Pésbukan (Facebookan), Kecap dina Basa Sunda atawa Bahasa Indonésia?


Pésbukan atawa facebookan mangrupakeun hiji pagawéan anu ilahar di jaman ayeuna mah. Geus jadi sabiwir hiji, pésbuk téh geus jadi cocooan di jaman ayeuna mah. Teu nempo di umur deui, arék budak, rumaja atawa kolot, miboga akun atawa jadi anggahota pésbuk. Lamun mimitina mah, anu mikaresep pésbuk téh ngan ukur anu ngarora wungkul (rumaja), ayeuna mah geus nerekab ka budak leutik jeung kolot. Kolot ogé ngadon ngiluan nyonyoo pésbuk.

Kusabab kitu, ayeuna mah teu anéh lamun aya kecap anyar anu ngaranna pésbukan. Pésbukan nuduhkeun jalma anu keur nyonyoo pésbuk atawa migawé pagawéan anu aya pakaitna reujeung pésbuk. Ti mimiti ngalongok jero akun pésbuk bogana, mairan pikiran atawa tulisan batur, nempoan poto jeung pidio atawa ngan saukur ngobrol ku tulisan ngaliwatan pésbuk. Pokona mah anu aya pakaitna reujeung pésbuk. Boh maké hénpon atawa maké kompiuter.

Pesbukan

Jadi jalma anu keur nyonyoo pésbuk téh disebutna keur pésbukan. Pésbukan, nuduhkeun kecap pagawéan. Ngan lamun ditalungtik mah, kecap pésbukan téh ngaharib-harib wangunan kecap dina kabeungharan kecap Basa Sunda. Pésbukan téh bisa disebutkeun mangrupakeun kecap rajekan tina kecap pésbuk ditambah rarangkén tungtung -an. Jadi waé kecap pésbukan. Naha bet boga anggapan kitu?

Alesanana mah, dina Bahasa Indonésia mah asa euweuh kecap anu dibéré rarangkén ahir atawa tungtung -an anu jadi kecap pagawéan. Kecap anu miboga rarangkén tungtung -an, biasana mah osok jadi kecap barang atawa anu nyarupaan. jadi kecap pésbukan téh sigana mah teu cocog jadi kecap dina Basa Indonésia.

Ari dina Basa Sunda? Loba pisan kecap dina Basa Sunda anu diwangun ku rarangkén tungtung -an. Salasihiji jinis kecap rajekan anu maké rarangkén tungtung -an téh miboga harti ngalakukeun hiji pagawéan. Jadi kecap pésbukan téh nuduhkeun pagawéan anu aya pakaitna reujeung pésbuk.

Bener kitu…?

Néangan Babaturan anu Ngagunakeun WordPress


Aya kamonésan (rada) anyar anu aya dina WordPress. Kamonésan ieu kacida mangpaatna pikeun néangan babaturan anu sarua maké atawa miboga blog di WordPress. Kamonésan ieu ngaranna Friend Finder (lamun ceuk urangna mah Pamaluruhan Babaturan). Pamaluruhan Babaturan ieu bakal nyambung ka Twitter, pésbuk atau kontak Google anu miboga akun WordPress. Pikeun maluruh babaturan, teken wae panumbu (kenop) anu disadiakeun: kenop twitter (pikeun nyambungkeun ka Twitter), facebook (pikeun nyambung ka pésbuk), atawa Google Contacts (pikeun nyambung ka kontak Google).

Pamaluruhan babaturan

Sanggeus dibéré idin pikeun ngagunakeun Twitter, pésbuk atau kontak Google, WordPess.com bakal maluruh babaturan urang. Hasil pamaluruhan bakal diancokeun (dipidangkeun) mangrupa daptar babaturan katut ngaran blog WordPress-na.

Panumbu Follow bisa digunakeun pikeun nuturkeun blog anu dipilih. Lamun urang nuturkeun hiji blog, mangka nalika blog éta medalkeun tulisan, bakal kaluar tulisanana dina Pidangan Blog I Follow, di handapeun Reader.

Lamun mikaresep néangan blog anu alus anu baris dituturkeun, bisa maluruh daptar blog anu aya dina Recommended Blogs.

Grup Pésbuk: Sajak Sunda


Sanajan ngaranna mah Sajak Sunda, lain hartina ieu grup ngan ukur pikeun kumpulna anggahota pésbuk anu mikaresep kana sajak. Tapi lamun nengetan katerangan ngeunaan ieu grup, grup ieu téh ogé bisa dijadikeun kumpulna anggahota pésbuk anu mikaresep atawa merhatikeun kana basa reujeung budaya titinggal ti karuhun sunda. Kusabab kitu, pikeun anu mikaresep kana basa reujeung budaya Sunda, bisa ngiluan ilubiung kana ieu grup. Pikeun asup kana ieu grup bisa ngaliwatan alamat http://www.facebook.com/groups/119684271938/.

