Ieu program atawa pakakas bisa dipaké pikeun nyieun plésdis (flashdisk) paranti masang sistem operasi kompiuter (booting tina plésdis). Ngaliwatan program ieu plésdis bisa dipormat kalawan diasupan program sistem operasi anu baris dipasang kana kompiuter. Jadi masang sistem operasi kompiuter teu kudu maké sidi (CD) atawa dipidi (DVD) deui.
Sanajan ngaranna ieu program téh Fedora, anu hartina kaluaran atawa miboga pasipatan husus pikeun Fedora, tapi sabenerna mah lain ngan ukur pikeun Fedora wungkul. Sistem operasi anu bisa diasupkeun kana plésdis téh lain ngan ukur sistem operasi Fedora wungkul, tapi bisa ogé Linux séjénna kayaning Ubuntu, Mandriva, LinuxMint, jeung anu séjénna. Malahan mah bisa ogé dipaké pikeun ngasupkeun sistem operasi séjénna kayaning Windows asal payilna diteundeun dina pormat iso.
Aya sababaraha kapinunjulan program ieu, diantarana:
- Program ieu bisa dijalankeun dina Windows atawa Linux pikeun ngasupkeun sistem operasina kana plésdis.
- Terus ogé, dina ngasupkeun sistem operasi kana jero plésdisna teu kudu mupus data atawa ngapormat data anu aya dina plsédis. Pon kitu deui teu kudu nyieun partisi dina plésdisna.
- Lamun hayang ngasupkeun Linux anu jinisna Fedora bisa ngundeur kalawan otomatis. Tinggal milih persi anu hayang diasupkeun kana plésdisna.
- Bisa nyieun tempat neundeun anu matuh (persistent storage creation).
- Ditarjamahkeun ka rupa-rupa Basa.
Pikeun anu merlukeun ieu program, bisa ngundeur ti loka fedora.
Mantep Kang ah…. satuju pisan.. Sim kuring mah ngangge Fedora.
Sae na teh tiasa dipasang di Windows.
LikeLike
[…] November 29, 2011 by Can Masagi | 0 comments Sayah punya kenalan namanya Kang AMID, kenalnya sih di Google Plus, namun berlanjut di Facebook. Nah Kang AMID mah sangat Nyunda… bahkan blognya pun Basa Sunda sajah. Jika ada Linuxer yang kangen tutorial pakai Basa Sunda bisa silahkan tengok postingan kang AMID mengenai pembuatan LiveUSB dengan menggunakan paket aplikasi Fedora Live USB Creator. Mangga silahkan kunjungi di tkp: https://ciburuan.wordpress.com/2011/11/29/fedora-liveusb-creator-pakakas-pikeun-ngasupkeun-sistem-ope… […]
LikeLike
Muhun, kaleresan wae abdi mah nuju diajar keneh. teuacan tiasa nanaon…
LikeLike
Ah sami Kang sim kuring oge nuju diajar… bilih bade diskusi ngeunaan Fedora mangga diantos di http://forum.fedora-id.org, Forum diskusi nu ngarangge Fedora di indonesia…. Bilih karaos sepi di Forumna… mugia ma’lum nembe migrasi he he…
LikeLike
Muhun atuh urang cobian. Teuaya lepatna kanggo nambihan elmu pangaweruh mah. Nuhun….
LikeLike