Aya Kélong Néwo-néwo


Salian ti jalma, anu néwo-néwo téh aya ogé tina jinis kalong (kélong). Hanjakal ieu mah lain dina harti sagemblengna. Da kecap aya kélong néwo-néwo mah lain harti saenyana. Ieu kalimah henteu miboga harti saujratna.

Sanajan dina kalimahna mah kélong anu néwo-néwo téh, tapi sabenerna mah jalma kénéh waé anu boga kalakuanana téh. Kélong anu ngilu néwo-néwo téh nuduhkeun ka jalma anu néwo-néwo ngan henteu kanyahoan (tacan apal sasahana). Ku ayana kélong néwo-néwo, ngabalukarkeun kaayaan anu sakuduna geus bérés roés, jadi pakusut atawa pabaliut deui.

Lamun aya jalma anu miboga mas’alah atawa perkara reujeung jalma deui, supaya lungsung-langsar kahirupanana, éta mas’alah téh kudu diréngsékeun atawa dibebener. Mémérés pasualan kahirupan nepikeun ka mas’alahna bérés. Sanggeus pasualan kahirupan reujeung papada jalma réngsé mah, apanan kahirupan téh bakal genah tur tumaninah.

Mas'alah
Mas’alah

Dina palebah aya kélong néwo-néwo, pasualan anu geus réngsé téh osok matak rudet deui. Mas’alah anu geus dibebener téh osok mucunghul deui. Ieu mas’alah datang deui kusabab kalakuan jalma anu henteu resepeun yén pasualan anu disinghareupan téh bisa réngsé. Éta jalma miharep mas’alahna terus aya, ngaganggu kahirupan. Ngan hanjakal jalma anu nyababkeun mas’alahna mucunghul dei téh susah katohiyanna. Susah kapanggih jinisna. Éta jalma téh bisa disebut kélongna, kélong anu néwo-néwo.

(Gambar meunang nginjeum ti us.123rf.com)

Nyungsi Daptar Babasan jeung Paribasa


yobaan masang Linux dina kompiuter disagédéngeun Windows, nyababkeun data dina hardis kompiuter laleungitan kaasup data tulisan dina blog. Kapaksa kudu néangan deui. Salasahiji data tulisan (bahan tulisan) téh ngeunaan babasan jeung paribasa. Kaleungitan daptar babasan jeung paribasa jadi bingung. Kapaksa kudu néangan deui. Inget ka Wa Google, atuh bisa ménta tulung pikeun mangnéangankeun. Nya ahirna mah meunang ogé. Lumayan loba ogé tulisan anu geus dipedalkeun anu aya pakaitna reujeung babasan paribasa. Ku jalan nulis kecap anu ditéanganana ‘Babasan jeung Paribasa’, diancokeun hasil panalungtikanana.

Hasil panalungtikan ti Wa Google

Diantara hasil panalungtikan Wa Google ngeunaan babasan jeung paribasa téh nyaéta:

  1. SundaNet Portal Komunitas Sunda, 100 BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA.
  2. Kip’s Bandung, Kumpulan Pribahasa (Babasan-Paribasa) Sunda.
  3. Saung DEDIMLYD[DOT]WEB[DOT]ID, Kumpulan Pribahasa (Babasan/Paribasa) Sunda Jeung Hartina.
  4. Lembur Kuring, Kumpulan Babasan jeung Paribasa Sunda.
  5. Wikipédia Ensiklopédia Bébas, Daptar babasan jeung paribasa.
  6. ozminimzo Personal Blog, Beberapa Babasan dan Paribasa Sunda.
  7. Muhsinpamungkas’s Blog Blog Pengetahuan dan Kebudayaan, BABASAN JEUNG PARIBASA (Bagian ka Salapan).
  8. Bynewz Putera Panjalu, Babasan Jeung Paribasa Sunda Tina Awalan Huruf I.
  9. Bynewz Putera Panjalu, Babasan Jeung Paribasa Sunda Tina Awalan Huruf O.
  10. Riksa Riungan Ki Sunda, Babasan Jeung Paribasa.

Ngan sakitu wae heula anu disampakeunana. Da sabenerna mah masih kénéh loba pedalan séjénna anu aya pakaitna reujeung daptar babasan jeung paribasa.

