System on a Chip (SoC), Naon Nya SoC teh?


System on a chip atawa bisa disingket jadi SoC mangrupakeun hiji wangunan aisi (IC atawa chip) anu dijerona miboga rupa-rupa komponén anu bisa ngawangun hiji kompiuter atawa sistem éléktronik séjénna. Jadi SoC bisa disebutkeun mangrupakeun kompiuter anu dipadetkeun kana hiji aisi (IC). Di jerona bisa waé aya komponén anu gunana pikeun ngokolakeun atawa nangkep sinyal analog, sinyal digital atawa sinyal gabungan duanana. Malahan aya ogé komponén tambahan pikeun nangkep galura radio. Kabéhanana dihijikeun kana hiji wangunana aisi (IC).

Hal ieu ampir sarua reujeung mikrokontroler. Ngan sanajan kitu, aya perkara anu ngabédakeun antara SoC reujeung mikrokontroler. Mikrokontroler mah biasana miboga memori RAM kurang leuwih 100 kB jeung bener-bener mangrupakeun sistem dina hiji aisi. Sedengkeun ari istilah SoC mah biasa dipaké pikeun sistem anu leuwih alus tibatan mikrokontroler kusabab miboga prosesor anu leuwih canggih, bisa ngajalankeun software saperti Windows reujeung Linux. SoC mikabutuh tambahan memori luaran (eksternal) supaya aya tambahan tempat teuteundeunan pikeun neundeun aplikasi/program reujeung data. Ditambah ogé rupa-rupa komponen luaran (periperal) séjénna anu bisa disambungkeun kana SoC. Pikeun sistem anu leuwih gedé, SoC kacida gunana pikeun madetkeun rupa-rupa komponén supaya ngurangan béaya nyieunna katut ngaleutikan ukuran sistemna.

Prosesor Allwinner A10, salasahiji conto SoC dina tablet

Kiwari, SoC biasana dipaké dina kompiuter anu ukuranana laleutik saperti tablét atawa hénpon pinter. Hénpon pinter atawa tablét, miboga prosesor anu wangunanana SoC supaya bisa ngurangan ukuranana katut ngurangan béaya nyieunna. Di jero SoC-na biasana aya komponén-komponén: mikroprosesor atawa DSP, blok memori (RAM/ROM atawa flash), sumber paranti waktu anu ngadalikeun gawé komponén séjénna (osilator atawa phase-locked loop), periperal katut paranti nyambungkeun komponen/periperal séjénna saperti USB jeung Ethernet, paranti ngatur tegangan listrik. Kabéhan komponén disambungkeun maké jalur standar anu geus biasa digunakeun saperti AMBA bus. Teu anéh sanajan ukuranana leutik, tablét reujeung hénpon pinter miboga kamampuhan saperti kompiuter anu ukuranana gedé.

Advertisements

Wangunan Parabot Keupeul: Hardware jeung Software


Parabot keupeul diwangun sahanteuna ku dua rupa. Sakumaha wangunan kompiuter, parabot keupeul diwangun ku bagéan teuas (raga badag atawa hardware) jeung bagéan anu hipu (lelembutan atawa software). Wangunan parabot keupeul teu bisa leupas tina wangunan kompiuter. Lamun disaliksik leuwih jero mah parabot keupeul téh lir ibarat kompiuter dina wangunan anu leuwih leutik kalawan kamampuhan anu sahandapeun kompiuter.

Hardware jeung software parabot keupeul teu bisa dipisahkeun. Duanana ngahiji ngawangun wangunan parabot keupeul supaya bisa dipaké kalawan sampurna. Sakumaha jalma, jalma bakal hirup lamun masih kénéh lengkep antara raga badag reujeung lelembutanana. Kitu deui reujeung parabot keupeul saperti hénpon. Dina wujud hénpon, salian ti aya wujud hénponna, di jerona aya anu ngaranna software anu ngadalikeun gawé hénpon. Hénpon nalika dipaké nelepon reujeung ngirim pésen teu leupas tina pagawéanana software anu narjamahkeun pencétan kenop-kenop angka dina kibor. Éta lamun hénponna ngan ukur dipaké pikeun nelepon reujeung ngirim pésen wungkul.

