Miéling Saratus Taun Paguyuban Pasundan


Kalawan maké tempat di Gedong Sasana Budaya Ganesha (Sabuga) ITB Bandung, Paguyuban Pasundan dina ping 20 Agustus kamari ngayakeun acara miéling saratus taun ngadegna Paguyuban Pasundan (PP). Acara ieu diluuhan ku sababaraha urang kokolot (tokoh) Sunda, gegedén katut pamingin lembaga nagara diantarana waé Gupernur Jawa Barat Ahmad Heryawan katut wakilna Deddy Mizwar, Wakil Gupernur Banten Rano Karno, Ginanjar Kartasasmita, Solihin GP, Burhanudin Abdullah, Moch Jumhur Hidayat, R Nuriana, jeung Adang Darajatun. Ogé diluuhan ku sawatara anggahota DPR jeung DPD RI anu ngawakilan propinsi Jawa Barat.

Salasahiji pintonan dina raraga mieling saabad Paguyuban Pasundan di Sabuga Bandung
Salasahiji pintonan dina raraga mieling saabad Paguyuban Pasundan di Sabuga Bandung

Gupernur Jawa Barat Ahmad Heryawan, dina biantarana miharep supaya Paguyuban Pasundan bisa manggihan calon Presiden atawa wakil Presiden Indonesia anu asalna ti urang Sunda atawa Jawa Barat dina Pemilu taun 2014. Salaku salasahiji sékésélér bangsa anu jumlahna loba, Jawa Barat sahanteuna bisa ngilu icikibung di tingkat nasional Indonésia. Salian ti éta, urang Sunda (Jawa Barat) ogé dipiharep bisa sumebar ka sakuliah Indonésia atawa sakuliah dunya. Urang Sunda anu bisa jadi jelema (jalma anu sukses) najan di mana waé cicingna. Lamun geus jadi jelema, ulah poho ka sarakanana, ku jalan ngilu ngarojong kana pangwangunan di Jawa Barat.

(Sumber inpo antarajawabarat, potret pikiran-rakyat)

Haleuang Kulinér Sunda


Haleuang Kuliner Sunda
Haleuang Kuliner Sunda

Ngomong Sunda, Kamus Basa Sunda Anu Bisa Ngomong dina Hénpon Android


Ngomong Sunda mangrupakeun hiji ngaran pikeun aplikasi anu ngahaja dijieun pikeun di jalankeun dina hénpon Android. Ieu aplikasi téh bisa dipaké jadi kamus Basa Sunda dina hénpon Anndroid. Jadi salian ti aplikasi Basa Sunda (sakumaha anu geus dipedalkeun dina tulisan ti heula), nambahan deui aplikasi anu bisa dipaké pikeun narjamahkeun Bahasa Indonésia – Basa Sunda.

Ancoan Ngomong Sunda dina hénpon Android

Anu ngabédakeun aplikasi Ngomong Sunda reujeung Basa Sunda téh nyaéta aplikasi Ngomong Sunda mah bisa ngucapkeun kecap anu ditarjamahkeunana. Kecap dina Basa Sunda hasil tina tarjamahan tina Bahasa Indonésia téh bisa kaluar sorana (diucapkeun). Jadi salian ti apal kecap tarjamahanana, ogé bisa apal kumaha ngucapkeunana. Ngan kakuranganana téh cenah mah kabeungharan kecapna masih kénéh kurang.

Sanajan kitu bisa dipaké pikeun dijadikeun kamus Bahasa Indonésia – Basa Sunda mah. Aplikasi ieu dijieun ku Independent Android Developer anu miboga landian Plugie. Anjeunna bisa diaksés di loka Android Jakarta. Pikeun anu mikabutuh ieu aplikasi bisa ngundeur ti alamat Ngomong Sunda.

