Poé Basa Indung Sadunya 2016


Mieling poe basa indung sadunya taun 2016
Mieling poe basa indung sadunya taun 2016

(Gambar: instagram @ram_sundamerch)

Raména Miéling Poé Basa Indung Sadunya 2015 Padépokan Seni Mayang Sunda


Poé saptu mangkukna geus dilumangsungkeun acara dina raraga miéling poé basa indung sadunya entragan 2015. Kalawan ngagunakeun tempat Padépokan Seni Mayang Sunda, pagelaran anu dijejeran “Gelar Seni Sunda – Miéling Poé Basa Indung Sadunya 2015” ieu diayakeun kalawan ramé. Sababaraha urang seniman Sunda ngareuah-reuang ieu pagelaran. Seniman anu aya dina papayung Paguyuban Seniman Rekaman Tata Sunda (Panaratas) mintonkeun kamonésan séwang-séwangan.

Miéling Poé Basa Indung Sadunya 2015 Padépokan Seni Mayang Sunda
Miéling Poé Basa Indung Sadunya 2015 Padépokan Seni Mayang Sunda

Pagelaran ieu dilumangsungkeun mimiti jam tujuh peuting nepikeun ka jam sapuluh peuting. Anu milu ngareuah-reuahna, diantarana waé Rita Tila, Nining Méida, Nénéng Fitri, Rya Fitria, Salma Kurnia, jeung Dody Mansyur.

Cenah mah, ieu acara téh mangrupakeun bukti pangrojong Panaratas kana ayana basa indung, hususna Basa Sunda. Salian ti éta, ditambah ku pikeun ngaraketkeun tali mimintran antara seniman Sunda, hususna seniman anu ilubiung kana seni musik.

Dina ieu pagelaran, dipintonkeun sabaraha lagu pop Sunda anu dihaleuangkeun ku Rita Tila saperi lagu Es Lilin jeung Bangbung Hideung. Terus Nining Meida midangkeun lagu Potret Manehna jeung Jol; Rya Fitri kalawan lagunan Bogoh Kasaha reujeung Jalir Jangji, ditambah lagu Nasib reujeung Ros Bodas anu dibawakeun ku Dody Mansyur. Sedengkeun Neneng Fitria anu muka hajat mintonkeun tembang cianjuran. Ieu pagelaran ditutup ku tembang Pileuleuyan.

(Inpo meunang nyutat ti Inilahkoran.com potret meunang nginjeum ti KoranSindo.com)

Sunda Taya Paéhna, Sawala Basa Indung di Lembur Singkur


Sunda Taya Paéhna, Sawala Basa Indung di Lembur Singkur
Sunda Taya Paéhna, Sawala Basa Indung di Lembur Singkur

Masih kénéh aya pakaitna reujeung mapag atawa miéling Poé Basa Indung Sadunya, Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) baris ngayakeun program pikeun néangan jeung ngarékam basa ti pasisian. Nurutkeun inpo anu dipidangkeun dina pésbukna Kang Dadan Sutisna, ieu kagiatan téh baris dilumangsungkeun di dua tempat, nyaéta (1) Imah Mang Cahyu, tukang nyieun boboko jeung dingkul reujeung di (2) Sawah Blok Layeut, tempat urang lembur nyiar pakasaban. Ari waktuna nyaéta dina saptu peuting (ping 22 Pébruari) nepikeun ka ahad isuk-isuk (23 Pébruari).

Dina ieu acara baris mintonkeun sababaraha urang panyatur tina sababaraha jinis profési. Unggal panyatur bakal dipentés pikeun nyaritakeun profésina. Kecap-kecap anu ahéng, cenah mah, baris dicatet atawa didokuméntasikeun. Anu tungtungna mah bakal kaukur kamampuhanana dina maraké basa indung. Panyatur anu baris ilubiung diantarana waé nyaéta Mang Adang (patani bako, Lebé manten), Mang Cahyu (tukang nyieun boboko), Ajengan Fadil (pupuhu acara Yasinan), Mang Anang (patani suung nu aktif di DKM), Mang Supatma (kungsi jadi tukang kiridit), ditambah ku sawatara urang ti rupa-rupa profési séjénna.

Pikeun anu hayang ngiluan kana ieu kagiatan bisa ngirim pésen ka Kang Dadan Sutisna ngaliwatan koropak di pésbuk.

Pidangan Seni Budaya Rumawat Padjadjaran dina Raraga Miéling Poé Basa Indung Sadunya


Dina raraga miéling datangna Poé Basa Indung Sadunya taun 2014 ayeuna, Unit Kasenian Universitas Padjadjaran (UNPAD) seja ngayakeun acara Pidangan Seni Budaya Rumawat Padjadjaran entragan ka-67. Ieu acara téh baris magelarkeun rupa-rupa sastra Sunda kayaning maca puisi, dongéng, monolog, maca carita pondok (carpon), fiksi mini jeung sisindiran. Nurutkeun warta anu katampa dina média twitter katut loka UNPAD, ieu pidangan téh baris dilumangsungkeun dina poé ayeuna (Jumaah, 21 Pébruari 2014) jam salapan isuk-isuk nepikeun ka jam sawelas. Ari tempatna di Grha Sanusi Hardjadinata kampus Universitas Padjadjaran Jl. Dipati Ukur No. 35 dayeuh Bandung. Cenah mah ieu pidangan téh baris dieusi ku sastrawan anu geus kahot kayaning Godi Suwarna, Elin Syamsuri, Rinrin Candraresmi jeung réa-réa deui.

Pidangan Seni Budaya Rumawat Padjadjaran Entragan ka-67
Pidangan Seni Budaya Rumawat Padjadjaran Entragan ka-67

Ngabring ka Gedong Saté dina Miéling Poé Basa Indung Sadunya


Sababaraha puluh urang mahasiswa UPI Bandung ngariung di hareupeun Gedong Saté
Sababaraha puluh urang mahasiswa UPI Bandung ngariung di hareupeun Gedong Saté

Sababaraha puluh urang mahasiswa jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) dina poé tadi ngayakeun hélaran dina raraga mapag Poé Basa Indung sadunya dina taun 2014. Kalawan maraké baju tradisional Sunda, mahasiswa téh ngabring ngajugjug ka Gedong Saté. Ieu kagiatan téh miboga maksud pikeun ngawanohkeun ayana Poé Basa Indung Sadunya anu ninggang dina ping 21 Pébruari. Salian ti éta, ogé seja umajak ka sakumna warga masarakat Jawa Barat pikeun maraké Basa Sunda.

Dumasar kana kaayaan ayeuna yén Basa Sunda téh geus loba anu ninggalkeun utamana di wewengkon dayeuh. Urang Sunda entragan ayeuna geus loba anu henteu maraké Basa Sunda dina obrolan sapopoéna. Kuayana ieu kagiatan susuganan urang Sunda entragan anyar miboga kahayang jeung patékadan pikeun miara jeung mulasara Basa Sunda.

(Inpo meunang nyutat ti Republika Online, gambar ti Pikiran Rakyat)