Mikawanoh Kala (Kalendér) Sunda


Bisa jadi ieu hal téh anu diagulkeun, yén urang Sunda ahirna mah miboga pananggalan sorangan. Urang Sunda miboga kalénder sorangan anu disebut Kala Sunda. Kala Sunda mangrupakeun hiji cara pananggalan anu dumasar kana kalénder lunar atawa kalénder anu dumasarkan kana ngurilingna bulan. Kala Sunda téh dipedalkeun jeung diwanohkeun dina taun 2005 anu mangrupakeun hasil panalungtkan Abah Ali (Ali Sastramidjaja). Kala Sunda mimiti diitung ti taun 122 Masehi.

Kala Sunda

Kusabab Kala Sunda disusun dumasar kana kalénder lunar, Kala Sunda ampir sarua reujeung pananggalan Hijriyah-Jawa. Dina salila sawindu aya tilu taun kabisat, anu nyababkeun lamun indung poéna Ahad Manis, mangka indung poé saterusna ogé Ahad Manis deui. Unggal 120 taun, aya hiji poé anu dipiceun (dileungitkeun), anu nyabakeun indung poéna ngiser anu tadina Ahad Manis jadi Saptu Kaliwon, jeung saterusna. Ngaran-ngaran bulan anu dipaké nyaéta Kartika, Margasira, Posya, Maga, Palguna, Sétra, Wésaka, Yésta, Asada, Srawana, Badra, Asuji. Sedengkeun ari ngaran poé nyaéta Radité, Soma, Anggara, Buda, Respati, Sukra, Tumpek. Pananggalan unggal bulan dibagi ngajadi dua bagéan, nyaéta Suklapaksa jeung Kresnapaksa, anu nyababkeun Kala Sunda mah euweuh anu ngaranna tanggal 16. Istilah-istilah anu dipakéna meunang nyokot tina kalénder Saka, kajaba pikeun ngaran poé Tumpek atawa poé Saptu. Terus hal séjénna anu ngabédakeun reujeung kalénder Saka téh nyaéta tanggal hiji dina Kala Sunda ninggang dina waktu bulan sapotong. Istilah suklapaksa atawa parocaang dina kalénder Saka anu hartina ti mimiti bulan sapotong nepikeun ka bulan purnama, dina Kala Sunda mah miboga harti bulan katempo sapotong. Hal séjénna deui, Kartika. Lamun dina kalésnder Saka mah jadi bulan kadalapan, dina Kala Sunda mah jadi bulan kahiji.

Poé-poé pasaran dina Kala Sunda béda dua poé reujeung kalénder Jawa. Lamun dina kalénder Jawa ninggang di poé Manis (Legi), mangka dina Kala Sunda mah ninggang dina poé Pon. Pananda taun dina sawindu ogé aya bédana. Lamun dina kalénder Jawa mah maké aksara Arab, dina Kala Sunda mah maké ngaran sasatoan: Kebo, Monyét, Hurang, Kalabang, Embé, Keuyeup, jeung Cacing.

Sumber bacaan:

Tunda talatah