Cenah Loba Urang Sunda di Pekanbaru Riau


Nurutkeun béja mah, cenah di Riau téh loba urang Sunda. Loba anu asalna ti Tatar Pasundan anu ngadon nyaba di wewengkon atawa ngahaja pindah ka Propinsi Riau. Urang Sunda anu aya di Riau téh aya anu disababkeun ku geus jadi urang Riau ti baheula kénéh, geus tetep renggenek di Riau (nganjrek jadi urang Riau) ngan miboga karuhun (kolot) ti tatar Pasundan, aya ogé anu samentara kusabab aya kaperluan atawa pangabutuh saperti kakait ku pagawéan. Sumebarna lain ngan ukur di dayeuh Pekanbaru wungkul, tapi ogé sumebar ka kabupatén séjénna, saperti Dumai jeung Bengkalis.

Kamonesan anu diayakeun ku PWS Kepulauan Riau

Pikeun ngaraketkeun tali mimitra antara urang Sunda anu aya di Riau, di Riau diadegkeun gempungan atawa paguyuban anu ngaranna Misuri. Misuri anu papanjangna tina Mitra Sunda Riau. Ayeuna, Paguyuban Mitra Sunda Riau dipimpin ku Bapa Ondi Sukmara. Nurutkeun data, anggahota anu geus asup kana ieu paguyuban kurang leuwih 6000 KK (nurutkeun beja ti kisunda). Jadi urang Sunda anu aya di Riau téh leuwih ti 6000 KK, da loba anu acan asup kana ieu paguyuban.

Salian ti Misuri, aya ogé paguyuban anu ngaranna PWS (Paguyuban Wargi Sunda) Riau. Terus aya ogé anu ngaranna Pagiyuban Sunda Muda-Mudi Misuri (3M).

(Gambar meunang nginjeum ti http://tanjungpinangpos.co.id/)

Dina Budaya Urang Napak, Tina Budaya Urang Ngapak


Inget kénéh lamun ngaliwat ka parapatan (lampu beureum) Ojolali, osok kaluar sora anu nyarita nalika lampuna setopanana ganti jadi warna beureum. Osok dijelaskeun ngeunaan budaya Sunda anu salasahiji kalimahna ngeunaan Dina Budaya Urang Napak, Tina Budaya Urang Ngapak. Terus, naon atuh maksudna éta kalimah téh?

Sanggeus dipaluruh mah cenah, éta kalimah téh kacida pisan pakaitna reujeung program Sumedang Puseur Budaya Sunda (SPBS). Éta kalimah téh mangrupakeun motto tina program SPBS. Program anu hayang nanjeurkeun deui budaya Sunda hususna di Kabupatén Sumedang ieu disumebarkeun ngaliwatan sababaraha cara. Nya salasahiji diantarana waé ngaliwatan wawaran di lampu setopan éta.

Kalimah Dina Budaya Urang Napak, Tina Budaya Urang Ngapak miboga tujuan supaya ajén-inajén budaya Sunda bisa dijadikeun dadasar dina lumangsungna kahirupan. Niléy-niléy kasundaan dijadikeun modal reujeung bekel dina nyorang kahirupan anu terus ngalaman parobahan kabawa ku parobahan jaman. Najan jaman geus robah, ari budaya anu dipakena moal leupas tina budaya Sunda. Najan jaman geus henteu maliré deui kana budaya Sunda, kuayana ieu program ditarékahan supaya budaya téh henteu ka nepikeun ka leungit. Budaya Sunda anu dijadikeun dadasar téh bisa dipaké pikeun ngayonan sagala masalah anu mucunghul dina parobahan jaman. Antukna mah harepanana budaya Sunda bisa ngigelan jaman téh bisa kahontal. Anu tungtungna budaya Sunda moal nepikeun ka leungit da dipaké jadi dadasar jeung ngungkulan masalah anu datang.

Sumedang Puseur Budaya Sunda

Sakabéh lolongkrang kahirupan teu weléh leupas tina budaya anu geus ngajanggélék ti baheulana. Ti mimiti kahirupan masarakatna nepikeun ka kahirupan pamaréntahanana diwengku ku budaya Sunda. Gegedén atawa pajabat dina cara gawéna ogé diwengku ku budaya Sunda. Pokona mah arék saha waé jeung kumaha waé henteu leupas tina budayana. Dina budaya urang napak, henteu bisa leupas tina budayana. Budaya jadi dadasar dina ngadegna. Tina budaya urang ngapak, ka mana waé jeung kumaha waé anu dipigawéna, angger aya dina budaya.

Kitu…?