Rupa-rupa henpon pinter anu bisa ditambahan aplikasi tambahan

Ku sumebarna hénpon pinter, anu kamonésanana lain ngan ukur pikeun nelepon reujeung ngirim pésen wungkul, diperlukeun software anu bisa ngungkulan éta kamampuhan. Nalika hénpon miboga kamonésan pikeun motrét, diperlukeun ogé software anu bisa ngadalikeun kumaha carana motrét éta kaméra hénpon. Leuwih jauhna bisa ditambahan ku software anu bisa digunakeun ngatur jeung ngokolakeun hasil motrétna. Teu anéh lamun aya hénpon anu miboga kamampuhan pikeun ngarobah poto hasil motrét kaméra hénpon: ngarobah warna, ngarobah ukuran, neukteuk poto, nambahan aksara kana poto. Ieu kamonésan téh ayana dina software.

Lamun hénpon miboga kamampuhan tambahan séjénna anu bisa katempo (hardware), kudu dibarengan reujeung tambahan kamampuhan dina hal softwarena. Aya panambah pikeun bisa nyetél lagu (dekoder/enkoder MP3 jeung sapeker), diperlukeun tambahan kamampuhan pikeun ngokolakeun lagu. Pon kitu deui reujeung tambahan-tambahan séjénna. Hal ieu geus jadi kawajiban anu nyieun hénpon pikeun nyadiakeun (nyieun atawa meuli) softwarena pikeun ngadalikeun hénpon jieunana. Sahanteuna software standarna.

Kamonésan hénpon, utamana hénpon pinter, anu ngaleuwihan ti kamonésan hénpon biasa merlukeun ogé kadali software anu leuwih alus jeung miboga kamonésan anu leuwih hadé ogé. Kamonésan hénpon anu leuwih, jadi kasempetan pikeun urang luar di luar pabrik anu nyieun hénpon pikeun nyieun software tambahan pikeun ngamangpaatkeun éta kamonésan tambahan. Hal ieu dirojong ku kamonésan hénpon anu bisa dipasang (diinstal) software tambahan. Pikeun ngamangpaatkeun kamonésan kaméra hénpon, bisa ditambahan aplikasi anu jalan dina hénpon pikeun ngokolakeun poto anu leuwih alus tibatan bawaanana pabrik anu nyieun hénponna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Mikawanoh Tablét


Tablét?

Tablét di dieu mah lain tablét anu wujudna obat anu bisa dibeuli di warung. Tablét anu dimaksud di dieu mah mangrupakeun ngaran pikeun hiji jinis kompiuter. Tablét atawa bisa disebut ogé kompiuter tablét mangrupakeun hiji jinis kompiuter anu bisa dibabawa ka mamana (bisa dijingjing), anu wangunanana leuwih gedé tibatan hénpon atawa PDA. Cara ngagunakeun atawa cara makéna ieu kompiuter mah ngaliwatan layar ku jalan dicabak henteu maké kibor (keyboard). Pikeun gaganti kibor, biasana mah osok aya kibor implengan dina layarna. Pikeun nyabak layarna bisa maké ramo leungeun, bisa oge make stailus (stylus: rupana siga pulpen ngan euweuh mangsian).

Sanajan kalolobaanana maké layar monitor pikeun interaksi antara anu maké reujeung kompiuter tablétna, tapi henteu diwawatesanan kudu kitu. Kompiuter tablét biasana mah miboga cocolok USB pikeun narima input ti anu maké anu mangrupa kibor. Kadang aya ogé tablét anu nerapkeun kibor anu bisa digésér, atawa kibor anu diteundeun dina layar kadua (dina hiji tablét aya dua layar).

Wujud tablet iPad kaluaran Apple

Sajarahna tablét dimimitian ku jieunan Alan Kay anu dingaranan Dynabook dina taun 1968. Dynabook mangrupakeun alat elektronik anu bisa dibabawa ka mamana anu masih kénéh dina wangunanan réka-réka. Tablét anu sabenerna mah kaluar dina taun 2000-an anu dijieun ku Microsoft anu dingaranan Micosoft Tablet PC. Ngan kompiuter jinis ieu masih kurang ditarima ku pasar, Microsoft teu bisa ngajual tablét kalawan loba. Kompiuter tablét kakara sumebar atawa mabahu waktu Apple ngaluarkeun kompiuter tablét anu dingaranan iPad dina taun 2010. Kompiuter tablét iPad mah langsung loba anu meuli.

