Hunting Foto ti Hobi Foto Sumedang (HFS)


Hunting Foto ti Hobi Foto Sumedang (HFS)
Hunting Foto ti Hobi Foto Sumedang (HFS)

Hobi Foto Sumedang (HFS) baris ngayakeun kagiatan Hunting Foto anu dilumangsungkeun di wewengkon Curug Cigorobog Citengah Sumedang. Ari waktuna, nyaéta dina poé Ahad ping 19 Januari 2014 isuk-isuk jam dalapan nepikeun ka réngséna. Hunting Foto ieu mibanda jejer “Aul” anu meunang nyokot tina carita anu aya di tatar Sunda kalawan dipidangkeun ngaliwatan Aksi Téatrikal ti komunitas Absurd.

Ieu kagiatan bisa diiluan ku saha waé anu mikaresep kana hunting foto. Pikeun anu hayang ngiluan bisa langsung daptar kalawan waragadna 50 rébu. Salian ti bisa ngiluan kana ieu kagiatan hunting foto, anu daptar bakal meunang kadaharan tradisional Sunda.

Pikeun inpo leuwih lengkep bisa langsung waé ngontak ka Angga di nomer telepon 081322234098 atawa pin BB 21A0341C atawa ka Déni di nomer telepon 085224014230 atawa pin BB 2967ABDF.

Pérsib Bandung Nomer Hiji di Google Trends


Nurut inpo anu dipidangkeun ku Detik Sport ngeunaan Google Trends dina taun 2013, cenah Pérsib Bandung jadi kleub méngbal anu panglobana disungsi atawa ditéangan. Sakumaha anu geus papada apal, di tungtung taun Google osok nyieun ringkesan ngeunaan naon waé anu ditéangan salila sataun ngaliwatan loka panyungsi Google. Unggal ranggeuyan katagori dikumpulkeun terus diitung mana anu panglobana.

Persib Bandung nomer hiji di Google Trends 2013
Persib Bandung nomer hiji di Google Trends 2013

Pikeun katagori Tim Olah Raga Anu Kawentar di Google pikeun urang Indonésia nyaéta Pérsib Bandung. Urang Indonésia anu ngahaja néangan kecap Pérsib ngaliwatan mesin panyungsi Google ngaleuwihan kleub kawentar séjénna di sakuliah dunya. Kleub kayaning Real Madrid, Manchester United, Arsenal, Barcelona jeung anu séjénna ogé kaéléhkeun. Ieu kaayaan téh mangrupakeun kadua kalina sanggeus dina taun 2012 Pérsib jadi kleub anu panglobana ditéangan di Google.

Nempo hal ieu henteu anéh, kusabab Pérsib Bandung mangrupakeun salasahiji kleub anu loba pangrojongna (bobotohna). Bobotoh Pérsib kayaning Viking jeung Bomber kacida loba anggahotana, hususna di wewengkon propinsi Jawa Barat. Salian ti lobana bobotoh, Pérsib Bandung ogé mangrupakeun salasahiji kleub pangséhatna lamun nilik kana cara ngokolakeun danana. Pérsib Bandung jadi salasahiji kleub anu henteu kudu ménta waragad ka pamaréntah. Ku ngandelkeun pangrojong ti sponsor ogé bisa jalan. Atuh pamaén anu ngeusina ogé lain pamaén joré-joré. Kalolobaanana mah pamaén anu kaasup béntangna di Liga Indonesia.

Ngan hanjakal waé ieu kapinunjulan téh henteu bisa langsung mawa alus dina ngalakonan kompetisi. Pérsib Bandung tacan bisa deui jadi jawara di Liga Indonesia. Iraha atuh arék jadi jawara deui?

Puseur Dayeuh Sumedang Dibebenah


Supaya leuwih merenah tur tumaninah, wewengkon puseur dayeuh Sumedang mimiti dibebenah. Ti mimiti parapatan Polrés Sumedang nepikeun ka alun-alun baris dibébérés, sangkan dayeuh Sumedang téh jadi pikaresepeun. Geus jadi program Bupati Sumedang entragan ayeuna, parapatan Polrés Sumedang baris dirobah kaayaanana jadi bunderan saperti di Alam Sari. Alun-alun ogé anu osok ramé ku anu daragang di sisi jalan bakal dibébérés supaya henteu daragang di sabudeureun Alun-alun. Pon kitu deui reujeung wewengkon Gedong Nagara bakal dibebenah ogé.

