Tumbal dina Pulitik


Dunya pulitik, pinuh ku perkara anu nyamuni jeung remeng-remeng teu jelas. Bakating ku teu jelasna, najan anu bodas ogé tacan tangtu miboga rupa bodas. Bisa waé anu bodas téh katempona mah hideung. Pon kitu deui sabalikna, anu hideung bisa jadi bodas atawa rada-rada bodas.

Salasahiji anu diparebutkeun dina pulitik

Dina dunya pulitik mah, unggal jalma miboga kahayang jeung cita-cita anu ampir sarua tapi tara bisa akur antara hiji jalma reujeung jalma séjén atawa antara hiji golongan jalma reujeung golongan séjénna. Dua urang jalma atawa golongan anu miboga udagan anu sarua, tacan tangtu bisa sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan. Kalolobaanana mah silih sigeung jeung silih éléhkeun. Udagan dina dunya pulitik mah biasana kahayang anu kudu dihontal jeung dikeukeuweuk ku sorangan atawa ku hiji golongan. Jalma atawa golongan séjén mah ulah bisa ngahontal. Teu aneh sanajan jeung dulur sorangan lamun béda golongan atawa jadi saingan dina marebutkeun perkara pulitik osok matak ngaruntagkeun tali babarayaan.

Dina ngahontal perkara pulitik biasana osok aya hal-hal anu leuwih kejem deui. Pikeun ngahontal tujuan pulitikna, osok aya waé anu ngagunakeun jalan anu goréng. Bakating ku hayang meunang sorangan atawa meunang golonganana, sagala jalan najan goréng, bakal disorang. Najan kudu ngagogoréng lawan pulitikna, pasti dijalankeun. Najan kudu ngorbankeun lawan pulitikna, bakal dilakonan. Anu leuwih kejemna deui, aya ogé anu wani ngorbankeun babaturan anu sagalur dina ngalakonan pulitikna. Asal tujuan pulitikna bisa kahontal najan kudu ngorbankeun babaturan sagolonganana, pasti dilakonan. Nu penting mah tujuan bisa kahontal.

(Gambar meunang nginjeum ti http://2.bp.blogspot.com/-dYtB-I9Rk5Q/TbTh_8rppdI/AAAAAAAAAQ4/LUD5xKNTUpw/s1600/capres1.jpg)

Mulung Limus


Rebun-rebun kénéh geus saget muru ka tampian anu perenahna di sisi lembur. Lamun teu kitu, bakal kabeurangan. Da tampianana biasa mah ti subuh kénéh geus pinuh ku urang lembur anu ngadon mandi jeung ngala cai. Indit ka cai ngan ukur mawa awak wungkul jeung anduk. Teu angkaribung barangbawa kawas anu séjén. Batur mah aya anu mawa wawadahan gérohaneun atawa komplang eusian, manéhna mah ngagandeuang waé. Ngan anu béda téh, leungeunna ngeukeuweuk kérésék.

Buah tangkal limus

Tayohna mah, isuk-isuk geus indit ka tampian téh lain ngan saukur hayang mandi wungkul. Aya pamaksudan séjén salian ti arék mandi.
Saméméh anjog ka tampian, manéhna nyimpang heula ka kebonn Mang Juha. Oh…, sigana mah arék barangpulung. Kabeneran apanan di kebonna Mang Juha téh keur usum bungbuahan utamana buah tangkal Limus. Limus téh keur meujeuhna karolot maju ka asak. Atuh ninggang dina buah (limus) anu asak, osok murag ku sorangan. Lamun bungbuahan anu geus murag tina tangkalna, biasana mah teu bisa diaku masih kénéh milik anu boga kebon atawa tangkal buahna. Buangbuahan anu geus murag mah biasana osok jadi milik anu manggihanana. Saha anu manggihan ti heula, nyaéta anu ngapimilikna. Hal ieu geus jadi kabiasaan jeung geus kamaphum. Anu boga tangkal atawa kebonna ogé teu bisa kukumaha deui. Paling carana téh kebonna dipageran atawa buahna dipupu keur kolotna kénéh atawa ditalian supaya ulah maruragan.

Najan kitu, sabenerna apanan anu ngapimilik mah tetep anu bogana. Teu meunang nyokot bogana batur lamun taya ijin tinu bogana….

(Gambar meunang nginjeum ti internet)

Kamari téh Taun Anyar Sunda anu ka 1948


Nurutkeun warta ti inilahjabar.com, dina poéan kamari, Jumaah 4 Nopémber 2011 mangrupakeun poéan taun anyar dina Kaléndér Sunda. Poé Jumaah kamari mangrupakeun poéan kahiji dina taun 1948 dina pananggalan Kaléndér Sunda. Loba kagiatan anu diayakeun, cenah mah dina raraga mapag taun anyar éta téh. Aya kagiatan ngalarung jeung sukuran di wewengkon Cikapundung Wétan. Salian di dayeuh Bandung, kagiatan dina raraga mapag taun anyar éta ogé diayakeun di Ciparay jeung Cilauteureun.

Kalender Sunda

Ngeunaan Kaléndér Sunda ieu diangkat deui ku yasana Abah Ali Sastramidjaja. Kaléndér Sunda mangrupakeun kaléndér pangkolotna anu aya di Indonésia. Malahan mah geus dipagunemkeun dina Seminar Internasional. Kaléndér Sunda sakumaha kaléndér séjénna, dieusi ku 12 bulan. Ngaran-ngaranna nyaéta Kartika, Margasira, Posya, Maga, Palguna, Setra, Wesaka, Yesta, Asada, Arawana, Badra, jeung Asuji. Dina sabulanna, aya 29 atawa 30 poé. Sedengkeun ari ngaran-ngaran poéna dina saminggu nyaéta Radite, Soma, Anggara, Buda, Respati, Sukra, jeung Tumpek.

(Gambar meunang nginjeum ti http://static.inilah.com/data/berita/foto/1792112.jpg)