Kamonésan kompiuter tablét salian ti miboga kamampuhan sakumaha kompiuter biasa, ditambah ogé ku kamampuhan tambahan diantarana nyambung ka internét maké jaringan teu maké kabel, bisa dipaké nelepon, pituduh GPS, bisa dipaké moto jeung ngarékam pideo, beuratna hampang (kurang leuwih sakilo nepikeun ka sakilo satengah) kalawan umur batréna bisa nepikeun ka sapuluh jam. Kusabab kitu, kamampuhan tablét téh bisa disebutkeun jadi cukang antara laptop reujeung hénpon pinter.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Notes Gadget, Pakakas Nyatet Catetan Basajan dina Desktop Gadget


Notes Gadget mangrupakeun hiji pakakas atawa aplikasi anu bisa digunakeun pikeun nyatet catetan anu basajan. Ieu pakakas paranti nyatet téh sarua waé jeung Sticky Notes biasa bawaanana Windows. Ngan anu ngabédakeunana téh Sticky Notes anu ieu mah bisa diteundeun dina layar monitor palebah sisi (sidebar) paranti neundeunan Gadget. Jadi, Sticky Notes ieu mah henteu diteundeun dina Tray Icon atawa Taskbar.

Sticky Notes

Salian ti éta, Sticky Notes anu ieu mah lamun loba lambaranana anu ditumpuk. Ngan ukur hiji lambaran anu bisa ditempo. Lamun lambaranana leuwih ti hiji, henteu bisa dijajarkeun. Pikeun pindah ka lambaran anu séjén téh kudu pindah ka lambaran saterusna atawa saméméhna heula. Pilihan jinis aksarana leuwih saeutik, ngan ukur aya tilu pilihan.

Sakumaha ngaranna, Notes Gadget diteundeun dina lebah sidebar anu bisa ditempo dina layar anu leur kosong (dina modeu déstop). Cicingna (tempatna) moal robah-robah ka mamana lamun henteu dipaksa robah. Pon kitu deui gedéna. Ngan aya dua ukuran, leutik jeung rada gedé (sakumaha ukuran gadgét séjénna).

Pikeun anu mikabutuh ieu pakakas, bisa ngundeur ti alamat http://cdn.ithinkdiff.com/wp-content/uploads/Notes.gadget.

Masang Linux dina Kompiuter Lenovo G450


Geus usumna pikeun nyobaan langsung maké Linux. Sanajan henteu bisa leupas tina Windows, sahanteuna lamun Linux-na aya mah bisa sakali-kali nyobaan éta Linux. Lamun perlu nyoba Linux, kari asup kana jero Linux. Lamun perlu nanaon anu aya dina Windows kari asup kana Windows. Kusabab kitu, dina hiji kompiuter téh (kudu) bisa diteundeunan dua sistem: Windows jeung Linux. Da cenah duanana bisa cicing babarengan dina hiji tempat sanajan henteu bisa jalan bareng. (Bisa ketang jalan bareng ogé ngan masangna maké mesin implengan Virtual).

Dina sistem operasi Windows mah taya pilihan anu mararodel. Tinggal milih anu pangahirna atawa pangalusna (Windows 7). Ngan dina palebah milih sistem operasi Linux mah henteu gampang. Loba piliheun dina Linux mah. Piliheunana lain hiji dua tapi loba. Pilihan utamana ngeunaan anu nyebarkeunana atawa distro-na. Loba distro Linux anu sumebar, diantarana waé Debian, Red Hat, Slackware, jeung anu séjénna. Katambah deui tina masing-masing distro téh miboga rundayan masing-masing. Tina Debian ogé mucunghul Knoppix, Ubuntu, Zen Linux, Dreamlinux, jeung réa-réa deui. Pokona mah loba pilihan dina Linux mah.

Kompiuter Lenovo G450

Lobana pilihan téh bisa nyababkeun bingung kudu milih anu mana. Kudu masang Linux anu mana dina kompiuter téh? Linux anu kumaha anu cocog reujeung kahayang. Nya ahirna mah nyobaan waé sababaraha hiji distro Linux anu bisa disebutkeun loba anu makéna. Diantara anu pernah dicoba dipasang téh: Fedora, openSuse, Ubuntu, Sabayon, Mandriva, LinuxMint. Tina anu pernah dicoba, aya sababarah rundayan distro anu bisa dipasang. Kabeneran kompiuterna sigana mah henteu cocog reujeung Linux kaluaran anyar, jadi waktu dipasang Linux anu anyar téh kompiuterna siga anu cicing. Anu bisa dipasang téh Linux anu kaluarna tiheula saperti openSuse 11.3, Ubuntu 10.04, LinuxMint 9, Sabayon 5, jeung Fedora Core 13. Tina éta rundayan distro anu bener-bener bisa dipasang téh ngan openSuse 11.3, Ubuntu 10.04 katut LinuxMint 9. Masang Sabayon mah kalahka jadi masalah kana MBR kompiuterna, sedengkeun Fedora 13 mah henteu labas nepi ka tungtung (pugag di tengah jalan).

Ngan ukur catetan, spésipikasi kompiuter anu dipakéna: Lenovo G450, Prosesor Intel Core 2 Duo T6600, RAM 2GB, Chipset Intel G45PM, Layar 14 inci 1366×768.