Sajak Sunda di Pesbuk

Katerangan ngeunaan ieu grup bisa dijelaskeun sakumaha ayana, dicutat tina ngeunaan (About) ieu grup.

Sanes pedah sugih ku elmu jembar ku katiasa, sanes pedah oge jegud pangaweruh lan jembar ku harta, pribados ngadamel ieu kotretan taya sanes ngabayangkeun kalintang bagjana upami ngiring merhatoskeun kana basa atanapi budaya teureuh karuhun, nyobian ulubiung sareung umajak ngamumule basa pun biang.

“Jati teu kasilih ku junti” paripaos nu ngagambarkeun budaya sunda teh moal kakikis ku budaya nu sanes. kanggo ngadegkeun kanyataana tangtosna kedah aya nu mikacinta sareng ngamalire. Jalaran kitu, sawaktos urang sunda pituin simkuring ngaraos kajurung hate mikanyaah nu dipikagaduh, etang-etang ngiring ngamumule basa karuhun ditambih ku rasa honcewang sareung sedih kacida ninggal kaayaan dangeut ayeuna di sabudeureun urang anu tos langka ngadangu kecap sareng paripolah nu matak tumaninah kana manah.

Akang miwah Teteh sadaya,sumangga ah dihaturanan linggih….

Ari anu ngokolakeun ieu grup (admin), diantarana waé: Giriloka Arya, Owie Tonggeret Janari, Ekka Saraswati, Wiwin Khazanah Ramli, Sahyudin Sanjaya, Kang Guru II.

Lambaran Pésbuk: Dongéng Sunda


Ngeunaan katerangan ieu lambaran, bisa diilikan dina inpona. Dina inpo ieu lambaran dijelaskeun saperti ieu:

Miara Budaya lemah caina sewang-sewang mangrupikeun salahsawios laku anu hade, hade mungguh Adat oge mungguh Agama. Salah sawios Agama anu kakoncara wangkit ayeuna tina Agama anu di atur dina Undang-Undang Nagara Urang (Indonesia) tiantawis na Agama Islam. Di Al-Qur’an Kitab Sucina anu ngagem Islam dicarioskeun yen Alloh nyiptakeun manusa teh mangrupa-rupa suku jeung bangsa. Keterangan ieu teubisa dirobah, teu bisa di apilainkeun, dilalaworakeun pikeun ummat Islam kantenna upami manusa dimana wae ayana anu anu ngagem kana ieu ajaran mirosea kana bahasana, budayana sewang-sewangan tangtos patojaiyah, nyulayaan kana papagon, kana Takdir Alloh SWT anu nandeskeun yen manten-Na nyiptakeun manusa teh mangrupi-rupi suku jeng bangsa, laki-laki+awewe. Kunaon make kudu dipiara Bahasa, Budaya sorangan? Margi upami teu dipiara moal aya “Lita’arofu”, maol aya sillaturahmina, moal aya amal ibadah pikeun lita’arofu ngaitkeun sillaturahmi, moal wawuh kana rupi-rupi suku jeung rupi-rupi bangsa da nyahona, miarana Bahasa, Budaya ukur miara anu tiluar datangna. Ari Budaya, Bahasana nyalira diapilainkeun antukna poeken lalampahan dilemah caina. Mugia katampi dina Bubuka ieu….

Lambaran Dongeng Sunda

Atuh pikeun anggahota pésbuk anu hayang mikawanoh ieu lambaran bisa nganjugjug alamat http://www.facebook.com/pages/DONGENG-SUNDA/282273625123165.

Tempat Niis Wargi Sunda


“Haturan Wilujeng Sumping Kasadaya Wargi-wargi Anu Kaleresan mikaseneng tur Mikacinta kana Bahasa Sunda.”

Kitu kalimah bubuka ngeunaan ieu grup. Nilik kana ngaranna, bisa jadi ieu tempat atawa grup téh bisa dijadikeun niisna urang Sunda. Naha arék niiskeun pikir atawa niiskeun haté, atawa niiskeun deui ingetan ngeunaan Sunda. Ieu grup bisa dijadikeun tempat pikeun niiskeun kahariwangan hususna ngeunaan kasundaan. Ieu grup diancokeun pikeun anu mikacinta reujeung mikahémah kana Basa Sunda, disagigireun grup-grup séjénna anu sarupa anu aya di pésbuk (facebook).

Grup Tempat Niis Wargi Sunda di pesbuk

Tujuanana ieu grup, nurutkeun inpo anu disadiakeun, pikeun ngaraketkeun tatali wargi antar-jalma hususna pikeun anu kawengku ku wewengkon Pasundan. Sedengkeun ari téma anu bisa dipagunemkeun dina obrolan atawa paguneman mah bébas. Cenah grup ieu bisa dijadikeun pikeun tempat curhat, tatanya, tatarucingan, ngadongéng, sisindiran atawa ngan ukur seja niiskeun pikir ku jalan sempal kapiguyon.

