Panjang Lengkah, Pondok Lengkah


Mangsa lulus SD, adina si Acim, nyaeta si Onah henteu diteruskeun sakolana teh. Sedengkeun mangsa si Acim lulus sakola SD, manehna mah ku kolotna dititah neruskeun sakola ka SMP. Sanajan lumayan jauh oge manehna teh neruskeun sakola ka SMP anu aya di Kacamatan, anu jauhna teh kira-kira genep kilo. Sanajan hoream neruskeun oge manehna teh teu burung daek sakola ka SMP.

Ngan tetep wae aya anu ngaganjel dina hate manehna teh. Kunaon adina henteu neruskeun sakolana. Padahal pan adina mah lumayan rada pinter oge. Beda jeung manehna anu kawentar rada bodo. Naha atuh kolotna teh bet mentingkeun manehna tibatan anu jadi adina.

Matak panasaran….

Tapi si Acim teu daek wakca balaka ka kolotna.

Nincak sakola di SMP manehna kakara manggihan pijawabeunna teh. Kira-kirana pijawabeun dina mas’alahna teh. Cenah ceuk guru Basa Sunda di SMP, aya babasan lalaki mah panjang lengkah, sedengkeun awewe mah pondok lengkah.

Lalaki mah bebas arek ka mana wae oge, moal teuing melang moal kacida hariwangna pikeun kolot. Sanajan jauh oge lalaki mah masih keneh bisa ngajaga diri, ngajaga awak.

Sedengkeun ari nu ngaranna awewe mah, kolot teh osok loba pikahariwangeun. Sieun ku ieu sieun ku eta. Loba kasieun. Sieun teu bisa ngajaga diri jeung jaga awak. Matak budak awewe mah mending di imah wae teu kudu jauh-jauh teuing iinditan, komo nepikeun ka tempat anu jauh bari henteu dibarengan ku dulur atawa anu baris ngapingna mah.