Pawéy Pangwangunan dina Milangkala Kamerdikaan Indonésia


Geus jadi kabiasaan ti béh ditu mula lamun dina ngareuah-reuah Agustusan (17 Agustus), unggal taun satutasna miéling kamerdikaan Indonésia, di kacamatan osok diayakeun pawéy pangwangunan. Unggal désa anu aya di kacamatan téh ngabringkeun masarakatna supaya mintonkeun kamonésanana di hareupeun panggung gegedén katut juri anu méré niléy. Unggal désa pahadé-hadé jeung paalus-alus abringan katut kamonésan anu dipintonkeun.

Abringan dina pawey pangwangunan
Abringan dina pawey pangwangunan

Kabiasaan anu geus aya ti jaman Pa Soeharto jumeneng kénéh ieu, bisa dijieun raraméan atawa hiburan pikeun masarakat. Lamun dina poé-poé biasa mah ngadekul digarawé, dina waktuna pawéy pangwangunan mah bisa arulin ka kacamatan sakalian ngabring atawa ngadon nongton anu pawéy.

Dina abringan, unggal désa mintonkeun kamonésan anu aya di désana séwang-séwangan. Sagala rupa jinis pagawéan masarakatna dipintonkeun. Anu budak sakola ngabring bari mintonkeun saragamna, ti mimiti budak SD nepikeun ka SMA. Kitu deui reujeung anu séjénna saperti ibu-ibu pangaosan, hansip, guru, ngilu ngabring maraké saragamna séwang-séwangan ngawakilan désana. Anu pagawéanana kana tatanén ogé henteu tinggaleun, mintonkeun hasil tatanénna. Teu anéh lamun dina abringan téh aya anu ngadon nanggung cau, ngagotong paré meunang ngageugeusan, aya ogé anu mawa pacul katut dilengkepan ku maké dudukuy cetok.

Salian ti mintonkeun anu nyirikeun kaayaan masarakatna, dipintonkeun ogé kamonésan séjénna anu jadi kabinékasan masarakatna. Aya anu ngagogotong wangunan anu ngaharib-harib kana imah anu dieusi ku kadaharan, jeung kabinékasan séjénna. Pokona mah pikeun ngareuah-reuah jeung pikeun nambahan niléy, sagala pamanggih anu motékar téh dikedalkeun jeung dijanggélékeun.

Di tungtung acarana, juri milih pamilon (désa) anu jadi jawarana. Jawara kahiji nepikeun katilu anu dilélér piala.

(Sumber potret @jangagung48)