Bénténg Titinggal Tangtara Walanda di Gunung Palasari


Gunung Palasari mah pagigir-gigir reujeung Gunung Kunci téh, ngan kahalangan ku jalan gedé anu nyambungkeun dayeuh bandung reujeung Cirebon. Lamun dibandingkeun reujeung Gunung Kunci, Gunung Palasari mah leuwih jangkung reujeung leuwih lega wewengkonna. Sanajan kitu sabenerna mah duanana ogé tacan cukup lamun kudu disebut gunung mah. Leuwih cocogna disebut pasir (gunung leutik). Jangkungna gunung Palasari kira-kira 645 méter tina beungeut cai laut, sedengkeun legana nepikeun ka genep héktaran. Ieu gunung kaasup wewengkon Kelurahan Pasanggaran, anu anggangna kira-kira sakilo méter ti puseur dayeuh Sumedang.

Ayeuna gunung Palasari téh mangrupakeun leuweung anu ditangtayungan (hutan lindung), anu mibanda ngaran Taman Hutan Rakyat (Tahura) kalawan dikokolakeun ku Pemda Sumedang ngaliwatan Dinas Kehutanan dan Perkebunan. Ari saméméhna mah (saméméh taun 2011), wewengkon gunung Palasari téh dikokolakeun ku Kahutanan (Perhutani). Teuing naon alesanana tanggung jawabna ngokolakeunana bet dipindahkeun.

Baheulana, cenah gunung Palasari téh pernah dipaké ku tangtara Walanda pikeun dijadikeun tempat nyumput tangtara. Di mumunggang gunung Palasari diwangun bénténg mangrupa sababaraha hiji wangunan. Nurutkeun inpo ti jumlah wangunan anu diwangun ku tangtara Walanda di mumunggang gunung Palasari téh aya dalapan wangunan. Ieu wangunan téh diwangun kira-kira dina taun 1913 nepikeun ka taun 1917. Wangunanana dijieun tina beton, anu témbokna lumayan kandel. Dalapan wangunan éta diperenahna kalawan ngariung, ngurilingan puncerna gunung Palasari. Kadalapan wangunan éta diperenahkeun henteu pati aranggang. Tina dalapan wangunan ieu aya 27 rohangan kalawan dilengkepan ku panto sasiki séwang. Sababaraha rohangan aya anu dilengkepan ku jandéla leutik di gigireun panto. Unggal rohangan dilengkepan ogé ku liang paranti kaluar asup hawa. Kusabab perenahna gunung Palasari anu teu pati jauh ti tangsi tangtara Walanda anu ayeuna dipaké Markas Kodim 0610, cenah ieu bénténg téh sigana mah dipaké pikeun neundeun mesiu. Salian ti éta, kusabab gunung Palasari mah lumayan jangkung, bisa ogé digunakeun ku tangtara Walanda pikeun pos observasi.

Salasahiji wangunan titinggal Walanda di Gunung Palasari
Salasahiji wangunan titinggal Walanda di Gunung Palasari

Inpo meunang nyutat ti:

  1. Benteng Gunung Palasari Sumedang
  2. Sisa Pertahanan Belanda Pada Perang Dunia I

28 April 2013, HijabersSumedang Diresmikeun


Kalawan ngagunakeun tempat di Orchid Cafe, dina poé Ahad ping 28 April 2013, HijabersSumedang diresmikeun ngadegna jadi Komunitas Hijabers di Sumedang. Dihadiran ku sababaraha urang tamu ondangan, nu ngeusi acara, pamilon dina pasanggiri Kreasi Hijab, katut anu nongton séjénna, acara dimimitian dina jam salapan isuk-isuk. Acara anu dipintonkeun dina raraga ngaresmikeun ieu komunitas, lumayan mundel. Aya acara ngaguar jujutan Juragan Tempe (Tempe Gila) ti mimiti bajoang kumaha supaya bisa sukses nepikeun ka ngahasilkeun untung katut omsét anu mucekil.

Kang Lucky Nurrobby nuju ngeusi acara
Kang Lucky Nurrobby nuju ngeusi acara

Kang Lucky Nurrobby salaku nu boga usaha Tempe Gila mintonkeun carita/sajarah jujutanana/asal nepikeun ka bisa sukses, kalawan diémbohan ku gunem catur (tanya jawab) reujeung anu hadir. Anu hadir bisa meunangkeun élmu kumaha supaya bisa suksés sakumaha suksésna produk Tempe Gila. Salian dieusi ku Kang Lucky, sabenerna mah acara ieu ogé bakal dieusi ku Téh Herna Zein anu mintonkeun ngeunaan Make-Over Hijab. Ngan hanjakal, Téh Hérna Zein aya wagelan anu henteu bisa ditunda.

Acara hiburanana, aya milih jawara Kreasi Hijab tina 20 urang anu lulus kana babak final jadi pinunjul kahiji nepikeun pinunjul kalima. Disambung ku pintnonan ti Rename Band anu salasahiji laguna jadi Sound Track pilem Surat Kecil Untuk Tuhan. Disambung ku nongton pilem Surat Kecil Untuk Tuhan kalawan babarengan.

Atuh, Wilujeng ka HijabersSumedang, mudah-mudahan ka payunna sing janten Komunitas anu seueur mangpaatna hususna kanggo anggahotana, atuh kanggo masarakat Sumedang umumna.