Alun-alun Sumedang
Alun-alun Sumedang

Parapatan Polrés Sumedang salila ieu osok jadi tempat padedetna kandaraan anu lalar liwat ka ieu parapatan. Kandaraan anu asalna ti wewengkon Bandung, dayeuh Sumedang jeung ti wewengkon Cirebon pasarandog di ieu parapatan. Antukna nyababkeun kandaraan téh loba padedet di ieu parapatan, tungtungna remen macét. Pikeun ngungkulanana, pamaréntah Sumedang baris ngarobah ieu parapatan jadi bunderan. Tujuanana mah supaya henteu macét ku kandaraan anu lalar liwat. Pikeun ngalaksanakeun ieu program geus disadiakeun waragadna, utamana pikeun meuli tempat (taneuh) anu baris dipaké ngawangun ieu bunderan.

Ngeunaan anu daragang di Alun-alun Sumedang, cenah mah bakal dipindahkeun tempat daragangna ka tempat anu séjén. Anu tadina daragang di sabudeureun Alun-alun, mimiti poé ayeuna (Ahad, ping 29 Désémber) dipindahkeun ka tempat anu anyar. Tukang dagang anu biasa daragang di Alun-alun, dipindahkeun tempat dagangna ka hareupeun Gunung Kunci. Sedengkeun anu biasa daragang dina poé Saptu jeung Ahad dipindahkeun ka Lapang Pacuan Kuda. Hal ieu mibanda maksud pikeun mémérés Alun-alun Sumedang supaya jadi tempat anu pikabetaheun anu ngadon arulin.

Ngeunaan wewengkon/kompléks Gedong Nagara, bakal dibebenah ogé. Ka hareupna lain ngan ukur pikeun tempat dines wungkul tapi jadi tempat wisata. Pager hareupna, cenah mah bakal dipundurkeun supaya tempat pikeun neundeun kandaraan leuwih lega. Terus, balong anu aya di tukang ogé henteu tinggaleun bakal dibebenah. Supaya balongna bisa dimangpaatkeun ku masarakat umum pikeun dijadikeun tempat wisata saperti paparahuan/rarakitan.

Kitu nurutkeun warta anu katampi ti loka warta Pikiran Rakyat.

Sumedang Bakal Mibanda Tilu Musieum


Nurutkeun inpo anu diancokeun ku loka warta Pikiran Rakyat, pamaréntah Sumedang ngaliwatan Dinas Kebudayaan, Pariwisata, Pemuda dan Olah Raga (Disbudparpora) Kabupatén Sumedang baris memener Musieum Prabu Geusan Ulun (MPGU) dina taun hareup (2014). Salian ti baris memener MPGU, pamaréntah ogé bakal ngawangun dua musieum anyar nyaéta Musieum Antropologi Rancakalong reujeung Musieum “Qolbu” Één Sukaésih di Kacamatan Cimalaka. Pikeun ngalaksanakeun éta pamaksudan, geus dicawiskeun waraga anu gedéna hiji satengah milyar anu asalna ti Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan.

Sababaraha wangunan di kompleks musieum PGU
Sababaraha wangunan di kompleks musieum PGU

Musieum Prabu Geusan Ulun anu geus aya bakal dibébérés supaya leuwih alus. Unggal rohanganana bakal dibebenah, pangeusina (banda titinggal jaman baheula/koléksi) bakal diperenahkeun supaya leuwih merenah katempona. Leuwih jauhna, unggal banda titinggal jaman baheula anu miboga niléy sajarah bakal dilengkepan ku téhnologi digital. Lamun anu ngadongdong ka ieu musieum hayang nyaho kana sajarah ngeunaan hiji banda, kari nyungsi inpona ngaliwatan monitor anu gedé anu disadiakeun. Musieum ieu ogé bakal dilengkepan ku home theater. Salian ti éta, MPGU ogé bakal dilengkepan ku art shop reujeung outlét husus anu ngajual oléh-oléh ti musieum kayaning paranti gantungan konci mangrupa makuta Binokasih.

