Ngungkulan Érror 5B00 Printer Canon G2000


Hasil citakan printer réngsé dibenerkeun

Biasana mah lamun nyitak tulisan maké printer téh ngan ukur rupa (warna) hideung wungkul, tara maké warna-warni. Pék sakali maké nyitak poto dina keretas, geningan rupana anéh. Siga anu teu kaluar sawaréh warnana. Pas dipariksa ngagunakeun kamonésan printer pikeun mariksa hasil citakan printer, bener waé rupa M (Magenta)-na teu kaluar. Dicobaan di-Cleaning, angger waé. Ahirna dicoba sababaraha kali nepikeun ka System Cleaning, angger kalahka error printerna. Cenah printerna error 5B00. Kudu dibenerkeun ka tukangna cenah !
Aduh, kumaha ieu ? Mangkaning kudu nyitak sababaraha lembar tulisan. Ieu mah lain ngan ukur nyitak rupa-rupa wungkul, nyitak hideung wungkul ogé teu bisa.
Tungtungna néangan cara ti internét, kumaha cara ngungkulan error 5B00. Alhamdulillah, manggihan cara anu gampang. Teu kudu maké pakakas nanaon, ngan ukur mencétan kenop anu aya dina printer wungkul.
Ceuk loka E-Print, pikeun ngungkulan erro 5B00 printer Canon G2000 kacida gampangna. Carana nyadiankeun keretas pikeun nyitak hasil ngecekna jeung mencetan kenop Stop jeung Power.

  1. Printer kudu pareum saméméh dibenerkeun ku ieu cara. Lamun hurung, kudu dipareuman heula.
  2. Printer kudu dieusian ku sababaraha lambar keretas.
  3. Pencét kenop Stop (kenop anu digambaran segitilu dibuleudan), ulah dileupaskeun. Terus pencét oge kenop Power reujeung teu dileupaskeun.
  4. Kakara leupaskeun kenop Stop bari teu ngaleupaskeun kenop Power. Satutasna, pencétan kenop Stop 5 kali bari teu ngaleupaskeun kenop Power. Réngsé éta, kakara kenop Power dileupaskeun. Mangka lampu warna héjo bakal kikiceupan. Tunggu nepikeun ka lampu héjona henteu kikiceupan.
  5. Sanggeus lampu héjo hurungna anteng, pencét kenop Stop lima kali, disusul tepus ku mencét kenop Power sakali. Tungguan nepikeun ka printer réngsé nga-reset tug nepikeun nyitak dina keretas. Printer bakal nyitak aksara D=000.0 dina keretas.
  6. Tuluy pencét kenop Stop tilu kali disusul ku kenop Power sakali. Printer bakal nyitak dina keretas satengah lambar. Teu kaharti, naon waé anu ditulis dina keretas téh, da kodeu wungkul. Lamun geus nyitak lambaran ieu, hartina printer geus réngsé dibebenerna.
  7. Pareuman printer terus hurungkeun deui. Printer geus bisa digunakeun.

Perancis, Jawara Méngbal di Rusia


Réngsé ogé kajawaraan méngbal di Rusia. Sanggeus tatandang panungtungan anu dilumangsungkeun peuting tadi. Piala Dunia 2018 di Rusia dipungkas ku tatandang undakan puncer pikeun nangtukeun nagri mana anu jadi jawarana. Dua nagri anu asup kana undakan puncer silih éléhkeun: Perancis jeung Kroasia.

Hasilna?

Tatandang antara Perancis ngalawan Kroasia

Nagri Perancis bisa jadi jawara Piala Dunia pikeun kadua kalina sanggeus bisa ngéléhkeun nagri Kroasia kalawan gulna 4-2. Tatandang antara dua nagri asal Éropah ieu lumangsung kalawan campuh. Duanana papada hayang bisa ngéléhkeun lawanna. Papada hayang nyitak gul ka gawang lawanna. Pamaén anu dipaénkeun ku dua nagri mangrupakeun pamaén anu aralus wungkul sakumaha pamaén anu ngiluan dina tatandang undakan semifinal.

