Sumedang Motékar dina Umur 435 Taun


Ping 22 April 2013 kamari, umur Sumedang jangkep jadi 435 taun. Sakumaha biasa, dina miéling milangkala Sumedang osok diayakeun raraméan saperti arak-arakan (pawéy), jeung acara pangrojong séjénna. Ngan aya anu béda reujeung taun-taun saméméhna. Acara pokona, taun ayeuna mah henteu ngabring ngagiringkeun Kareta Naga Paksi di jalan utama dayeuh Sumedang. Minangka acara pokona nyaéta ngabringkeun panji Karajaan Sumedang Larang ti Darmaraja ka Gedong Srimanganti di Musium Geusan Ulun dayeuh Sumedang. Ieu téh bisa disebut mangrupakeun nuturkeun tapak lacak (napak tilas) karuhun Sumedang Larang. Baheula saméméh Sumedang Larang ngadeg, bibit buitna nyaéta Karajaan Témbong Agung ngadegna di wewengkon Darmaraja.

Wilujeng Milangkala Sumedang ka-435
Wilujeng Milangkala Sumedang ka-435

Ngeunaan téma anu dipaké dina taun ayeuna, nyaéta Sumedang Motékar, lain ngan ukur téma anu taya eusi. Nurutkeun inpo anu dipedalkeun ku PRLM (Sumedang Ingin Wumjudkan Konsep “Motekar”), motékar di dieu miboga harti kréatip jeung soson-soson dina ngusahakeun pikeun ngahontal kahirupan nu leuwih alus jeung leuwih maju. Ngaliwatan téma ieu, dipiharep sakur urang Sumedang leuwih motékar dina ngagarap sagala widang kahirupan luyu reujeung pakasaban séwang-séwanganana. Kecap motékar miboga rumus sorangan anu dipiboga ku Budaya Sunda. Dina rumus motékar, euweuh kecap atawa alesan ‘atuda’, tapi anu dikedalkeun téh kecap ‘sanajan’. Ngaliwatan rumus ieu, moal aya deui kecap ‘pamohalan’, tapi anu kedal kalawan anteb téh kecap ‘pasti bisa’. Salian ti éta, ngaliwatan rumus motékar ogé henteu aya deui kecap ‘mangga tipayun’. Tapi anu diucapkeun téh ‘punten kapayunan’. Intina, téma miéling Sumedang anu ka-435 taun ayeuna pikeun ngageuing sumanget jeung kahayang sakabéh warga masarakat Sumedang supaya bisa gawé babarengan dina ngawangun Sumedang dina ngahontal kahirupan leuwih hadé. Malahan kahayangna lain joré-joré, Kabupatén Sumedang hayang jadi kabupatén pangpunjulna di Propinsi Jawa Barat.

Ulah Ngaréméh (Miceunan Sangu)


Nu jadi cekelan nalika dahar mah salasahijina henteu meunang ngaréméh. Sangu anu didahar téh ulah nepikeun ka dipiceunan, maruragan ka mana-meni nepikeun ka henteu kapulung. Atawa nyésakeun sangu dina piring anu dipaké dahar, nepikeun ka dipiceun. Najan ngan ukur sasiki ogé, ulah nepikeun ka kapiceun. Komo deui lamun loba mah.

Ceuk kolot, sangu anu murag téh bakal ceurik kusabab kapiceun, henteu kadahar ku jalma. Jalma anu ngadaharna mah moal apaleun yén sangu anu murag (réméh) téh ceurik. Anu apaleun réméh ceurik mah taya deui salian ti hayam. Dina mangsa hayam anu muru (arék ngadahar sangu anu murag atawa réméh) osok disada. Éta téh cenah, nandakeun hayam apaleun yén réméh anu arék dipacokna ceurik.

Remeh
Remeh

Sabenerna lain kusabab ceurik-ceurik teuing. Réméh atawa sangu anu murag téh matak lebar. Sanajan ngan ukur sasiki ogé, kudu lebar. Lebar kusabab dina tampolana ngolahkeunana ti mimiti melak nepikeun ka jadi sangu téh apanan mani sakitu matak susahna. Nalika keur jadi paréna apanan nepikeun ka dipulungan lamun marurag téh. Matakna, manglebarkeun lamun geus jadi sanguna dipiceunan.

Béh dituna, ngaréméh miboga harti henteu ngaragangan atawa ngahargaan kanu molahkeun paré nepikeun ka jadi sangu. Henteu ngaréméh hartina ngahargaan ka anu molahkeunana.