Di wewengkon Rancakalong, pikeun nambahan tempat pangjugjugan di Désa Wisata Rancakalong bakal diwangun musieum anyar nyaéta Musieum Antropologi Rancakalong. Musieum ieu diwangun kalawan basajan, anu diperenahkeun di sababaraha imah warga pangeusi Désa Wisata Rancakalong. Di ieu musieum bakal dieusi ku banda mangrupa paparabotan anu osok aya di imah sarta paparabotan anu osok dipaké sapopoé ku masarakat. Paparabotan kayaning Étém, Halu, reujeung paparabotan anu aya di dapur bakal dipidangkeun. Cenah mah nepikeun ka 150 rupa banda anu bakal diancokeunana. Musieum ieu bakal dingaranan ‘Museum Kahirupan Urang Lembur’.

Anu katiluna, nyaéta Musieum “Qolbu” Één Sukaésih di rumah pintar anu dikokolakeun ku Ibu Één Sukaésih di Kampung Batukarut, Désa Cibeureum Wétan, Kacamatan Cimalaka. Rupa-rupa dokumén anu aya patalina reujeung Ibu Één Sukaésih bakal diteundeun di ieu musieum. Ti mimiti potrét, warta di rupa-rupa média nepikeun ka rupa-rupa buku bakal ngalengkepan ieu musieum.

Pidangan Seni Budaya Rumawat Padjadjaran Entragan ka-65


Sakumaha anu diwartakeun ku loka Unpad jeung akun twitter Balé Rumawat, dina poé Salasa pagéto ping 24 Désémber 2013 baris diayakeun pidangan Seni Budaya Rumawat Padjadjaran anu ka-65. Pidangan seni budaya anu dijejeran Pop Sunda Ti Mangsa ka Mangsa ieu baris midangkeun pirigan musik pop Sunda ti sababaraha entragan. Ti mimiti entragan taun 60-an nepikeun ka entragan ayeuna. Ngeunaan waktuna, ieu pidangan téh dilumangsungkeun dina jam satengah dua pabeubeurang nepikeun ka satengah opat pabuburit. Ari tempatna di Grha Sanusi Hardjadinata Universitas Padjadjaran, Jl. Dipati Ukur No. 35 Dayeuh Bandung.

-

Lagu jeung musik pop Sunda anu baris dipidangkeun diantarana waé Panon Hideung, Tongtolang Nangka, Béas Beureum jeung Tilil Dog Celentong anu biasa dihaleuangkeun ku Nada Kantjana, Modjang Prijangan (Mus DS & Orkés Teruna Ria), Cai Kopi, Teungteuingeun jeung Cing Tulungan anu digalindengkeun ku Lilies Suryani, Euis (Bing Slamet & Rita Zahara), Ka Huma (Ivo Nilakresna), Peuyeum Bandung (Élly Kasim), Badjing Luncat,  Cikapundung, Tumbila Diadu Boksen, Dikantun Tugas (Upit Sarimanah), És Lilin, Hariring Kuring (Tati Saléh) katut Leungiteun ti Tétty Kadi. Sedengkeun ari lagu ti entragan 70-anana nyaéta lagu Koboy Kolot anu mimiti dihaleuangkeun ku Bimbo. Entragan 80-an nepikeun ka ayeuna midangkeun lagu Kalangkang jeung Potrét Manéhna ti Nining Méida & Adang Céngos, Amparan Sajadah, Kabogoh Jauh (Darso), Mobil Butut, Talak Tilu (Bungsu Bandung), Curug Cinulang (Yayan Jatnika), Bangbung Hideung jeung Rujak Cuka (Rika Rafika) ditambah ku Teuteup jeung Imut ti Rita Tila.

Béntang anu baris midangkeun lalaguanana diantarana waé Tétty Kadi, Nining Méida, Bungsu Bandung, Rika Rafika, Rita Tila, Dinasti Darso (Yayan Jatnika – Asép Darso – Ujang Darso), Ujang Supriatana, Maé Nurhayati, Novi Aksmiranti, Gilang Angga Gumelar, Dika Dzikriawan, Wahyi Sobari, jeung réa-réa deui.

