Mikawanoh Kala (Kalendér) Sunda


Bisa jadi ieu hal téh anu diagulkeun, yén urang Sunda ahirna mah miboga pananggalan sorangan. Urang Sunda miboga kalénder sorangan anu disebut Kala Sunda. Kala Sunda mangrupakeun hiji cara pananggalan anu dumasar kana kalénder lunar atawa kalénder anu dumasarkan kana ngurilingna bulan. Kala Sunda téh dipedalkeun jeung diwanohkeun dina taun 2005 anu mangrupakeun hasil panalungtkan Abah Ali (Ali Sastramidjaja). Kala Sunda mimiti diitung ti taun 122 Masehi.

Kala Sunda

Kusabab Kala Sunda disusun dumasar kana kalénder lunar, Kala Sunda ampir sarua reujeung pananggalan Hijriyah-Jawa. Dina salila sawindu aya tilu taun kabisat, anu nyababkeun lamun indung poéna Ahad Manis, mangka indung poé saterusna ogé Ahad Manis deui. Unggal 120 taun, aya hiji poé anu dipiceun (dileungitkeun), anu nyabakeun indung poéna ngiser anu tadina Ahad Manis jadi Saptu Kaliwon, jeung saterusna. Ngaran-ngaran bulan anu dipaké nyaéta Kartika, Margasira, Posya, Maga, Palguna, Sétra, Wésaka, Yésta, Asada, Srawana, Badra, Asuji. Sedengkeun ari ngaran poé nyaéta Radité, Soma, Anggara, Buda, Respati, Sukra, Tumpek. Pananggalan unggal bulan dibagi ngajadi dua bagéan, nyaéta Suklapaksa jeung Kresnapaksa, anu nyababkeun Kala Sunda mah euweuh anu ngaranna tanggal 16. Istilah-istilah anu dipakéna meunang nyokot tina kalénder Saka, kajaba pikeun ngaran poé Tumpek atawa poé Saptu. Terus hal séjénna anu ngabédakeun reujeung kalénder Saka téh nyaéta tanggal hiji dina Kala Sunda ninggang dina waktu bulan sapotong. Istilah suklapaksa atawa parocaang dina kalénder Saka anu hartina ti mimiti bulan sapotong nepikeun ka bulan purnama, dina Kala Sunda mah miboga harti bulan katempo sapotong. Hal séjénna deui, Kartika. Lamun dina kalésnder Saka mah jadi bulan kadalapan, dina Kala Sunda mah jadi bulan kahiji.

Poé-poé pasaran dina Kala Sunda béda dua poé reujeung kalénder Jawa. Lamun dina kalénder Jawa ninggang di poé Manis (Legi), mangka dina Kala Sunda mah ninggang dina poé Pon. Pananda taun dina sawindu ogé aya bédana. Lamun dina kalénder Jawa mah maké aksara Arab, dina Kala Sunda mah maké ngaran sasatoan: Kebo, Monyét, Hurang, Kalabang, Embé, Keuyeup, jeung Cacing.

Sumber bacaan:

Hajat Mapag Pabaru Sunda 1949 di SapuLidiSawah Resort


Ceuk béja anu kapanggih di internét, dina raraga mapag taun anyar kala Sunda (Pabaru Sunda) geus dilumangsungkeun acara anu maké tempat di SapuLidiSawah Resort di wewengkon Cihideung Lémbang Bandung Barat. Acara anu dilumangsungkeun dina poé Senén-Salasa ping 22-23 Oktober 2012 téh diancokeun pikeun mapag Sawindu Kala Sunda anu ninggang dina ping 1 Suklapaksa Kartika 19949 Cakra Kala Sunda atawa ping 23 Oktober 2012. Ieu acara dimimitian dina jam lima pabuburit.

Wilujeng Pabaru Sunda 1949 Candra Kala Sunda

Acara Pabaru Sunda ieu dimimitian ku mintonkeun Karinding, Rajah Bubuka Kidung Siliwangi Ambu Ottih Rostoyati katut doa babarengan. Saterusna dipintonkeun ogé kamonésan Angklung Buhun disambung reujeung Tarawangsa. Salian ti acara hiburan, aya ogé acara ngaguar Sawindu Kalénder Sunda Caka Sunda anu diancokeun ku Miranda H. Wihardja ti Bengkel Studi Budaya dibarengan ku Prof. Dr. Suhardjo D. Wiramihardja ti Astronomi ITB. Diguar ogé ngeunaan kalénder Sunda nurutkeun pinisepuh Sunda reujeung nurutkeun turunanana.

Acara ieu ditutup ku pintonan Wayang Golek Putu Giri Hardja kalawan dalang Dede Chandra Sunarya.

Ping 1 Suklapaksa Kartika 1949 Candra Kala Sunda


Kartika 1949 Candra Kala Sunda
Kartika 1949 Candra Kala Sunda

Wilujeng Pabaru Sunda 1949 Candra Kala Sunda


Wilujeng Pabaru Sunda 1949 Candra Kala Sunda