Rupa-rupa Pakakas pikeun Nyieun Rupa-rupa Aplikasi Mobile


Mekarna rupa-rupa parabot keupeul (hénpon) dibarengan reujeung mekarna rupa-rupa sistem operasi anu dipelak dina unggal parabot keupeul. Béda parabot keupeul bisa waé miboga sistem operasi anu béda. Antara hiji jinis hénpon reujeung jinis hénpon anu séjén, miboga sistem operasi anu béda. Bédana sistem operasi ieu nyababkeun unggal parabot keupeul (hénpon) miboga kamonésan, kamampuhan jeung pasipatan anu béda-béda. Atuh pikeun anu arék nyieun aplikasi mobile téh mikabutuh pakakas pikeun nyieun aplikasi mobile anu ngawengku sakabéh sistem operasi. Supaya dina sakali nyieun aplikasi mobile téh bisa diterapkeun (dipasang) dina unggal hénpon anu béda-béda sistem operasina. Henteu kudu susah-susah nyieun aplikasi anu béda-béda pikeun unggal sistem operasi.

Pakakas pikeun ngawangun aplikasi mobile dina rupa-rupa henpon
Pakakas pikeun ngawangun aplikasi mobile dina rupa-rupa henpon

Untungna ayeuna geus aya anu nyadiakeun pakakas anu bisa dipaké nyieun aplikasi mobile pikeun rupa-rupa hénpon/sistem operasi. Aya sababaraha pakakas anu geus kawentar kalawan sadia di mandala maya, kari ngundeur waé.

  1. RhoMobile, mangrupakeun salasahiji rangkay gawé anu dumasar kana Ruby. Ieu pakakas bisa digunakeun ku anu nyieun aplikasi mobile anu diancokeun husus (native) anu ngawengku rupa-rupa sistem operasi dina hénpon saperti Android, Windows Mobile, Symbian, iPhone katut RIM. Rangkay gawé anu dipedalkeun ku RhoMobile ieu bisa dipaké pikeun nyieun aplikasi mobile anu bisa dijalankeun dina rupa-rupa hénpon. Sakali nyieun aplikasi mobile, éta aplikasi anu dijieunna bisa dipaké dina sababaraha jinis hénpon anu béda-béda sistem operasina.
  2. PhoneGap, bisa dipaké pikeun nyieun aplikasi dina parabot keupeul Android, Palm, Symbian, BlackBerry, iPhone, iTouch jeung iPad. Pakakas ieu ngagunakeun basa anu osok dipaké dina nyieun aplikasi loka/web standar saperti HTML jeung JavaScript. PhoneGap bisa dipaké pikeun nyieun aplikasi mobile anu ngaksés kamonésan hardware saperti accelerometer, GPS/lokasi, kaméra, sora jeung sajabana.
  3. Appcelerator, bisa disebut ogé Titanium Development Platform anu dikaluarkeun ku Appcelerator. Ieu pakakas bisa dipaké pikeun ngawangun aplikasi mobile, tablet ogé aplikasi desktop ngaliwatan basa pemrograman web saperti HTML, PHP, JavaScript, Ruby jeung Python. Cenah mah, aplikasi anu dijieun maké ieu pakakas bisa nepikeun ka 1000 aplikasi dina sabulanna. Kapinunjulan ieu pakakas mah nyaéta anu makéna bisa ngaksés 300 informasi API jeung lokasi. Salian ti éta ogé aya panambahna, nyaéta: event/kajadian dina aplikasi bisa diobah-obah, aplikasi anu dijieunna bisa dumasar kana hardware sacara langsung, katut data anu diperlukeun ku aplikasina bisa diteundeun di parabot keupeulna langsung atawa di cloud.
  4. MoSync, mangrupakeun pakakas pikeun ngawangun aplikasi mobile anu dumasar kana pemrograman web standar. Ieu pakakas bisa dipaké ku anu ngawangun aplikasi kalawan ngawengku kana compiler, librari, runtime, device profile jeung parabot séjénna anu loba gunana. Salian ti ngarojong basa pemrograman JavaScript, PHP, Ruby, Python jeung nu séjénna, MoSync ogé ngarojong basa C/C++. MoSync bisa dipaké pikeun nyieun aplikasi mobile dina sistem operasi Windows Mobile, Windows Phone, iOS, BlackBerry, Android, Symbian, Moblin jeung sababaraha sistem operasi Linux pikeun parabot keupeul.