Babak kahiji, nincak menit ka-18 nagri Perancis bisa ngabuskeun bal ka gawang nagri Kroasia sanggeus tajongan Antoine Griezmann dihéden ku Mario Mandzukic. Hanjakal héden éta téh nyababkeun bal asup ka gawangna sorangan. Teu lila ti harita nagri Kroasia bisa nyarua jumlah gul sanggeus tajongan Ivan Perisic asup ka gawang Hugo Lloris. Teu lila ogé, nagri Perancis bisa nyitak gul deui ka gawang Kroasia sanggeus meunangkeun pinalti anu ditajong ku Antoine Griezmann. 2-1 teu robah nepikeun ka réngsé babak kahiji.

Nincak babak kadua, nagri Perancis bisa nambahan deui gul ngaliwatan Paul Pogba reujeung Kylian Mbappe. Gulna jadi 4-1. Saméméh tatandang réngsé, nagri Kroasia bisa nyitak gul ngaliwatan Mario Mandzukic sanggeus meunangkeun bal tajongan kiper Perancis. Nepikeun ka tatandang réngsé, gul teu roba tetep 4-2 pikeun Perancis.

Ku hasil ieu, nagri Perancis bisa meunangkeun Piala Dunia pikeun kadua kalina. Jawara Piala Dunia kahijina dimeunangkeun dina taun 1998 anu dilumangsungkeun di nagrina sorangan.

Ngala Sireum Maké Gagang tina Jukut


ngala sireum
Ngala sireum

Nimu potrét anu diunggahkeun ku Kang Nanda Mustafa Kamil‎ dina pésbuk. Inget ka jaman baheula keur budak. Kaulinan pikeun ngala sireum dina liangna ku jalan ngagunakeun gagang kembang jujukutan.

Jukut (naon nya ngaran jukutna téh) anu keur kembangan diala gagang kembangna atawa dicabut tina tangkalna. Gagang kembang éta dipaké pikeun ngagéré atawa ngarojok sireum anu aya di jero liangna.

Liang sireumna mah osok manggihan dina taneuh. Liang tegesna liang anu dipaké cicing sireum diasupan gagang kembang bari diputer-puter. Teu lila dicabut. Lamun kabeneran mah biasana dina gagang kembang téh osok aya sireuman napel, tegesna ngagégél eta gagang kembang anu rada hipu.

Sireumna mah aya kalana dipaké heureuy atawa diantepkeun waé. Da anu pentingna ngagéré sireumna.

Ngala Suluh


Inget ka jaman baheula mangsa nimu potret ieu di mandala pesbuk.

Babarengan reujeung babaturan mangsa balik sakola arindit bari mawa bedog ke kebon atawa ka sisi leuweung. Seja neangan suluh, boh tina dahan tatangkala anu maruragan atawa tangkal kaina soeangan anu paeh.

ngala suluh
Barudak ngala suluh

Balikna suluh teh ditalian terus dipanggul. Bisa dipanggul langsung atawa ditanggung. Lamun meunangna saeutik dipanggul, lamun loba ditanggung. Atawa bisa oge disumiat, ditanggung tapi suluhna ngan sabeulah.

Sasambat


Hawar-hawar ti jauhna
Sasambat sora manéhna
Sanajan ti kaanggangan
Kuring moal kasamaran

Lumengis ceurik papanting
Kawas hayang didatangan
Da bongan atuh paanggang
Nunggelis anggang sorangan

Baranang béntang keur caang
Di langit siga anu ngariceupan
Kiceup deudeuh ti manéhna
Sok hamo harepan samar laksana

Sasambat atuh ka saha
Ceuk haté da bongan kabayang baé
Ka saha atuh ka saha
Rék wakca da bongan cumantél baé