Smartfren Andromax-i, Henpon Android dua Kartu ti Smartfren


Sanggeus ngaluarkeun sababaraha jinis hénpon Android, Smartfren ngaluarkeun deui hénpon Android anu anyar. Sakumaha ngaran hénpon Android saméméhna, ieu hénpon ogé maké ngaran anu sarua kalawan dirarangkenan i, jadi Smartfren Andromax-i. Ieu hénpon téh bisa jadi pikeun gaganti hénpon Andromax saméméhna.

Nilik kana kamonésanana mah, alus ogé ieu hénpon téh. Jeroanana ogé ampir sarua reujeung hénpon Android kaluaran ti pausahaan anu geus kawentar. Hal ieu bisa diilikan dina jinis prosésor anu dipakéna. Prosésor anu diterapkeu dina ieu hénpon téh geus dual-core kaluaran ti Qualcomm, Snapdragon 1 GHz kalawan ditambahan kuayana GPU Adreno 203 pikeun ngokolakeun grapisna. Terus ogé layar anu dipakéna lumayan gedé, 4 inci ukuranana kalawan geus miboga kamampuhan pikeun nangkep inputan lima ramo (multitouch). Entragan Android anu dipakéna geus pérsi anu anyar, Android 4.0 ICS (Ice Cream Sandwich). Kaméra anu dipakéna miboga resolusi 5 MP pikeun kaméra tukang, sedengkeun kaméra hareupna miboga resolusi 1,3 MP. Aya ogé paranti nyetél radio FM.

Kusabab ieu hénpon téh dibekelan slot kartuna dua, ieu hénpon salian ti bisa dipaké dina jaringan Smartfren, bisa ogé dipaké dina jaringan GSM ku jalan nerapkeun kartu GSM naon waé. Ngan, cenah kartu GSM-na moal bisa dipaké lamun kartu Smartfren-na henteu diterapkeun. Hanjakalna, jaringan GSM ieu hénpon tacan ngarojong jaringan 3G ka luhur. Kartu GSM-na ngan ukur bisa dipaké dina jaringan 2G (nelepon jeung SMS), teu bisa dipaké pikeun internétan. Tapi teu nanaon, da internétan bisa maké jaringan Smartfren.

Pikeun kamonésan séjénna mah, hénpon ieu ogé dilengkepan ku kamonésan sakumaha hénpon Android séjénna.

Henpon Smarfren Andromax-i

Sanajan ieu hénpon téh miboga kamonésan jeung spésipikasi anu alus, hargana mah lumayan murah. Harga standarna mah sajuta satengah. Ngan salila promosi mah, ieu hénpon téh dijual kalawan harga sajuta dua ratus rébu kurang sarébu (1.199.000). Anu meuli ieu hénpon bakal meunang bonus pakét internét salila 12 bulaneun anu gedéna 1GB dina sabulanna.

5 thoughts on “Smartfren Andromax-i, Henpon Android dua Kartu ti Smartfren

    • Kapinunjulanana:
      1. Prosesorna dual-core
      2. Kartu SIM-na aya dua
      3. Layarna 4 inci
      4. Androidna persi 4.0
      5. Hargana murah

      Kakuranganana:
      1. Kamampuhan kamerana kurang ditambahan taya lampu blitz, respon nangkep gambarna kurang
      2. Kartu GSM-na tacan ngarojong jaringan 3G/HSDPA. Ngan ukur SMS+nelepon

      Like

  1. Hi there! I understand this iis somewhat off-topic however I had to ask.
    Does building a well-established website like yours take a massive
    amount work? I am completely new to running a bog but I do
    write in myy journal on a daily basis. I’d like to start a blog so I will be able to
    share my experience and feelings online. Please let
    me know if you have any ideas or tips for brand
    new aspiring blog owners. Appreciate it!

    Like

  2. Greetings I am so delighted I found your site, I really found you by mistake, while I was searching oon Aol for something else, Nonetheless I aam here now and woild just like
    to say cheers for a tremendous post and a alll round enjoyable blog (I also love the theme/design),
    I don’t have time to go through it all at the minute but I have
    bookmarked it and also added your RSS feeds, so when I have
    time I will be back to read more, Please do keep up the great job.

    Like

Waler 7zip free download computer games Bolaykeun waleran