Pikeun anu mikaresep kana pop Sunda taya salahna pikeun ngadongdon kana ieu acara. Komo deui ka anu hayang nyoréang mangsa ka tukang kumaha pirigan musik pop Sunda baheula. Dina ieu pidangan, pirigan musik pop Sundana diluyukeun reujeung aslina.

Ping 1 Suklapaksa Posya 1950 Candra Kala Sunda


Ping 1 Suklapaksa Posya 1950 Candra Kala Sunda
Ping 1 Suklapaksa Posya 1950 Candra Kala Sunda

Mikawanoh Pamilon Piala Dunia 2014 (4): Ostrali


Tim méngbal Ostrali mangrupakeun salasahiji anu pangalusna di wewengkon sagara Oséania. Taya anu bisa nandingan kana kadigjayaanana. Nagara anu rada bisa ngimbanganana paling ogé nagara Selandia Anyar. Henteu anéh lamun dina unggal kajawaraan hususna kualifikasi Piala Dunia nagara Ostrali jadi nagara pangnyongcolangna di ieu wewengkon. Hanjakal waé sanajan pangnyongcolangna, ari asup ka Piala Dunia mah kakara tilu kali. Ieu henteu leupas tina hancengan anu dicawiskeun ka wewengkon saraga Oséania. Béda reujeung wewengkon anu séjén, wewengkon sagara Oséania mah hancenganana pangsaeutikna, ngan satengah nagara. Atuh, sanajan Ostrali bisa jadi jawara di ieu wewengkon angger waé henteu bisa langsung asup Piala Dunia. Lamun hayang asup téh kudu ngéléhkeun heula lawan anu asalna ti wewengkon séjén.

Tim mengbal nagara Ostrali
Tim mengbal nagara Ostrali

Kusabab asa dianaktérékeun meureunan, ahirna mah nagara Ostrali téh maksa hayangeun pindah wewengkon anu asalna ti wewengkon sagara Oséania (Konfederasi Mengbal Oseania) ka Konfederasi Méngbal Asia. Dina taun 2006 ahirna disatujuan pikeun ngahiji di wewengkon Asia.

Data ngeunaan Méngbal Iran

logo
Organisasi Football Federation Australia (FFA)
Ngadeg
Konfederasi Asian Football Confederation (AFC)
Ngiluan AFC
Ngiluan FIFA
Nu Ngalatih
Kapten Tim
Rengking FIFA
Saragam Koneng – Hejo
Sesebutan Socceroos
Pangalaman Piala Dunia
1930 Teu ngiluan
1934 Teu ngiluan
1938 Teu ngiluan
1950 Teu ngiluan
1954 Teu ngiluan
1958 Teu ngiluan
1962 Teu ngiluan
1966 Teu ngiluan
1970 Teu asup
1974 Undakan Kahiji
1978 Teu asup
1982 Teu asup
1986 Teu asup
1990 Teu asup
1994 Teu asup
1998 Teu asup
2002 Teu asup
2006 Undakan Kadua
2010 Undakan Kahiji
Lalampahan ka Piala Dunia 2014
Babak Kualifikasi Wewengkon Asia
Undakan Kahiji
Undakan Kadua Iran – Maladewa 5 – 0
Undakan Katilu Jawara Kahiji Grup D
Ostrali – Thailand 2 – 1
Arab Saudi – Ostrali 1 – 3
Ostrali – Oman 3 – 0
Oman – Ostrali 1 – 0
Thailand – Ostrali 0 – 1
Ostrali – Arab Saudi 4 – 2
Undakan Kaopat Jawara Kadua Grup B
Oman – Ostrali 0 – 0
Ostrali – Jepang 1 – 1
Yordania – Ostrali 2 – 1
Irak – Ostrali 1 – 2
Ostrali – Oman 2 – 2
Jepang – Ostrali 1 – 1
Ostrali – Yordania 4 – 1
Ostrali – Irak 1 – 0