In The Dead End?

3 02 2010

Hibar layung koneng belah kulon
Matak waas ku endahna
Matak sedih di tungtung poe
Sedih bakal paturay jeung poe ieu
Sedih bakal ngalaman poekna peuting
Sedih kumaha nasib poe isukan
Isukan anu kumaha?
Naha bakal tetep kieu? Atawa bakal aya harepan anyar?
Naha isukan anu tetep dikawasa ku poe ieu?
Atawa isukan anu dikawasa ku poe isukan?

Dicutat ti http://www.facebook.com/?ref=home#!/note.php?note_id=151830331893





Ranggeuyan Rasa

1 02 2010

Dina ranggeuyan rasa anu heman
Aya tali rasa anu nganteng
Nganteng ka tuntung deuleu
Di saha atuh jeung di mana tungtungna

Saha atuh anu ngeundeuk-ngeundeuk ieu rasa
Ranggeuyan nepi ka eundeuk-eundeukan
Gugupay teuing ka saha
Gugupay kanu nyangreudkeun tali

Ulah nepikeun ka tarik teuing
Ulah nepikeun ka lila teuing
Ulah tarik teuing nyangreudkeunana
Ulah nyan ukur ngalelewang rasa

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/#/note.php?note_id=151569861893)





Pileuleuyan

1 02 2010

Hiliwirna angin peuting, ngadalingding mawa
Reumbayna cimata bungah, mapag laksana sapaneja
Teuteup geugeut matak deudeuh beuki maneuh
Gap panangan matak nyeblak kana dada
Rep hate asa aya anu mepende, matak rehe, beuki simpe

Pileuleuyan mangsa katukang
Tinggalkeun sugan titeuleum
Pray buyar medar ka alam tatar
Cag puragkeun rereged hate

(Nyutat ti http://www.facebook.com/note.php?note_id=142542746893)





Istilah dina Tatanen

26 01 2010

Dina widang tatanen aya istilah-istilah anu remen dipake. Istilah-istilah anu osok dipake dina tatanen di kebon diantarana wae:

  1. Ngabukbak. Muka kebon atawa leuweung anu masih keneh loba tatangkalan pikeun dijadikeun lahan anu bakal dipelakan atawa dipake tatanen.
  2. Ngabaladah. Memener tempat atawa lahan anu arek dijadikeun tempat tatanen.
  3. Nyacar. Meresihan lahan anu arek dijadikeun tempat tatanen tina jujukutan jeung tatangkalan.
  4. Babad. Sarua jeung nyacar. Bedana, mun babad mah biasana make bedog, sedengkeun nyacar mah biasana make congkrang atawa arit.
  5. Ngahuru. Meuleuman tatangkalan meunang nyacar atawa babad.
  6. Ngadurukan. Meuleuman jukut jeung tatangkalan sesa ngahuru nepikeun ka beresih.
  7. Macul. Ngolah taneuh supaya lalempur kucara dipancongan make pacul.
  8. Ngawuluku. Ngolah taneuh ku jalan make tanaga sapi anu narik wuluku.
  9. Nemprang. Ngarempu-rempukeun taneuh anu masih keneh guluntungan meunang macul. Biasana make pacul.
  10. Ngarag. Miceunan sabangsaning akar-akaran tina taneuh meunang macul atawa nemprang.
  11. Ngaseuk. Nyieunan liang dina taneuh make aseuk (tongkat anu tungtung handapna diseukeutan) pikeun dipelakan bibinihan sabangsaning suuk atawa pare.
  12. Muuhan. Ngasup-ngasupkeun binih pepelakan kana liang meunang ngaseuk.
  13. Ngamalir. Nyieun jalan cai di kebon supaya ulah ngaganggu kana pepelakan.
  14. Ngagemuk. Merean gemuk kana pepelakan.
  15. Nyaangan. Ngalaanan jujukutan anu minuhan kebon anu dipelakan.
  16. Ngoyos. Sarua jeung nyaangan.
  17. Ngored. Miceunan jujukutan ti kebon make kored.
  18. Nyemprot. Ngabasmi hama pepelakan make panyemprot.
  19. Tunggu. Ngajaga kebon supaya ulah aya anu ngaganggu.
  20. Panen. Ngala pepelakan anu geus umurna diala.

Sedengkeun istilah anu osok dipake di lahan anu baseuh atawa sawah diantarana wae:

  1. Ngawuluku. Ngolah taneuh sawah make wuluku anu ditarik ku sapi atawa munding.
  2. Tebar. Nyieun pabinihan atawa melakeun binih saacanna dipindahkeun ka tempat melakna (sawah).
  3. Tandur. Melakeun binih pare ti tempat tebar ka sawah.
  4. Ngarambet. Miceunan jukut anu minuhan sawah supaya ulah ngaganggu pelak pare.
  5. Beuneur hejo. Kaayaan pare anu geus eusian tapi masih keneh warna hejo.
  6. Beuneur koneng. Kaayaan pare anu geus meujeuhna alaeun, geus beuneur atawa aya eusian jeung geus warna koneng.
  7. Dibuat. Ngala pare anu geus usumna diala.




Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong

26 01 2010

Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Eta bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna.

Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.”

Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji.

Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.

Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun.

“Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran.

Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!”

Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.

Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek. Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna kadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni.

Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean teh, Sakadang Bagong?” cek Sakadang Maung bari jungang-jengong.

Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge, ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.”

Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun. Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna.

Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge manehna kahutangan budi.

Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang Bagong.