(Dicutat ti about.com, gambar meunang nginjeum ti mosync.com)

Windows Phone SDK 8.0 pikeun Nyieun Aplikasi dina Windows Phone 8.0


Salian ti ngaluarkeun sistem operasi pikeun hénpon pinter Windows Phone 8, Microsoft ogé sakaligus medalkeun pakakas anu gunana pikeun nyieun aplikasi anu bari dijalankeun dina éta sistem operasi hénpon pinter. Pakakas anu disebut disebut Windows Phone SDK 8.0 ieu, bisa dipaké pikeun nyieun aplikasi anu bisa dijalankeun dina Windows Phone pérsi 8 ogé pérsi saméméhna (WP7).

Windows Phone SDK 8.0 pikeun nyieun aplikasi dina Windows Phone 8.0
Windows Phone SDK 8.0 pikeun nyieun aplikasi dina Windows Phone 8.0

Ngan hanjakal, nurutkeun spésipikasi anu dikaluarkeun ku Microsoft, pikeun bisa masang ieu pakakas, komputer anu dipakéna kudu geus dipasangan sistem operasi entragan anyar, Microsoft Windows 8. Ieu pakakas henteu bisa dipaké dina komputer Windows 7 reujeung sahandapeunana. Salian ti kudu maké komputer kalawan sistem operasi Windows 8, ogé kudu miboga mémori RAM anu gedéna 4GB, kalawan arsitektur prosésorna 64-bit.

Pikeun bisa ngajalankeun Emulatorna (ngajalankeun aplikasi jieunan dina rupa hénpon asli), aya tambahan anu kudu dicumponan, nyaéta pérsi Windows 8-na sahanteuna kudu entragan Windows 8 Pro kalawan prosésor anu dipakéna miboga kamonésan SLAT (Second Level Address Translation). Anu mikabutuh ieu pakakas bisa ngundeur di alamat Download SDK.

Kumaha atuh pikeun anu ngan ukur miboga komputer Windows 7? Wayahna waé kudu naékeun spésipikasi komputerna heula, kakara bisa ngajalankeun ieu pakakas. Kitu nurutkeun inpo sawatara ayeuna anu katarima.

(Gambar meunan nginjeum ti igyaan.in)

Bagaimana Memilih Kartu Video


Komputer pribadi yang ada saat ini tidak dapat dipisahkan dari yang namanya komponen kartu video atau kartu VGA. selain fungsinya sebagai perantara antara CPU dengan monitor, komponen kartu video telah berkembang sebagai komponen pengolahan data, khususnya data visual atau grafik. Dan dengan berkembangnya dunia game komputer pribadi (PC), kartu video sangat menentukan kualitas dari sebuah komputer, di samping komponen lainnya. Jika dibandingkan fungsinya dengan fungsi kartu video terdahulu, maka ada perubahan fungsi dari kartu video ini.

Di pasaran, beredar berbagai macam merk dan jenis kartu video, dengan berbagai level kinerja dan peruntukannya. Ada kartu video yang khusus untuk kalangan bawah (low end) yang fungsinya terbatas, ada juga untuk kalangan menengah (mainstream) dan kalangan atas atau pencandu game (enthusiast) dengan kinerja yang menakjubkan. Sehingga dalam memilih kartu video harus memperhatikan berbagai hal, mulai dari kinerja yang diinginkan sampai dengan wujud kartu videonya.

Kartu video (Sumber foto: http://www.sapphiretech.com//images/product/gallery/0344/344_20100430_6949.jpg)

Dalam memilih (membeli) kartu video, ada beberapa hal yang harus diperhatikan sebelumnya. Hal-hal yang perlu diperhatikan adalah:

  1. Jenis slot ekspansi yang digunakan pada motherboard
  2. Jenis output video yang dibutuhkan sesuai dengan monitor yang digunakan
  3. Generasi kartu video yang dibutuhkan
  4. Kompatibilitas dengan Sistem Operasi (Windows atau Linux, atau sistem operasi yang digunakan lainnya)
  5. Besaran memori grafik (RAM Video) yang dibutuhkan
  6. Pastikan ukuran kartu video sesuai dengan casing komputer yang digunakan
  7. Akankah menjalankan beberapa kartu video berpasangan (tandem)
  8. Keseuaian dengan komponen lainnya dalam komputer
  9. Kesesuian dengan dana yang tersediakan