Rajaban, Ngayakeun Acara Intihan


Ti buritna keneh barudak teh geus haget pisan pikeun nyinghareupan malem minggu. Panggung pikeun pentas geus ngajuglug di gigireun masigit. Toa jeung sapeker geus dipasang di deukeuteun panggung. Korsi ngajalajar di hareupeun panggung. Sedengkeun sababaraha urang ibu-ibu eukeur siap-siap kupruk-keprek di dapur imahna Mang Ahmad, nyiapkeun dahareun pikeun peuting.

Nya peuting ayeuna teh apanan bakal diayakeun acara intihan barudak ngaji. Dina raraga ngareuah-reuah poean Rajaban, barudak ngaji teh geus biasa ngayakeun acara intihan, anu dijerona teh dieusi ku acara mintonkeun kamonesan barudak ngaji. Barudak ngaji dibere tugas sewang-sewangan, aya anu dibere tugas pikeun sisindiran, pidatoan, nadoman, maca sajak katut sandiwara. Aya oge anu bagean maca surat tina Juzamma anu geus diapalkeun.

Kabehanana oge pikeun nyiapkeun acara peuting ayeuna, malem minggu. Barudak anu osok ngaraji jeung geus ngalaksanakeun latihan mah, mani sumanget pisan nyinghareupan malem ayeuna teh. Da dina malem ayeuna maranehna bakal mintonkeun kabisa jeung kamonesanana sewang-sewangan. Bakal mintonkeun hasil latihan salila kurang leuwih sabulan. Maranehna bakal naek ka panggung, anu bakal dilalajoanan ku urang lembur, hususna ku kolotna. Maranehna bungah yen geus bisa mintonkeun dirina, yen dirina geus bisa cumarita atawa sahanteuna bisa nangtung di luhur panggung bari dilalajoanan ku jalma rea. Nya, anu ngarasa era mah, pasti aya. Ngan lolobana mah da hayang gera naek, hayang gera naek. Pangpangna hayang gera rengse. Da geus rengse mah biasana osok gancang dibagi pincuk.

Waktu nyerelek teu bisa dipondah deui.

Sanggeus wanci Insya, sanggeus barudak rengse ngalaksanakeun solat Isya, nya prung wae atuh acara Intihan teh dimimitian. Sanggeus acara bubuka, diteruskeun kana pintonan barudak. Pintonanana rupa-rupa, aya anu sisindiran, pidatoan, nadoman, sajak, jeung sandiwara. Si Acim, si Duyeh, si Omon oge teu tinggaleun, mintonkeun bageanana. Si Acim bagean sisindiran, ari si Duyeh mah kabagean nadoman, sedengkeun si Omon kabagean pidatoan.

Barudak keur pentas dina Intihan

Atuh, kolot-kolotna anu baroga budak jeung budakna bisa naek ka panggung teh, kacida barungahna. Barudakna geus bisa mintonkeun kamampuhanana, kabisana. Teu saeutik kolot anu ngalungan duit ka panggung waktu budakna naek ka panggung.
Kira-kira nincak waktu jam 11 peuting, acara intihan teh rengse. Atuh barudak teh langsung muru ka emper masigit pikeun nyokot pincuk. Sanggeus kabagean kabehanana, nya dalahar balakecakan.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.kompasiana.com/)

Rajaban éta Lain Naék Tarajé Waktu Peuting


“Mon kuring mah acan kabagéan kénéh. Kumaha nya…? Sieun teu apal waé kuring mah.” Ceuk si Acim ka si Omon bangun anu hariwang.

Si Omon teu némbalan. Manéhna gegereyeman waé. Ngapalkeun pidatoan jigana mah.

“Mon…?” Si Acim ngagentraan si Omon.

Si Omon tetep waé teu ngawaro.

“Ih…, ari manéh kumaha…?” Si Acim keseleun. Manéhna baeud. Ari si Omon angger ngadeluk waé ngapalkeun.

Keur kitu ngong sora Adan Maghrib ti tajug. Atuh si Omon curinghak, terus ngajak si Acim pikeun muru ka tajug. “Cim, hayu urang ka tajug. Geus Maghrib.”

“Kuring mah ka imah heula….” Témbal si Acim bari ngaléos muru ka imahna. Manéhna jiga anu keseleun kénéh ka si Omon. Ari si Omon gogodeg waé nempo paripolah babaturanana téh. Manéhna terus muru ka imahna pikeun disalin.

Sanggeus solat Maghrib reujeung wiridan, barudak téh ngarumpul jadi sababaraha riungan di jero tajug. Si Acim nyampeurkeun si Omon.

“Cim, kumaha…? Geus aya béja arék dibagi ayeuna cenah atawa henteu?” Si Omon nanya ka si Acim.

Si Acim teu langsung ngajawab.

“Manéh ambék ka kuring nya…?” Si Omon nyelok.

Si Acim ngarénghap heula. “Henteu atuh….”

“Bisi waé pédah tadi teu diwaro ku kuring.” Ceuk si Omon.

“Kumaha atuh, geus kabagéan acan…?” Si Omon nanya deui.

“Acan…, apanan tadi ogé ceuk kuring acan kabagéan kuring mah.” si Acim masih kénéh jamedud.

“Tanyakeun atuh ka Mang Ahmad.” Si Omon méré saran.

“Apanan Mang Ahmadna ogé keur sibuk kénéh, ngatur nu lian.”

“Nya tungguan waé heula atuh. Da piraku Mang Ahmad ogé pohoeun ka manéh.” Si Omon ngupahan.

Si Acim teu némbalan. Duanana terus muru ka émpér tajug. Dariuk di deukeuteun lawang panto. Si Omon neruskeun ngapalkeun pidatoanana. Sedengkeun si Acim ngahuleng. Rét manéhna ka si Omon keur anteng. Rét ka jero tajug barudak mani ramé raribut sanajan dihulag ogé. Rét ka luar, geus rada poék. Manéhna ngahuleng deui.

Teu lila manéhna nanya ka si Omon. “Mon…?”

Si Omon teu ngajawab.

“Mon…?” Si Acim deui bari noél kana kélékna.

Atuh si Omon téh ngagurubug. Manéhna ngalieuk. “Aya naon atuh…?”

“Mani husu kitu ngapalkeunana…?”

“Nya heu-euh atuh. Sugan waé gancang apal.” Témbal si Omon.

“Ari eta eusina ngeunaan naon?”

“Eusi naon…?”

“Eta…, pidatoan manéh.”

“Oh. Ngeunaan Isro’ Mi’raj.” Témbal si Omon.

Si Acim unggut-unggutan.

“Eh, heu-euh.” Si Acim asa kaingetan. “Meureunan ngeunaan naon hartina Isro’ Mi’raj nya…?

“Nya enya atuh. Kuring nerangkeun naon hartina Isro’ jeung Mi’raj.” Si Omon asa agul kana eusi pidatoanana.

“Naon atuh hartina?” Si Acim hayangeun apal. Teuing api-api teu apal.

“Isro’ téh hartina mah miang ti peuting. Sedengkeun Mi’raj téh naék ka luhur….” Si Omon nerangkeun. Ngan omonganana teu kebat, da kaburu kapotong ku si Acim.

“Ngarti atuh lamun kitu mah.” Ceuk si Acim. “Isro’ Mi’raj téh naék tarajé dina waktu peuting nya…?”

“His, lain atuh!” Si Omon ngagebés pamanggih si Acim.

Taraje

“Apanan tadi Mi’raj téh naék lain…? Apanan lamun urang naék téh osok maké tarajé….”

“Ih…, ieu mah lain naék maké tarajé atuh.” si Omon jadi keuheuleun. “Tapi Isro’ Mi’raj téh lalampahan Nabi Muhammad ngadeuheus ka Gusti Allah.”

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)