Éndahna Hirup Lamun Siga Katumbiri


Mangsa keur sakola kénéh mah, aya babaturan anu nyebutkeun yén lamun di dunya ieu euweuh jalma anu baragajul, moal ramé. Kitu cenah. Lamun jalma-jalma anu hirup di dunya ieu sarua kabéh, sawarna sarupa, moal ramé saperti ayeuna. Da raména kahirupan jalma di dunya ieu kusabab lobana rupa katut warna dina kahirupanana. Dina ieu hal lain perkara baragajul atawa henteuna kahirupan jalma, tapi dina benerna kahirupan jalma-jalma, ogé pasti aya warna-warnana. Moal aya anu sarupa sarimbagan dina kahirupanana.

Katumbiri

Najan aya dina jalan anu satujuan sajurusan, angger waé pasti aya hal-hal anu ngabédakeun antara hiji jalma reujeung jalma séjénna. Salasahiji contona, dina hal pangaboga. Unggal jalma miboga pangaboga anu béda-béda. Aya anu pangabogana loba, aya anu saeutik aya anu rada loba. Ka dituna aya istilah beunghar jeung henteu beunghar (miskin). Ayana golongan jalma beunghar jeung miskin téh jadi warnana kahirupan. Lamun jalma sarua waé moal aya istilah beunghar jeung henteu beunghar. Anu beunghar kudu mulangtarima ka jalma anu henteu beunghar kusabab moal bisa disebut jalma beunghar lamun euweuh jalma anu henteu beunghar.

Dina perkara séjénna ogé sarua. Aya (loba) hal-hal anu jadi pangbébéda antara hiji jalma reujeung jalma séjénna. Kaasup dina hal-hal anu leutik jeung teu kaharti, bisa aya anu ngabédakeun. Dina carana ngomong, carana leumpang, jeung anu séjénna.

Ngan anu tetep kudu dicatet mah éta pangbébéda téh teu kudu jadi halangan dina ngajalankeun kahirupan kalawan sauyunan. Sapanjang hal anu béda téh lain intina atawa sarina, teu kudu jadi pacogrégan jeung pacéngkadan. Teu kudu jadi mumusuhan kusabab béda saeutik.

Ngaran Jalma (Bagean Ka-1): Pentingna Ngaran


Naon atuh hartina ngaran?

Naon atuh pentingna ngaran?

Sanajan eta pananya teh teu bisa langsung dijawab, tapi da tiap jalma pastina oge ngabogaan ngaran. Taya hiji oge jalma anu teu ngabogaan ngaran. Nya sahanteuna hiji jalma teh ngabogaan panelah atawa ngabogaan landian pikeun ngageroan atawa nyebutkeun eta jalma. Da lamun teu dipapay heula mah, rada susah oge naon atuh hartina ngaran pikeun hiji jalma, da arek ngabogaan ngaran atawa henteu oge, angger wae kasebutna mah jalma, moal jadi nu lian.

Tiap jalma anu gubrag ka dunya, teu ngabogaan ngaran. Da ngaran mah diberena teh lamun eta jalma geus gubrag ka dunya, atawa geus aya calon pijelemaeun. Ngaran hiji jalma teh, biasana mah meunang kolot eta jalma. Waktu jalma eta gubrag ka dunya, kolotna eta budak teh biasana mah langsung mere ngaran pikeun eta budak.

Jadi, hal anu kahiji pentingna ngaran nyaeta ngaran teh mangrupakeun pamere ti kolot ka budakna. Anu ngaranna kolot ka budak, naon anu diberekeun ka budakna teh tangtuna oge jadi hiji tanda kanyaah pikeun budakna. Ngaran teh jadi hiji tanda kanyaah ti kolot ka budak. Anu ngaranna tanda kanyaah, pastina oge moal wani mere anu goreng, kolot mah lamun mere teh bakal milih anu alus. Bakating ku hayang mere ngaran anu alus, lolobana kolot teh osok mikir heula saacanna mere ngaran ka budak. Ngaran naon anu alus pikeun budakna. Malahan mah aya oge anu nepikeun ka tatanya heula ka kolotna atawa jalma anu dipikolot, leuwih jauhna nanya ka jalma anu bisa atawa jalma anu pinter. Eta teh tujuanana mah nya pikeun kaalusan budakna, alus ngaranna alus pasipatan budakna dina ngajalankeun kahirupanana.

Terus oge, kolot mere ngaran ku hiji ngaran ka budakna teh bisa jadi mangrupakeun harepan kolotna pikeun kahirupan budakna. Jadi dina ngajalankeun kahirupanana teh budak teu weleh nilik kana ngaran manehna, piraku ngaranna alus ari pasipatanana goreng mah.

Salian ti eta oge, ngaran teh jadi hiji pengbebeda hiji jalma jeung jalma sejen. Si eta mah ngaranna Anu, si itu mah ngaranna teh Anu, jeung lian-lianna deui. Dina kahirupan wae, lamun arek ngageroan hiji jalma, tangtuna oge make ngaran eta jalma atawa lalandianana. Moal ku kalimah, “Hey” atawa “Si Eta”. Da tangtuna oge jadi ngabingungkeun, komo lamun jalmana teh eukeur ngariung atawa loba jalma.

Tina harepan kolot, ngaran oge bisa jadi hiji doa. Da harepan teh lamun dinyaankeun mah mangrupakeun doa. Harepan teh jadi kahayang anu kudu kacumponan atawa kajadian. Sedengkeun doa mah langsung menta ka Pangeran ngeunaan hiji hal. Lamun kolot mikahayang budakna teh pinter, kadang aya kolot anu ngaranan budakna teh ku kecap anu aya pakaitna jeung kapinteran. Lamun budakna hayang cageur, kitu oge. Jeung kahayang atawa doa lianna.