Tatarucingan Bagéan Kadua


Ngeunaan tatarucingan mah geningan di jagat internét ogé geus loba anu ngajéntrékeunana. Malahan mah aya daptar tatarucingan katut jawabanana. Dipaluruh ngagunakeun bantuna google, meunang sawatara loka atawa lambaran anu nembrakeun ngeunaan rupa-rupa atawa daptar tatarucingan.

Hasil pamaluruhan ngeunaan Tatarucingan

Loka atawa lambaran anu kapaluruh diantarana waé:

  1. Tatarucingan, http://aslisunda.wordpress.com/buku/
  2. TATARUCINGAN YUK, http://ehkangagus.wordpress.com/sok-ah-ramekeun/
  3. tatarucingan yu?., http://cingciripit.wordpress.com/2008/03/06/tatarucingan-yu/
  4. 117 Tatarucingan dan Jawabannya, http://enda.goblogmedia.com/quicklinks/117-tatarucingan-dan-jawabannya.html
  5. Tatarucingan, http://kisunda.multiply.com/journal/item/42/tatarucingan?&show_interstitial=1&u=%2Fjournal%2Fitem
  6. Tatarucingan (1), http://dayeuhkolot.wordpress.com/2006/07/24/tatarucingan-1/
  7. Tatarucingan, http://pop.blogsome.com/2006/07/24/tatarucingan-2/
  8. Jeung réa-réa deui.

Baca ogé:

  1. Tatarucingan (1)

Bodor & Tarucing Sunda (BTS)


Grup ieu dingaranan Bodor & Tarucing Sunda. Mangrupakeun grup dina pésbuk anu sakumaha ngaranna, dieusi ku bobodoran jeung tatarucingan. Hal ieu bisa ogé katempo dina ngeunaan atawa inpo grup ieu anu nyebutkeun yén grup ieu mah ngeunaan Kumpulan Carita Humor jeung Tatarucingan Basa Sunda.

Grup Bodor & Tarucing Sunda di Pesbuk

Dina guntrengna silih témbalan atawa silih pairan tutulisan dina tepas ieu grup, teu jauh tina bobodoran jeung tatarucingan. Unggal anggahota ieu grup midangkeun bodor jeung tarucing bogana séwang-séwangan. Naha bobodoran jeung tatarucingan anu geus ilahar jeung geus dipikanyaho ku kalolobaan jalma, atawa bobodoran jeung tatarucingan anu anyar meunang ihtiar motékar ngarang sorangan.

Pikeun anu mikaresep kana bobodoran jeung tatarucingan, taya salahna lamun ngilu icikibung kana ieu grup. Anu seja ngiluan, bisa asup ka alamat Bodor & Tarucing Sunda. Dina prak-prakana ngaramékeun ieu grup, aya hiji pangwawadi ti anu nyieun ieu grup, Oge peryogi diperhatoskeun, supados ieu grup langkung hirup tur rame sateuacan ngadamel status kedah masihan heula komentar kana status nu tos aya.

Jumlah anggahota pésbuk anu asup kana ieu grup téh geus leuwih ti 14.000 (diilikan dina ping 18 Rayagung). Ieu grup teh dikokolakeun ku tilu urang Admin: Cep Sasdika, Gending Raspuzi, jeung Bisma Bratayudha.

Naon Sababna Jalma Kakandunganana dina Beuteung?


“Mon, kuring boga tatarucingan.” Ceuk si Duyéh ka si Omon. “Tebak nya…!”

“Tatarucingan naon…?” Si Omon malik nanya ka si Duyéh.

“Ieu…,” si Duyéh mikir heula saheulaanan. “Naon sababna jalma di dunya ieu kakandunganana dina beuteung?”

Si Duyéh melong ka si Omon. Ari si Omon ngahuleng.

“Naon sok sababna…?” Ceuk si Duyéh deui bari leungeunna nyekelan taktak si Omon ti gigireunana.

“Kéla atuh….” Témbal si Omon bari ngépéskeun leungeun si Duyéh.

“Tong lila teuing atuh mikirna, da ieu mah gampang.” Ceuk si Duyéh deui maksa.

