Notepad ++, Pakakas pikeun Nulis Tulisan jeung Program Kompiuter


Anu biasa nulis maké Notepad (program paranti ngetik tulisan bawaanana Microsoft Windows), naha arék nulis tulisan anu basajan atawa nyieun program saperti program pikeun di wéb (html jeung php), moal anéh teuing lamun kudu nyanghareupan program atawa pakakas Notepad ++. Da lamun nilik kana pidanganana jeung mangpaatna mah teu loba teuing bédana.

Anu ngabédakeun antara Notepad jeung Notepad ++ téh pasilitas jeung kamampuhanana. Notepad ++ miboga pasilitas jeung kamampuhan anu leuwih punjul tibatan Notepad.

Notepad ++

Diantara kapinunjulan ieu pakakas Notepad ++ téh nyaéta hampang jeung leutikna ieu program pikeun dijalankeun dina kompiuter. Anu bisa ngurangan beungbeurat kompiuter dina ngajalankeun ieu program. Terus ogé, program ieu bisa dipaké kalawan haratis (teu kudu meuli).

Pasilitas anu aya dina ieu program téh nyaéta:

  • Bisa nyirian/ngawarnaan (highlighting) kecap jeung nilepan sababaraha baris kalimah.
  • Basa anu bisa diakurkeun reujeung basa anu ngagunakeunana.
  • Dokumen bisa dibuka make tab. Dina sakali ngajalankeun program bisa muka sababaraha tulisan atawa dokumen.
  • Leuwih ti 50 basa anu bisa disetél.
  • Ngadeudeul kamampuhan pikeun drag n drop.
  • Bisa ditambahan ku panambah (plug in)

Pikeun anu mikabutuh ieu program bisa ngundeur di alamat sourceforge atawa http://notepad-plus-plus.org.

Rejeki teu Pahili-hili, Bagja teu Paala-ala


Rejeki unggal jalma geus aya catetanana. Unggal jalma geus miboga hancengan séwang-séwangan. Si A miboga rejeki sakitu, si B sakieu, geus aya cekelan jeung patokanana. Pon kitu reujeung bagja, geus jadi kayakinan yén jodo pati bagja cilaka éta geus aya dina katangtuan Gusti Alloh. Rejeki katut bagjana jalma geus aya dina patokan séwang-séwangan, geus aya cawisanana. Tinggal kumaha supaya éta rejeki jeung bagja téh bisa datang ka anu miboga cawisanana. Da rejeki jeung bagja moal datang sorangan (jarang pisan anu datang sorangan). Rejeki jeung bagja kudu ditéang supaya bisa kapanggih.

Ngan dina perkara néangan jeung ngoréhanana, ulah miboga kahariwang jeung kasieun rejeki katut bagja diri dipimilik ku batur atawa jalma séjén. Dina ngala rejeki ulah sieun rejeki cawisan diri diala ku batur.

-

Rejeki mah moal pahili-hili. Jadi rejeki pikeun hiji jalma moal pahili reujeung rejeki bogana batur. Entong sieun pahili kusabab rejeki batur mah loba ari rejeki sorangan ngan saeutik. Anu tungtungna bisa kaluar sipat sirik pidik jail kaniaya ka batur. Atawa gara-gara diri anu geus tihothat néangan rejeki tapi narima hasilna ngan saeutik saeutik, sedengkeun batur anu ngalana biasa-biasa waé tapi hasilna mucekil, miboga anggapan rejeki téh pahili.

Pon kitu deui reujeung bagja. Bagja moal silih ala reujeung batur. Bagja pikeun diri moal diala ku batur, pon kitu deui bagja pikeun batur moal bisa diala atawa kapimilik ku diri sorangan. Unggal jalma miboga rejeki jeung bagja cawisanana séwang-séwangan.

(Gambar meunang nginjem ti http://1.bp.blogspot.com/-6M8vbDsLZto/TmmI3RqHolI/AAAAAAAAAVg/ApmRbbxjr9M/s1600/DSC_0024+copy.jpg)

Taun 2000 mah Kiamat


Teuing ti mana asalna jeung ti saha mimitina anu nyebarkeun kayakinan atawa anggapan ieu téh. Da pokona mah lamun geus nyabit-nyabit taun 2000, pasti aku kagambar jeung loba anu nyebutkeun yén taun 2000 mah cenah bakal kiamat. Matak harita mah lamun hayang nanaon téh kudu saacanna taun 2000, da lamun dina taun 2000 atawa sanggeus taun 2000 mah moal bisa kusabab kaburu kiamat. Lamun boga kahayang, ditedunana kudu saacanna taun 2000.

Naha bet taun 2000 kiamat téh?

Kiamat dina taun 2000?

