Pagelaran Sandiwara Rakyat Haréwos Goib ti Téater Sunda Kiwari


Pagelaran Sandiwara Rakyat Haréwos Goib ti Téater Sunda Kiwari
Pagelaran Sandiwara Rakyat Haréwos Goib ti Téater Sunda Kiwari

Nincak 39 taun ngadegna Téater Sunda Kiwari, ieu Téater baris ngayakeun pagelaran Sandiwara Rakyat anu dijejeran Haréwos Goib. Pagelaran sandiwara ieu baris lumangsung salila lima poé noron, mimiti ping 22 Januari nepikeun ka ping 26 Januari 2014. Kalawan tempat diayakeunana di Gedong Kasenian Ruméntang Siang di Jalan Baranang Siang No. 1 Kosambi dayeuh Bandung. Waktuna ti mimiti jam salapan isuk-isuk nepikeun ka jam tilu pasosoré.

Sandiwara Haréwos Goib ieu mangrupakeun pagelaran anu dumasar kana naskah yasana Yoseph Iskandar katut pangatur lalakonna HR. Dodi P. Danusubrata. Lumayan loba pamaén anu ngarojong kana ieu pagelaran, bisa dititénan dina daptar pamaén anu ilubiungna.

Tingkesanana
Tingkesanana

Nurutkeun ringkesan anu dipintonkeun mah cenah ieu sandiwara téh nyaritakeun ngeunaan kahirupan gegedén di wewengkon Kadaleman Kuwung-kuwung nalika aya dina kakawasaan Walanda. Harita téh aya béja ti Batawi (haréwos goib) yén gegedén anu nyangking kalungguhan di ieu Kadaleman bakal diganti. Dina palebah dieu raména téh, saha anu baris ngagantikeunana. Saterusna mah, leuwih hadé dibandungan waé pagelaran sandiwarana.

(Gambar meunang nginjeum ti akun Instagram asukmawandhani jeung loka Teater Sunda Kiwari)

Rajaban, Ngayakeun Acara Intihan


Ti buritna keneh barudak teh geus haget pisan pikeun nyinghareupan malem minggu. Panggung pikeun pentas geus ngajuglug di gigireun masigit. Toa jeung sapeker geus dipasang di deukeuteun panggung. Korsi ngajalajar di hareupeun panggung. Sedengkeun sababaraha urang ibu-ibu eukeur siap-siap kupruk-keprek di dapur imahna Mang Ahmad, nyiapkeun dahareun pikeun peuting.

Nya peuting ayeuna teh apanan bakal diayakeun acara intihan barudak ngaji. Dina raraga ngareuah-reuah poean Rajaban, barudak ngaji teh geus biasa ngayakeun acara intihan, anu dijerona teh dieusi ku acara mintonkeun kamonesan barudak ngaji. Barudak ngaji dibere tugas sewang-sewangan, aya anu dibere tugas pikeun sisindiran, pidatoan, nadoman, maca sajak katut sandiwara. Aya oge anu bagean maca surat tina Juzamma anu geus diapalkeun.

Kabehanana oge pikeun nyiapkeun acara peuting ayeuna, malem minggu. Barudak anu osok ngaraji jeung geus ngalaksanakeun latihan mah, mani sumanget pisan nyinghareupan malem ayeuna teh. Da dina malem ayeuna maranehna bakal mintonkeun kabisa jeung kamonesanana sewang-sewangan. Bakal mintonkeun hasil latihan salila kurang leuwih sabulan. Maranehna bakal naek ka panggung, anu bakal dilalajoanan ku urang lembur, hususna ku kolotna. Maranehna bungah yen geus bisa mintonkeun dirina, yen dirina geus bisa cumarita atawa sahanteuna bisa nangtung di luhur panggung bari dilalajoanan ku jalma rea. Nya, anu ngarasa era mah, pasti aya. Ngan lolobana mah da hayang gera naek, hayang gera naek. Pangpangna hayang gera rengse. Da geus rengse mah biasana osok gancang dibagi pincuk.

Waktu nyerelek teu bisa dipondah deui.

Sanggeus wanci Insya, sanggeus barudak rengse ngalaksanakeun solat Isya, nya prung wae atuh acara Intihan teh dimimitian. Sanggeus acara bubuka, diteruskeun kana pintonan barudak. Pintonanana rupa-rupa, aya anu sisindiran, pidatoan, nadoman, sajak, jeung sandiwara. Si Acim, si Duyeh, si Omon oge teu tinggaleun, mintonkeun bageanana. Si Acim bagean sisindiran, ari si Duyeh mah kabagean nadoman, sedengkeun si Omon kabagean pidatoan.

Barudak keur pentas dina Intihan

Atuh, kolot-kolotna anu baroga budak jeung budakna bisa naek ka panggung teh, kacida barungahna. Barudakna geus bisa mintonkeun kamampuhanana, kabisana. Teu saeutik kolot anu ngalungan duit ka panggung waktu budakna naek ka panggung.
Kira-kira nincak waktu jam 11 peuting, acara intihan teh rengse. Atuh barudak teh langsung muru ka emper masigit pikeun nyokot pincuk. Sanggeus kabagean kabehanana, nya dalahar balakecakan.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.kompasiana.com/)