Ngaran Jalma (Bagean Ka-1): Pentingna Ngaran


Naon atuh hartina ngaran?

Naon atuh pentingna ngaran?

Sanajan eta pananya teh teu bisa langsung dijawab, tapi da tiap jalma pastina oge ngabogaan ngaran. Taya hiji oge jalma anu teu ngabogaan ngaran. Nya sahanteuna hiji jalma teh ngabogaan panelah atawa ngabogaan landian pikeun ngageroan atawa nyebutkeun eta jalma. Da lamun teu dipapay heula mah, rada susah oge naon atuh hartina ngaran pikeun hiji jalma, da arek ngabogaan ngaran atawa henteu oge, angger wae kasebutna mah jalma, moal jadi nu lian.

Tiap jalma anu gubrag ka dunya, teu ngabogaan ngaran. Da ngaran mah diberena teh lamun eta jalma geus gubrag ka dunya, atawa geus aya calon pijelemaeun. Ngaran hiji jalma teh, biasana mah meunang kolot eta jalma. Waktu jalma eta gubrag ka dunya, kolotna eta budak teh biasana mah langsung mere ngaran pikeun eta budak.

Jadi, hal anu kahiji pentingna ngaran nyaeta ngaran teh mangrupakeun pamere ti kolot ka budakna. Anu ngaranna kolot ka budak, naon anu diberekeun ka budakna teh tangtuna oge jadi hiji tanda kanyaah pikeun budakna. Ngaran teh jadi hiji tanda kanyaah ti kolot ka budak. Anu ngaranna tanda kanyaah, pastina oge moal wani mere anu goreng, kolot mah lamun mere teh bakal milih anu alus. Bakating ku hayang mere ngaran anu alus, lolobana kolot teh osok mikir heula saacanna mere ngaran ka budak. Ngaran naon anu alus pikeun budakna. Malahan mah aya oge anu nepikeun ka tatanya heula ka kolotna atawa jalma anu dipikolot, leuwih jauhna nanya ka jalma anu bisa atawa jalma anu pinter. Eta teh tujuanana mah nya pikeun kaalusan budakna, alus ngaranna alus pasipatan budakna dina ngajalankeun kahirupanana.

Terus oge, kolot mere ngaran ku hiji ngaran ka budakna teh bisa jadi mangrupakeun harepan kolotna pikeun kahirupan budakna. Jadi dina ngajalankeun kahirupanana teh budak teu weleh nilik kana ngaran manehna, piraku ngaranna alus ari pasipatanana goreng mah.

Salian ti eta oge, ngaran teh jadi hiji pengbebeda hiji jalma jeung jalma sejen. Si eta mah ngaranna Anu, si itu mah ngaranna teh Anu, jeung lian-lianna deui. Dina kahirupan wae, lamun arek ngageroan hiji jalma, tangtuna oge make ngaran eta jalma atawa lalandianana. Moal ku kalimah, “Hey” atawa “Si Eta”. Da tangtuna oge jadi ngabingungkeun, komo lamun jalmana teh eukeur ngariung atawa loba jalma.

Tina harepan kolot, ngaran oge bisa jadi hiji doa. Da harepan teh lamun dinyaankeun mah mangrupakeun doa. Harepan teh jadi kahayang anu kudu kacumponan atawa kajadian. Sedengkeun doa mah langsung menta ka Pangeran ngeunaan hiji hal. Lamun kolot mikahayang budakna teh pinter, kadang aya kolot anu ngaranan budakna teh ku kecap anu aya pakaitna jeung kapinteran. Lamun budakna hayang cageur, kitu oge. Jeung kahayang atawa doa lianna.