Léngkah anu kudu dicokot supaya tujuan bisa kahontal, nyaéta:
Léngkah Kahiji: Netepkeun tujuan. Cokot sababaraha lambar keretas jeung pulpen. Tuluy tuliskeun naon waé anu dipikahayang dina kahirupan ieu. Pokona mah sagala hal anu ngolébat dina pikiran catet dina keretas éta. Ngan anu kudu diinget, nyaéta tujuan anu dipikahayang ulah patukang tonggong reujeung bag-bagan agama jeung angger kudu SMART.

Léngkah Kadua: nyieun ancang-ancang atawa siap-siap ku maké tilu sikep:
Sikep kahiji, Laku lampah. Kudu yakin naon anu dipilampah téh bener-bener geus jelas ka mana loyogna, sapagodos reujeung tujuan anu hayang dihontal.
Sikep kadua, Mikir. Paké waktu mikir pikeun nimbang-nimbang naon waé anu geus dipilampah jeung kumaha pikeun ngahontalna.
Sikep katilu, Ngarasakeun. Usahakeun rarasaan kudu tenang jeung lobakeun imut pikeun nyinghareupan sagala hahalang anu bakal datang.
Léngkah Katilu: Ngaréka-réka anu bakal kajadian jeung cara ngungkulanana. Jieun daptar sagala hal anu kira-kira bakal karandapan jeung cara ngungkulanana dina ngahontal tujuan.
Léngkah Kaopat: Pariksa. Cokot hiji atawa dua cara ngungkulan masalah anu bakal dilakonan. Carana ku jalan nyieun daptar mangpaat jeung karugian anu bakal kaalaman tina cara ngungkulan anu dipilih.
Léngkah Kalima: Netepkeun rarancang. Pikeun unggal tujuan, pilih cara ngahontal pangalusna jeung tetepkeun rarancang kumaha cara ngahontalna.
Léngkah Kagenep: Pigawé ayeuna.
Léngkah Katujuh: Sésakeun waktu pikeun nengetan sagala usaha anu geus dipigawé. Pariksa unggal parobahan jeung kamajuan, naha tujuan geus kahontal atawa acan.
Léngkah Kadalapan: balik deui kana tujuan. Pariksa deui, naha cocog teu tujuanana pikeun naékeun kualitas kahirupan. Lamun cocog, tuluykeun.
(Meunang nyutat kalawan diringkes tina Majalah El-Fata edisi 01/IV/2003)
Baca ogé: