Sayémbara Antologi Puisi 100 Pucuk Penyair Sumedang


Sayémbara Antologi Puisi 100 Pucuk Penyair Sumedang
Sayémbara Antologi Puisi 100 Pucuk Penyair Sumedang

Inpo leuwih mundel, mangga hubungi panatacalagara di nomer teleponna séwang-séwangan: Windu di nomer 08579411180, pin BB 320DBD3D atawa Fauzan di nomer 085723606940, pin BB 316F0B13. Atawa grup pésbuk Sirung Sastra Sumedang.

Saémbara Antologi Puisi 100 Pucuk Penyair Sumedang


Pikeun ngamekarkeun kasusastraan di Sumedang hususna ngeunaan sastra sajak (puisi), Sirung Sastra salaku wadah pikeun anu mikaresep sastra di Sumedang ngayakeun saémbara ngarang sajak (puisi) anu dijejeran ‘Sayembara Antologi Puisi 100 Pucuk Penyair Sumedang’. Sing saha waé anu mikaresep kana sajak atawa puisi bisa ngirimkeun karanganana/beubeunanganana ka Sirung Sastra Sumedang. Hasilna baris dibukukeun dina Antologi 100 Pucuk Penyair Sumedang. Nurutkeun inpo anu diancokeun din média pésbuk, sarat anu kudu dicumponan pikeun ngiluan kana ieu saémbara téh nyaéta:

  1. Eusina bébas bisa ngeunaan kahirupan sosial, pulitik, ékonomi, budaya, réligi, jeung asmara kalawan latarna di Sumedang.
  2. Lobana sajak/puisi anu dijieunna tilu nepikeun lima siki sajak kalawan ngagunakeun Bahasa Indonésia atawa Basa Sunda.
  3. Paling panjang 17 baris.
  4. Dilengkepan ku data singket ditambahan ku scan KTP atawa Kartu Pelajar.
  5. Wangunan payil anu dikirimkeunana .rtf.
  6. Sajak bisa dikirimkeun ngaliwatan sérélék ka alamat sirungsastra@gmail.com atawa ngalowatan pos ka alamat Perum Jatihurip Blok 5 No. 46 Kode Pos 45300.
  7. Sajak dikumpulkeun paling elat dina ping 16 Nopémber 2013.
  8. Sajak/puisi anu dikirimkeun jadi milik panata calagara (panitia) kalawan hak cipta tetep bogana anu nulis/ngarang.
  9. Nyitak ieu buku sipatna henteu komersil, pikeun pangarang sajak/puisi anu beubeunanganana diasupkeun kana ieu buku baris meunang bagéan hiji buku salaku tanda geus dicitak.
  10. Sajak/puisi anu asup bakal dikurasi ku déwan kurator.
  11. Engkéna karangan anu lulus bakal dibéwarakeun.
Saémbara Antologi Puisi 100 Pucuk Penyair Sumedang
Saémbara Antologi Puisi 100 Pucuk Penyair Sumedang

Harepanana mah cenah, ku mucunghulna ieu antologi téh bisa jadi jalan pikeun ngalalanyah deui sastra sajak atawa puisi hususna di Sumedang. Pikeun inpo leuwih mundel bisa ngilikan catetan Kang Windu Mandela.

Rajaban, Ngayakeun Acara Intihan


Ti buritna keneh barudak teh geus haget pisan pikeun nyinghareupan malem minggu. Panggung pikeun pentas geus ngajuglug di gigireun masigit. Toa jeung sapeker geus dipasang di deukeuteun panggung. Korsi ngajalajar di hareupeun panggung. Sedengkeun sababaraha urang ibu-ibu eukeur siap-siap kupruk-keprek di dapur imahna Mang Ahmad, nyiapkeun dahareun pikeun peuting.

Nya peuting ayeuna teh apanan bakal diayakeun acara intihan barudak ngaji. Dina raraga ngareuah-reuah poean Rajaban, barudak ngaji teh geus biasa ngayakeun acara intihan, anu dijerona teh dieusi ku acara mintonkeun kamonesan barudak ngaji. Barudak ngaji dibere tugas sewang-sewangan, aya anu dibere tugas pikeun sisindiran, pidatoan, nadoman, maca sajak katut sandiwara. Aya oge anu bagean maca surat tina Juzamma anu geus diapalkeun.

Kabehanana oge pikeun nyiapkeun acara peuting ayeuna, malem minggu. Barudak anu osok ngaraji jeung geus ngalaksanakeun latihan mah, mani sumanget pisan nyinghareupan malem ayeuna teh. Da dina malem ayeuna maranehna bakal mintonkeun kabisa jeung kamonesanana sewang-sewangan. Bakal mintonkeun hasil latihan salila kurang leuwih sabulan. Maranehna bakal naek ka panggung, anu bakal dilalajoanan ku urang lembur, hususna ku kolotna. Maranehna bungah yen geus bisa mintonkeun dirina, yen dirina geus bisa cumarita atawa sahanteuna bisa nangtung di luhur panggung bari dilalajoanan ku jalma rea. Nya, anu ngarasa era mah, pasti aya. Ngan lolobana mah da hayang gera naek, hayang gera naek. Pangpangna hayang gera rengse. Da geus rengse mah biasana osok gancang dibagi pincuk.

Waktu nyerelek teu bisa dipondah deui.

Sanggeus wanci Insya, sanggeus barudak rengse ngalaksanakeun solat Isya, nya prung wae atuh acara Intihan teh dimimitian. Sanggeus acara bubuka, diteruskeun kana pintonan barudak. Pintonanana rupa-rupa, aya anu sisindiran, pidatoan, nadoman, sajak, jeung sandiwara. Si Acim, si Duyeh, si Omon oge teu tinggaleun, mintonkeun bageanana. Si Acim bagean sisindiran, ari si Duyeh mah kabagean nadoman, sedengkeun si Omon kabagean pidatoan.

Barudak keur pentas dina Intihan

Atuh, kolot-kolotna anu baroga budak jeung budakna bisa naek ka panggung teh, kacida barungahna. Barudakna geus bisa mintonkeun kamampuhanana, kabisana. Teu saeutik kolot anu ngalungan duit ka panggung waktu budakna naek ka panggung.
Kira-kira nincak waktu jam 11 peuting, acara intihan teh rengse. Atuh barudak teh langsung muru ka emper masigit pikeun nyokot pincuk. Sanggeus kabagean kabehanana, nya dalahar balakecakan.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.kompasiana.com/)