Sigana mah (sigana ieu ogé), nilik kana ngaran taunna. Apanan taun 2000 mah pas pisan jangkepna. Ngaranna alus pisan. Jeung apanan kakara bakal manggihan taun 2000. Da saacanna tacan manggih taun anu ngaranna 2000. Ditambah deui, 2000 teh nuduhkeun taun anu geus kacida kolotna. Umur kalender wae geus 2000, komo deui jeung umur dunya. Jadi geus nepi meureunan kana waktuna kahirupan di dunya kudu lekasan.

Tapi éta mah baheula saacanna taun 2000, mangsa keur bolon kénéh, anu ngan ukur bisa narima naon ceuk kolot. Tacan apal kana nanaon. Da geningan sanggeus nyorang taun 2000, kiamat téh euweuh datang. Entong boroning nembongan, kiamat téh euweuh hibar-hibarna acan. Kahirupan di alam dunya masih kénéh lumangsung.

Anu jelas mah Ki Amat anu ninggalkeun dunya kusabab tilar dunyana.

Kartun téh Gambar Disetrum


Pilem kartun jadi salasahiji tongtonan anu dipikalandep ku barudak. Najan acara pilem kartunna masih kénéh ngan ukur din TPI jeung layarna hideung bodas kénéh, tapi lumayan bisa nongton lamun kanal tipina acan dipaké ku TVRI (dina waktu pabeubeurang mah paranti siaran TVRI téh kosong kusabab teu siaran, osok dipaké siaran ku TPI). Anu matak pikaresepeunana téh kusabab anu boga lalakonna lain jalma, tapi make gambar. Gambar téh bisa obah dina pilem kartun mah. Gambar-gambarna pikaseurieun jeung loba bodorna. Malahan mah pagawéan anu teu bisa dipigawé ku jalma ogé kacida gampangna dipilampah ku kartun mah.

Pilem kartun baheula

Pagawéan anu mustahil pikeun jalma, maké kartun mah bisa dilakukeun. Kartun bisa ngapung, nyieun kapal tina naon waé, awakna Gnajan kalindes ku mobil ogé bisa balik deui kana kaayaan saméméhna. Pokona mah, matak pikahémengeun, jeung loba anu pikalucueun.
Ngan aya hiji anu jadi bahan patarosan. Kumaha cara éta kartun téh bet bisa obah atawa gerak? Apanan kartun téh dijieunna tina gambar. Sedengkeun ari gambar apanan henteu bisa nanaon. Gambarna ngiceup ogé teu bisa-bisa acan. Dalah ngiceupkeun panon ogé dina gambar mata, apanan pamohalan.

Ngan aya hiji jawaban anu katangkep ti kolot (ngan teuing saha anu ngucapkeunana mah). Cenah, kartun bisa obah atawa gerak téh kusabab GAMBARNA DISETRUM.

Bisa kitu…? Teu apal…!

(Gambar meunang nginjem ti http://preangerplanters.files.wordpress.com/2008/04/god-sigma-robots.jpg)

Ngahontal Kabagjaan anu Sampurna


Kabagjaan mangrupakeun udagan pikeun sakabéh jalma. Kabagjaan anu sampurna bisa disebut ogé kabagjaan anu taya tandinganana, kabagjaan anu paripurna, nyaéta kabagjaan dunya rawuh ahérat. Lamun di dunya bisa bagja, piraku dia ahérat ogé henteu meunang bagja. Sakumaha pidua urang sadayana, dina dua sapujagat (saur pun guru mah), dina nyuhunkeun kabagjaan teh apanan di dunya ongkoh, di ahérat ongkoh.

Komo pikeun jalma anu miboga kayakinan yén kahirupan lain ngan ukur di dunya, tapi ogé aya kahirupan di ahérat, bakal ngudag kabagjaan anu sampurna: bagja dunya ditambah ku bagja di ahérat. Aya kasaluyuan antara kabagjaan di dunya jeung di ahérat.

Bagja bungah

Pikeun meunangkeun kabagjaan di dunya, henteu ngan ukur ngandelkeun ngadua wungkul, tapi kudu jeung prak-prakanana. Pon kitu pikeun ngudag kabagjaan di ahérat. Kudu aya usaha anu nyata pikeun ngahontal kabagjaan éta. Pikeun ngudag kabagjaan di dunya, jalma kudu ngusahakeun bisa ngahontalna nalika keur hirup di dunya. Pikeun ngahontal kabagjaan di ahérat ogé sarua kudu diusahakeun, ngan ngusahakeunana teu bisa nalika keur di ahérat, tapi keur di dunya ieu. Anu ngaranna kabagjaan di ahérat ditangtukeun ku usaha nu dilakonan keur di dunya ieu. Di ahérat mah kari ngala buah usaha nalika di dunya ieu. Jadi usaha anu dilakukeun nalika di dunya lain ngan ukur pikeung ngudag kabagjaan di dunya wungkul, tapi kumaha carana supaya usaha anu dipigawé téh bisa dipaké pikeun ngahontal kabagjaan di ahérat ogé.