Si Omon teu ngajawab.

“Gampang atuh jawabanana mah.” Si Duyéh arék miheulaan ngajawab pananyana.

“Ke heula, ceuk kuring ogé.” Si Omon kesel.

Si Duyéh jadi cicing. Ngadagoan jawaban ti si Omon.

Teu lila si Omon méré jawaban. “Nya geus ti dituna atuh. Geus kuduna lamun jalma kakandungan dina beuteung. Enggeus dina naon deui atuh.”

Si Duyéh unggut-unggutan bari mésem.

“Bener teu?” Ceuk si Omon ka si Duyéh, hayang jawabanana téh éta anu bener.

“Lain kitu, da.” Ceuk si Duyéh.

“Enggeus naon kitu?” Si Omon melong ka si Duyéh.

“Sababna mah kieu gera.” Ceuk si Duyéh mani daria pisan, bari memener diukna.

Ari si Omon cicing, ngaregepkeun naon anu bakal dicaritakeun ku si Duyéh.

“Ceuk nini kuring sababaraha waktu anu geus kaliwat, cenah tempat urang hirup teh aya di Buana Panca Tengah. Hartina aya di tengah-tengah. Jadi sabenerna mah di luhureun jeung di handapeun urang téh masih kénéh aya anu ngaranna dunya. Kusabab urang mah ayana di tengah-tengah, jadi waé kakandunganana téh dina beuteung. Kitu…,” ceuk si Duyéh ngajéntrékeun.

“Terus ari anu di luhur jeung handapeun urang kumaha?” Si Omon panasaran. “Sarua henteu?”

“Ké heula. Kuring acan bérés!” Si Duyéh ngagebés, pédah omonganana dipegat.

Si Omon cicing.

“Anu hirupna di dunya luhureun urang mah kakandunganana téh dina beuheung. Sedengkeun anu hirupna di handapeun dunya urang mah kakandunganana téh dina bitis.”

Si Omon melong ka si Duyéh, asa teu percaya. “Bener kitu…?”

“Nya meureunan. Da éta mah ceuk nini kuring.”

Tatarucingan (1)


Tatarucingan bisa disebut mangrupakeun kaulinan barudak atawa bisa oge kaasup kana babasaan. Kaasup kaulinan barudak, da osok dipake ku barudak dina ngeusi waktu arulin jeung babaturanana. Kaasup kana babasaan soalna oge aya sangkut paut jeung babasaan anu osok dipake pikeun tetebakan pikeun satiap jalma teu nempo umurna.

Tatarucingan eusina mangrupakeun tetebakan anu kudu dijawab naon anu dimaksud dina tarucing anu disebutkeun. Tatarucingan ieu aya anu geus kakoncara atawa geus biasa digunakeun, aya oge anu jijieunan saharitaeun. Da nu ngaranna tatarucingan mah taya patokan atawa ugeran dina nyieunna teh. Nu penting mah bisa kaharti jeung bisa diteangan hartina atawa jawabanana dina tatarucingan eta.

Eusi atawa jawaban tatarucingan biasana nuduhkeun kana ngaran barang atawa ngaran naon wae atawa nuduhkeun kana pagawean. Pikeun ngajawab tarucing bisa ditempo tina kalimah tarucingna, condong kana naon eusi eta tarucing. Contona wae hayam rintik ngacung ka langit. Tarucing ieu biasa dijawab ku danas atawa ganas. Hayam rintik nuduhkeun kana kulit buah danas, terus ngacung ka langit nuduhkeun kana sirung luhureun buah danasna anu diibaratkeun kana buntut hayam anu ngacung ka langit. Rea keneh conto tatarucingan anu lianna.

Conto tatarucingan anu sejenna:

  1. Keur budak mamake samping, ari geus kolot ditaranjang.
  2. Saha anu dititah dahar kalahka naek.
  3. Diudag lumpat didagoan cicing.
  4. Budak leutik ngambay peujit.
  5. Aki-aki ragrag surak.
  6. Aki-aki ragrag sila.
  7. Jeung rea-rea deui.