Milih Notbuk (Notebook) atawa Nétbuk (Netbook)?


Dina widang kompiuter anu bisa dibabawa ka mamana, sahanteuna aya dua pilihan: nétbuk jeung notbuk (léptop). Jadi dina meuli kompiuter éta sahanteuna aya dua pilihan. Kompiuter anu mana atuh anu kudu dibeuli nalika merlukeun kompiuter anu bisa dibabawa ka mamana? Dina milihna, biasana mah gumantung kana pangabutuh anu meulina.

Bedana notbuk jeung netbuk
  1. Ukuran jeung beuratna. Nétbuk mah leuwih hampang jeung gampang dibabawana. Kalolobaan nétbuk, miboga ukuran layar 10 inci katut kibor anu leuwih leutik. Beuratna henteu leuwih ti 4 pon atawa kira-kira 64 on. Sedengkeun ari notbuk, ukuranana rupa-rupa. Aya notbuk anu ukuranana 12 inci nepikeun ka 20 inci. Lamun pikeun kaperluan nongton pilem dina layar anu gedé, notbuk mangrupakeun pilihan anu alus. Sedengkeun lamun mikahayang anu leuwih gampang jeung hampang mamawana, nétbuk jadi pilihan.
  2. Ngaranjah loka/wéb. Nétbuk dijieun pikeun internétan. Nétbuk dibekelan paranti nyambung kana WiFi jeung internétan ngaliwatan kabel. Pon kitu deui notbuk, miboga kamonésan anu sarua. Anu ngabédakeunana téh kamampuhan dina mapayan loka/internét. Notbuk mah kamampuhanana leuwih alus tibatan nétbuk kusabab dirojong ku gedéna mémori anu ngaleuwihan nétbuk.
  3. Kaméra wéb (webcam). Kalolobaan nétbuk miboga webcam, mik, spiker. Pon kitu deui notbuk. Jadi lamun mikabutuh webcam pikeun ngobrol ngaliwatan internét, duanana bisa dipaké.
  4. Drive sidi/dipidi (CD/DVD). Lamun ngabutuhkeun dive CD/DVD ulah milih nétbuk, kusabab nétbuk mah euweuh anu miboga drive CD/DVD. Ampir kabéh notbuk dibarengan ku drive CD/DVD.
  5. Gedéna tempat nyimpen. Gedéna tempat neundeun (hardis) pikeun nétbuk paling gedé 160 GB, sedengkeun notbuk mah biasana kira-kira 500 GB atawa leuwih. Jadi lamun mikabutuh tempat neundeun anu gedé, alus kénéh milih notbuk tibatan nétbuk.
  6. Kamampuhan. Kabéhanana ogé pada satuju lamun kamampuhan notbuk leuwih alus tibatan nétbuk.
  7. Harga. Kalolobaan nétbuk dihargaan kurang ti 4 jutaan, sedengkeun notbuk hargana ti mimiti 4 jutaan. Jadi lamun miboga duit anu saeutik, leuwih hadé milih (meuli) nétbuk.
  8. Software. Kalolobaan nétbuk dibekelan Windows XP atawa Windows 7. Kalawan ditambahan ku kamampuhan pikeun ngetik tulisan: nulis surat, catetan leutik. Nétbuk mah teu bisa dipaké pikeun ngokolakeun pidio atawa grapik.
  9. Pikeun budak. Lamun milih kompiuter pikeun budak, nétbuk geus cukup. Ulah meuli kompiuter anu mahal-mahal teuing pikeun budak mah.
  10. Pikeun kolot. Lamun hayang bisa ngobrol leuwih deukeut reujeung kolot ngaliwatan internét, bisa maké nétbuk. Teu kudu milih notbuk.
  11. Dina milih nétbuk, taliti heula umur batréna. Umur makéna batré bisa rupa-rupa. Umur makéna batré anu panglilana dina sakali ngecas, aya anu nepikeun ka 10 jam.

(Dicutat kalawan diropéa ti http://www.ehow.com/, gambar meunang nginjeum ti http://affineontech.com/)

Saméméh Milih Kompiuter Léptop (Laptop)


Danget ayeuna mah anu ngaranna léptop téh beuki mahabu, ampir nyaruaan kana kompiuter déstop. Beuki loba anu mikaresep jeung merlukeun léptop anu dipaké pikeun gawé katut kaperluan séjénna, ngagentian kompiuter déstop. Hal ieu téh kusabab pangabisa kompiuter léptop anu geus ampir sarua reujeung kompiuter déstop biasa, ditambah deui ku bisa dibabawa ka mamana kalawan gampang. Ayeuna mah kompiuter léptop dirarancang jeung dijieun pikeun bisa ngagentian kompiuter déstop. Kusabab kitu, geus teu jamanna deui kudu milih kompiuter déstop pikeun marengan pagawéan atawa kaperluan séjénna. Dina milih kompiuter léptop aya sababaraha hal anu kudu dititénan saméméhna.