(Gambar meunang nginjeum ti http://2.bp.blogspot.com/-2tQ7TffLuBs/TjSx5zKEAxI/AAAAAAAAAIM/HD0F22OxWaY/s1600/bahagia.jpg)

Ngawadang Sangu Poé


Pabeubeurang geus hayang dahar? Éta mah biasa. Da pabeubeurang atawa tengah poé biasana mah geus karasa laparna beuteung téh. Lapar tandana hayang gera dieusian deui. Komo lamun geus digawé mah, apanan kacida laparna téh.

Di lembur mah geus biasa lamun dahar beurang atawa tengah poé téh disebutna ngawadang. Ngawadang biasana osok dahar sangu poé. Tapi, ulah salah sangka heula. Lain sangu poé anu hartina sangu meunang moé, tapi sangu meunang nyangu isuk-isuk. Sangu meunang nyangu isuk-isuk téh terus diteundeun dina boboko atawa wadah paranti neundeung sangu séjénna. Pabeubeurangna, éta sangu téh didahar bari henteu disangukeun atawa diasakan deui. Bisa kabayang atuh kumaha rasa sanguna. Sangu meunang ngasakan isuk-isuk diteundeun dina boboko, nepikeun ka beurang. Atuh sangu téh bisa disebutkeun geus béar jeung rada teuas/tiis.

Bobok dieusi ku sangu

Najan kitu, geus biasa deui lamun ngawadang maké sangu poé téh. Da bororaah kudu nyeupankeun sangu heula, apanan balik magawé téh dina kaayaan capé jeung lapar. Najan béra ogé jadi nikmat waé karasana. Lila-lila mah jadi biasa waé ngawadang maké sangu poé téh. Teu jadi halangan pikeun henteu nikmatna ngawadang.

(Gambar meunang nginjeum ti http://farm3.static.flickr.com/2303/2224010740_e1411bed1d.jpg)

Hirup pikeun Bajoang


Lamun ngadéngé kecap hirup téh pikeun bajoang, tangtuna ogé kalolobaan jalma bakal satuju. Satuju yén hirup téh salasahijina miboga tujuan pikeun bajoang. Moal aya anu ngangles, hirup teh lain pikeun bajoang. Ngan dina lebah naon anu kudu dibajoangkeun, tangtuna oge unggal jalma miboga cekelan sewang-sewangan. Bajoang anu samodel kumaha jeung naon anu kudu jeung keur dibajoangkeun ku unggal diri jalma.

Bajoang

Anu ngaranna bajoang pasti miboga tujuan atawa anu dituju naon kahayangna, naon tujuan bajoangna. Tujua bajoang biasana mah diteundeun ditungtung, anu kudu kasampeur jeung kalaksanakeun. Unggal jalma miboga kahayang jeung angen-angen katut tujuan sewang-sewangan, anu kudu dibajoangkeun. Naon anu kudu dibajoangkeun ieu, gumantung kana unggal diri jalma. Aya anu bajoang hayang meunang harkat darajat anu luhur. Aya anu bajoang pikeun ngalaksanakeun naon anu jadi kayakinanana, aya anu bajoang kumaha meunangkeun rajakaya anu kacida lobana, jeung kahayang-kahayang sejenna.

Salian ti tujuan, aya ogé jalan atawa cara kumaha bajoangna. Satutasna miboga kahayang atawa tujuan atawa udagan dina bajoang, kudu néangan atawa meunang jalan anu bakal disorang. Jalan anu disorang nalika bajoang. Da dina ngudag kahayang jeung udagan, merlukeun jalan supaya bisa nepi kana tujuan kahayangna. Jalan ieu téh jalan bajoang. Aya rupa-rupa jalan anu disorang ku unggal jalma. Aya anu sarua aya anu béda. Kahayang anu sarua tacan tangtu nyorang jalan anu sarua.

Terus aya deui ambahan atawa modal pikeun bajoang. Dina ngudag atawa ngahontal kahayang/tujuan, merlukeun modal anu kudu aya supaya bisa nepi kana udagan anu dibajoangkeunana.

Tilu hal ieu, kudu kacumponan dina bajoang ngahontal naon anu keur dibajoangkeunana. Komo deui lamun miboga kayakinan yén sakabéh hirupna pikeun bajoang.

(Gambar meunang nginjeum ti http://4.bp.blogspot.com/_ih2sKYO2rb8/S9bnPBkbyPI/AAAAAAAAAsE/72dIL1uLCAI/s1600/Berjuang.jpg)