mangjojo Diajar Pupuh


Ngalongok kana situs ieu, pidanganana mah kawilang basajan. Henteu loba teuing reumbeuyanana. Sanajan kitu, eusina ieu blog kacida reumbeuyna ku tulisan. Tulisan dina kaca kahiji dieusian ku tulisan dina wangunan pupuh. Teu aneh kituna teh, da sakumaha judulna ieu blog, mangjojo diajar pupuh, eusina ieu blog moal kaluar atawa moal leupas tina ngaranna karangan wangunan pupuh. Hal ieu oge bisa katilik tina pamaksudan anu miboga ieu blog, yen ieu situs diancokeun pikeun pangulinan sing saha nu mikaresep kana pupuh jeung sajabana.

Blog mangjojo waktu dilongok ping 11 Rayagung

Atuh pikeun anu mikaresep karangan atawa tulisan dina wangunan pupuh jeung anu sarimbagan kana eta, bisa ilubiung dina ieu blog, atawa bisa oge ku jalan ngalongok ka akun pesbukna di www.facebook.com/mangjojo.

Anu hayang ngalongok kana ieu situs, bisa ngaliwatan alamat http://mangjojo.wordpress.com/. Tulisan anu pangahirna waktu dilongok dina ping 11 Rayagung, ngeunaan Lalakon Munggah Haji (Prakna Ibadah Haji) anu nyaritakeun ngeunaan cara-cara ibadah haji dina wangunan pupuh Maskumambang, Kinanti, jeung Mijil.

Budak Lalaki mah Kudu Loba Pangabisa


Salaku lalaki, budak lalaki mah ulah héngkéran. Budak lalaki mah kudu loba pangabisa jeung jeung kudu ngabogaaan wawanén atawa wanian. Hal ieu téh lain kabeneran, tapi da ieu mah pikeun bekel kahareupna.

Dina ngalakonan kahirupanana, barudak lalaki mah dididik pikeun jadi lalaki deui anu miboga sikep siga lalaki. Kusabab kitu, pagawéan anu dipigawéna téh nyaéta pagawéan anu biasa dipigawé ku lalaki. Pagawéan lalaki mah biasana mentingkeun kana wawanén jeung tanaga atawa otak. Béda reujeung pagawéan awéwé.

Budak keur nanggung suluh

Barudak lalaki mah biasa dididik pikeun digawé mantuan bapana. Contona waé magawé di kebon atawa di sawah. Naha arék macul atawa pepelakan. Najan keur budak kénéh ogé ka kebon mah osok dibabawa, da di lembur mah arék ulin reujeung saha. Dina mangsana nincak rumaja, geus dibabawa ka kebon pikeun mantuan magawé di kebon. Lamun mangsana macul téh apanan geus kabiasaan lamun mantuan macul, dina waktuna babad téh geus mimiti mantuan atawa diajar babad jukut anu minuhan kebon. Ieu téh lain ngan ukur pikeun mantuna kolotna wungkul, tapi tujuan utamana mah pikeun ngadidik budak supaya miboga pangabisa pikeun hirup ka hareupna.

Malahan mah keur sakola di sakola dasar kénéh ogé apanan geus mimiti mantuan kolot mah. Naha arék ngala cai atawa ngala suluh. Balik ti sakola atawa keur dina kaayaan peré, osok dimangpaatkeun pikeun mantuan kolot. Ngala suluhna atawa ngala cai apanan lain ngan ukur reujeung atawa bareng jeung kolot wungkul. Aya kalana sosoranganan atawa reujeung babaturanana pada-pada barudak kénéh.

Ku dididikna ti leuleutik kénéh téh supaya dina mangsana geus mangkak déwasa, henteu ngarumas lamun kudu digawé atawa loba gawé. Lalaki mah kudu loba pangabisa pikeun néangan pangupa jiwa, maraban budak jeung pamajikan.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com)