Ping 1 Suklapaksa Sétra 1949 Candra Kala Sunda


Setra 1949
Setra 1949

Wilujeng Milangkala Pérsib Bandung ka-80


Milangkala Persib Bandung ka-80
Milangkala Persib Bandung ka-80

Lain Munara Masigit, Tapi Munara Bandar Udara


Munara Bandar Udara Soekarno-Hatta
Munara Bandar Udara Soekarno-Hatta

Wangunanana jangkung siga anu buleud, tungtung luhurna ngagedéan jeung dikurilingan ku kaca. Mimitina mah siga munara masigit jeungeun neundeun TOA paranti narikan sora adan. Ngan cenah lain munara masigit éta mah, tapi munara bandar udara. Munara tempat ngatur kapal ngapung anu arék ngapung jeung anu arék badarat. Di rohangan anu aya di luhureun ieu munara, aya patugas anu ngatur sakabéh kapal anu hayang ngapung ti Bandar Udara Soekarno-Hatta, iraha waktuna jeung di mana tempat ngapungna. Pon kitu deui, ngatur ogé kapal anu arék badarat di Bandar Udara Soekarno-Hatta. Bagéan kapal anu mana jeung di mana tempatna, diatur sakabéhna di ieu tempat.

Unggal poé, kusabab kapal ngapung anu arék ngapung jeung badarat téh kacida lobana, patugas anu aya di ieu rohangan maranco pisan kana tugasna. Taya anu bisa nyalsé.

Ahirna mah NSW Airportnét téh Diresmikeun


Kalawan maké tempat di rohangan Auditorium Gedong 600 Kantor Puseur Angkasa Pura II, Menteri Perhubungan EE Mangindaan ngaresmikeun sistem aplikasi NSW Airportnét. Sanggeus ngaliwatan waktu anu lumayan lila, ahirna mah sistem National Single Window (NSW) Airportnét téh diresmikeun ogé. Sabenerna mah sistem aplikasi NSW Airportnet ieu geus mimiti dipaké di awal taun 2012, ngan tacan sampurna dipakéna kusabab masih kénéh aya panghalang. Ku dileukeunan diwanohkeun ka pihak-pihak anu kudu ngiluan kana sistem NSW Airportnét ieu katut naon waé kauntunganana, ahirna sistem aplikasi NSW Airportnét téh bisa ditarima ku pihak-pihak anu aya di wewengkon Bandara Soekarno-Hatta, saperti pihak Kargo, Angkasa Pura jeung pihak séjénna.

Diresmikeunana sistem NSW Airportnet
Diresmikeunana sistem NSW Airportnet

Dina poé Rebo ping 13 Maret 2013, ieu sistem téh diresmikeun ku Menteri Perhubungan kalawan diluuhan ku Deputi Bidang Koordinasi Perindustrian dan Perdagangan Kementerian Koordinator Bidang Perekonomian Edy Putera Irawadi, Direktur Jenderal Bea dan Cukai Kementerian Keuangan Agung Kuswandono katut Direktur Jenderal Perhubungan Udara Kemhub Herry Bakti.

NSW Airportnét sabenerna mah mangrupakeun salasahiji bagéan tina sistem NSW (National Single Window) anu nguruskeun ngeunaan asup jeung kaluarna barang (impor/eksport) ti nagara Indonésia. NSW Airportnet nguruskeun ékspor jeung impor barang ngaliwatan kapal ngapung di Bandar Udara. Ngaliwatan sistem NSW Airportnét ieu, barang anu diékspor atawa diimpor téh bakal kanyahoan naon waé barangna jeung nepi ka mana barangna. Kauntungan anu bakal katarima ku anu ngirim (ngékspor) barang jeung anu meuli (ngimpor) barang nyaéta bakal apal kana barangna sacara langsung, geus nepi ka mana barangna harita kénéh (réal time). Atuh pikeun pihak Otoritas Bandara bisa apal kana kajadian-kajadian (status) anu aya pakaitna reujeung barang anu diekspor/diimpor.

Lelemah


Mangsa arék nyieun imah, anu pangmimitina disayagakeun téh biasana mah tempat nyieun imahna. Ti dinya kakara nyayagakeun bahan-bahanna. Tempat anu disayagakeun téh biasana mah kudu dibebenah heula, dibébérés heula. Lamun tempatna henteu rata, kudu diratakeun heula. Komo deui lamun tempat nyieun imahna téh dinu rada lamping, kudu disempog/dikali heula taneuhna terus diratakeun.

Lelemah dipake lapang poli
Lelemah dipake lapang poli jeung mengbal

Taneuh anu lamping téh diratakeun ku jalan dikali taneuh anu leuwih luhurna. Taneuh meunang ngali terus diurugkeun ka tempat anu leuwih handap. Uruganana dipadetkeun supaya weweg henteu gampang tibeyeyet. Taneuhna terus dikali jeung diurugkeun nepikeun ka taneuhna rata.

Sanggeus rata mah kari nungguan bahan-bahanna lengkep. Lamun geus lengkep, bisa langsung ngawangun imah. Lamun bahan-bahanna tacan lengkep mah biasana osok diantepkeun heula waé. Tempat anu geus rata jeung tacan diwangunan imah téh osok dipaké hareureuy jeung arulin ku barudak. Arék ucing-ucingan, maén galah atawa maén bal. Malahan ku kolot mah osok dipaké lapang poli. Pikeun anu bogana mah biasana diantepkeun waé, da taneuhna bakal leuwih weweg jeung padet ari remen kagaleuy (katincakan) mah.

Tempat anu bakal dijadikeun tempat ngawangun imah téh biasana mah disebut lelemah. Lamun magawé ngaratakeun taneuhna disebut ngalelemah.