Kompiuter leptop
  1. Ukuran jeung beuratna. Dina milih kompiuter léptop, anu ngaranna ukuran jeung beurat téh kacida pentingna. Ukuran léptop biasana mangaruhan kana kamonésan katut komponén anu aya di jerona. Ukuran anu leuwih leutik saperti nétbuk, miboga kamampuhan anu diwatesan ku ukuran saperti euweuhna drive sidi/dipidi (CD/DVD). Kamampuhanana ogé kurang pisan lamun dibandingkeun reujeung kompiuter déstop. Léptop anu rada gedé jeung rada ampeg, miboga kamampuhan anu ampir nyaruaan kana kamampuhan kompiuter déstop. Pilih ukuran jeung beurat anu cocog.
  2. Prosesorna. Prosesor kompiuter léptop mah biasana leuwih alon tibatan prosesor kompiuter léptop. Jinis kamampuhan prosesor anu aya dina léptop dumasar kana ukuran jeung mangpaat léptopna. Kamampuan prosesor léptop biasana mah mangaruhan kana kakuatan atawa umur batréna. Kusabab kitu pariksa jinis prosesor katut kamampuhan (gancangna) prosesor anu diterapkeun dina léptop.
  3. Mémorina. Kompiuter léptop miboga diwatesanan ku jumlah mémori. Tempat nancebkeun mémorina ngan saeutik. Kusabab kitu, pariksa heula jumlah slot mémori anu disadiakeunana katut kapasitas mémori panggedéna anu bisa diselapkeun kana léptop. Naha aya slot anu disésakeun pikeun nambahan mémori atawa henteu.
  4. Layar jeung pidio. Pidio dina kompiuter léptop mangrupa display (layar) reujeung prosesor pidio. Display ditangtukeun ku ukuran katut résolusina. Layar anu leuwih gedé miboga resolusi anu leuwih gedé ogé. Tapi bakal mangaruhan kana gampangna mamawa (bakal leuwih beurat). Layar anu panjang ka sisi (wide screen) geus jadi standar pikeun kompiuter léptop ayeuna. Kamampuhan pidio kompiuter léptop dina hal grapik 3D jeung muter pidio kualitas alus dipangaruhan ku prosesor grapikna.
  5. Drive-na. Drive mangaruhan kana gedéna kapasitas tempat neundeun data jeung program dina kompiuter. Drive mangrupa hardis jeung drive sidi/dipidi. Hardis mah geus biasa ayana dina unggal kompiuter. Anu ngabédakeun téh gedé kapasitasna. Leuwih gedé kapasitasna, leuwih alus. Salian ti kapasitas anu gedé, kudu ditempo ogé gancangna muter éta hardis (RPM). Leuwih gancang leuwih alus. Salian ti hardis, ogé ayana drive sidi/dipidi leuwih alus. Drive dipidi anu ngarojong lapisan ganda (dual layer) leuwih alus.
  6. Pakakas jaringanana. Kamampuhan pikeun nyambung ka jaringan geus jadi standar pikeun léptop jaman ayeuna. Biasana, pakakas anu diayakeun téh Fast Ethernet jeung WiFi. Standar WiFi sahanteuna téh standar 802.11b/g. Tambahan modem pikeun nyambung kana jaringan leuwih lega, jadi pilihan tambahan.
  7. Umur batré. Umur batré anu aya dina kompiuter léptop mangaruhan kana lilana maké kompiuter. Leuwih lila umurna, leuwih alus, supaya bisa dipaké rada lila sanajan henteu nyambung kana colokan listrik. Téangan kompiuter léptop anu miboga umur batré sahanteuna 2 jam pikeun dipaké normal. Ulah nepikeun ka kurang ti sakitu.
  8. Garansi. Kompiuter léptop mah leuwih gampang ruksak kusabab gampangna dibabawa. Nalika milih kompiuter léptop, pilih kompiuter léptop anu méré garansi langsung ti pabrikna sakurang-kurangna sataun lilana. Malahan mah lamun kompiuter léptop anu dipakéna kalawan digeder terus-terusan, leuwih hadé deui lamun miboga garansi nepikeun ka tilu taun.

(Dicutat ti kalawan diropea ti http://compreviews.about.com)