bobodoran jeung tatarucingan anu anyar meunang ihtiar motékar ngarang sorangan.

Pikeun anu mikaresep kana bobodoran jeung tatarucingan, taya salahna lamun ngilu icikibung kana ieu grup. Anu seja ngiluan, bisa asup ka alamat Bodor & Tarucing Sunda. Dina prak-prakana ngaramékeun ieu grup, aya hiji pangwawadi ti anu nyieun ieu grup, Oge peryogi diperhatoskeun, supados ieu grup langkung hirup tur rame sateuacan ngadamel status kedah masihan heula komentar kana status nu tos aya.

Jumlah anggahota pésbuk anu asup kana ieu grup téh geus leuwih ti 14.000 (diilikan dina ping 18 Rayagung). Ieu grup teh dikokolakeun ku tilu urang Admin: Cep Sasdika, Gending Raspuzi, jeung Bisma Bratayudha.

9 thoughts on “Bodor & Tarucing Sunda (BTS)

  1. alhamdulillah grupna ka pelm …….. hehehe
    ieu teh salah sawios grup indola sim kuring, upami nuju carangkeul pikir enggal lumpat ka ieu grup nu antukna kuam keom nyalira teu kiyat ngemot pikaseurieun ……. hidup BTS

    Like

Tunda talatah