Mapag Milangkala Sumedang ka-435


Teu karasa geus bulan April deui. Bulan ayeuna téh mangrupakeun bulan anu miboga niléy sajarah pikeun urang Sumedang mah. Bener pisan, dina bulan April ieu aya tanggal anu osok dipaké miéling ngadégna Sumedang. Tegesna dina ping 22 April. Taun 2013 ayeuna, Sumedang baris miéling milangkala anu ka-435. Atuh, Sumedang téh geus miboga umur 435 taun (1578 – 2013).

Nurutkeun inpo ti sumedangonline dina mapag milangkala Sumedang anu ka 435 ieu, geus disadiakeun lambang (logo) anu dipaké jadi téma miéling ngadegna Sumedang. Téma anu dipakéna nyaéta Sumedang Motékar. Leuwih jembarna deui, témana jadi Gedurkeun Kahirupan Nu Motékar Sangkan Sumedang Leuwih Mekar.

Logona nuduhkeun angka 435 anu nuduhkeun wilangan milangkalana, anu diwangun ku tilu rupa warna anu béda. Angka opatna ku rupa beureum, angka tiluna maké rupa héjo, katut angka limana maké rupa bulao. Wangunan angka 435-na diropéa ngaharib-harib gambar kujang reujeung kembang taraté.

Lambang Sumedang Motekar
Lambang Sumedang Motekar

Lamun ditataan mah, ieu lambang téh miboga harti-harti anu mandiri. Gambar kujang katut malati nuduhkeun kahirupan anu motékar pikeun ngahontal kahirupan nu leuwih maju. Ari rupa beureum nuduhkeun miboga wawanén pikeun mintonkeun hal nu béda katut ramé, rupa héjo mibiga harti basajan jeung alami, sedengkeun rupa bulao nuduhkeun miboga loba mangpaat. Rupa hideung anu ngawengku kalimah Hari Jadi Sumedang Ke, nuduhkeun kahirupan anu pagilinggisik reujeung rahayat.

 
 

(Gambar meunang nginjeum ti sumedangonline.com)

Tunda talatah