Ngeunaan pisi (visi) jeung misina, nyutat tina inpo ieu grup, “Pamugi ku ayana ieu grup téh sing janten paniis kana haté wargi anu nuju sedih, Panghibur kana qolbu dulur anu nuju bingung, Pangbibingah kana manah baraya anu nuju sesah. Utamina pamugi ieu grup téh sing janten Washilah kanggé langkung ngaraketkeun deui Tatali Silaturahim diantara PARA WARGI, Maheutkeun manah sakumna baraya, ku cara ngiring nanjeurkeun sareng mikacinta kana Basa sareng Budaya Pasundan.”

Pikeun anu hayang ngiluan kana ieu grup bisa ngajugjug ka alamat Tempat Niis Wargi Sunda. Terus menta idin pikeun diaku jadi anggaota ieu grup. Nalika dijugjug dina ping 25 Rayagung mah lobana anggahota anu asup kana ieu grup téh leuwih ti 3.500 urang.

Bodor & Tarucing Sunda (BTS)


Grup ieu dingaranan Bodor & Tarucing Sunda. Mangrupakeun grup dina pésbuk anu sakumaha ngaranna, dieusi ku bobodoran jeung tatarucingan. Hal ieu bisa ogé katempo dina ngeunaan atawa inpo grup ieu anu nyebutkeun yén grup ieu mah ngeunaan Kumpulan Carita Humor jeung Tatarucingan Basa Sunda.

Grup Bodor & Tarucing Sunda di Pesbuk

Dina guntrengna silih témbalan atawa silih pairan tutulisan dina tepas ieu grup, teu jauh tina bobodoran jeung tatarucingan. Unggal anggahota ieu grup midangkeun bodor jeung tarucing bogana séwang-séwangan. Naha bobodoran jeung tatarucingan anu geus ilahar jeung geus dipikanyaho ku kalolobaan jalma, atawa bobodoran jeung tatarucingan anu anyar meunang ihtiar motékar ngarang sorangan.

Pikeun anu mikaresep kana bobodoran jeung tatarucingan, taya salahna lamun ngilu icikibung kana ieu grup. Anu seja ngiluan, bisa asup ka alamat Bodor & Tarucing Sunda. Dina prak-prakana ngaramékeun ieu grup, aya hiji pangwawadi ti anu nyieun ieu grup, Oge peryogi diperhatoskeun, supados ieu grup langkung hirup tur rame sateuacan ngadamel status kedah masihan heula komentar kana status nu tos aya.

Jumlah anggahota pésbuk anu asup kana ieu grup téh geus leuwih ti 14.000 (diilikan dina ping 18 Rayagung). Ieu grup teh dikokolakeun ku tilu urang Admin: Cep Sasdika, Gending Raspuzi, jeung Bisma Bratayudha.

Sunda di Pésbuk (Facebook)


Pésbuk (facebook.com) geus jadi sabiwir hiji, mangrupakeun tempat di dunya internét pikeun nganjrekna jalma salian ti dunya nyata. Pésbuk geus jadi dunya anu husus pikeun kalolobaan jalma anu resep kana internét. Teu anéh lamun anu resep kana internét nyimpang heula ka dunya pésbuk. Kalolobaan jalma anu resep kana internét miboga akun atawa jadi anggahota situs pésbuk. Teu nolih di jalmana éta saha, arék budak arék kolot, arék urang kampung arék urang dayeuh. Teu nempo deui di tataran saha jalmana.

Lambaran ngeunaan Sunda di pesbuk (facebook.com)

Salasahiji pasilitas anu aya dina pésbuk téh nyaéta ayana grup jeung lambaran (page). Grup jeung lambaran bisa dijadikeun jalan pikeun ngumpulna jalma-jalma anu jadi anggahota pésbuk anu miboga pangaresep atawa kahayang anu sarua, sakumaha ngaran grup atawa lambaranana. Jalma-jalma anu miboga pangaresep anu sarua biasana mah osok ngumpul dina hiji grup anu ngahaja dijieun dina pésbuk anu tujuanana pikeun ngumpulkeun anggahota pésbuk pikeun magunemkeun ngeunaan anu dipikaresep ku anggahotana. Pon kitu deui reujeung lambaran bisa dipaké pikeun magunemkeun atawa ngumpulkeun jalma-jalma anu miboga pangaresep jeung tujuan anu sarua.

Pikeun urang Sunda anu miboga pangaresep jeung kahayang pikeun mikanyaah atawa nanjeurkeun Ki Sunda ngaliwatan dunya pésbuk, loba grup jeung lambaran anu geus nyampak atawa ngadeg. Rupa-rupa grup jeung lambaran ngeunaan kasundaan geus nyampak, ti mimiti anu heureuy nepikeun ka anu husu. Pikeun anu hayang asup kana hiji atawa leuwih ti hiji grup atawa lambaran, tinggal néangan grup atawa lambaran anu dipimaksud. Atawa lamun hayang miboga grup jeung lambaran sorangan, bisa nyieun dina pésbuk.