Aya Bagja Teu Daulat


Balik ti kampus, si Acim heraneun. Naha ngan aya hiji mobilna di sisi jalan teh? Naha henteu nambahan, beubeunngan ti dayeuh Jakartana? Naha henteu nambahan atawa memang henteu diteundeun di sisi jalan…? Kitu gerentes hatena. Turun tina angkot, manehna langsung muru ka imah kosan. Nepi ka imah, nyarampak anu boga imah sakulawarga eukeur pada-pada istirahat di tengah imah. Katempo ku manehna siga anu carape pisan. Nya, ku manehna oge kama’lum, henteu cape kumaha atuh. Da sakulawarga enggeus ngajugjug tempat anu kacida jauhna, ka dayeuh gede, nyaeta Jakarta tea. Mangkaning bulak-balik, indit rebun-rebun, balikna pabeubeurang muru ka sore.

Salian ti eta katempo ku manehna anu bontrakan teh lir ibarat anu pada-pada hanjelu atawa kaduhung jeung keuheul.

“Lamun apal bakal kieu mah meureunan hangeuk teuing kudu jauh-jauh ngajugjug ka Jakarta sagala.” ceuk si Ibu anu boga kontrakan bari rumahuh.

“Bener etana mah. Tapi asa piraku deui lamun tea mah eta undian teh bobohongan. Naha bisa bocor ka luar sagala.” Adina si Ibu anu boga kontrakan mairan.

“Menggeus lah, entong dicaritakeun bae. Da matak kitu oge meureun lain milik urang.” si bapa anu boga kontrakan ngagebes bari diuk dina korsi.

Ari si Acim tacan ngarti kana naon anu eukeur lumangsung. Manehna diuk dina korsi di gigireun si bapa anu boga kosan bari ngaregepkeun sagala anu eukeur diobrolkeun.

“Da lain neuteuli ieu mah. Tapi da kumaha geningan. Apanan urang teh geus hese cape ti mangkukna keneh. Neangan duit pikeun nembusna, terus kudu disusul sagala ka Jakarta. Tapi buktina geningan teu beubeunangan….” si ibu kontrakan tetep handeueuleun.
“Nya dikumaha deui atuh….” Tembal si bapa kontrakan bari nyarande kana korsi bari peupeureuman.

“Naha kumaha kitu Bu…?” Si Acim kakara ngabogaan lolongkrang pikeun nanya.

“Eh…, geus mulang. Sugan teh acan mulang.” si ibu kontrakan ngareret ka si Acim. “Eta…, perkara hadiah tea. Cenah mah teuaya undian nanaon da.”

“Naha, bet tiasa kitu nya…?” Si Acim heraneun.

“Nya kitu tea meureunan. Sigana mah aya anu ngaheureuykeun. Da lamun nilik kana surat anu nepi ka dieu mah apanan jiga anu bener jeung asli. Malahan mah apanan aya cap reujeung paraf ti anu ngayakeun undian reujeung ti kulisi sagala.” Ceuk adina ibu kontrakan.

“Bener eta teh. Da lamun henteu nilik kana suratna mah moal daek kudu ripuh-ripuh, hese-hese neangan duit pikeun nembusna reujeung dijugjugan ka kantorna sagala.” si ibu kontrakan mairan deui. “Lamun apal bakal kieu mah meureunan mending keneh jalan-jalan sakalian liburan.”

“Pami eta, saur ti dituna kumaha kitu…?” Si Acim nanya deui.

“Enya cenah mah da taya undian di dituna mah.” Tembal si ibu kontrakan.

“Enya. Tapi da nempo suratna mah sasaha oge pasti percaya yen eta surat teh asli ti anu ngayakeun undian.” si bapa mairan. “Reujeungna deui naha bisa eta kupon anu dikirim teh bet bisa nyasar ka mana wae. Lamun tea mah henteu ngayakeun undian, naha bet bisa aya dina surat anu dikirimkeun ka dieu.”

Kabehanana ngaharuleng.

“Tapi, geus lah tong dipikiran teuing lah. Sanajan geus bungah bakal meunang hadiah anu gede oge, tapi da lamun lain rejekina mah geningan angger wae teu nepi ka urangna.” Pungkas si bapa kontrakan bari cengkat muru ka kamarna.

Adat Kakurung Ku Iga


Di kantin sakola, si Edah eukeur guntreng ngobrol reujeung si Omon. Sanajan beda kelas reujeung beda lembur ditambah deui kakara wawuhna oge sababaraha minggu, duanana oge geus nyobat pisan.

“Mon, maneh teh babaturanana si Acim lain…?” Si Edah nanya ka si Omon.

“Heu-euh. Malahan mah lain babaturan deui. Da kuring reujeung manehna mah teu asa jeung jiga deui. Da geus jadi jadi sobat ti leutik keneh.” Tembal si Omon daria.

“Oh kitu. Salembur nya…?”

“Heu-euh. Salembur, sasakola deui waktu di SD, sakelas deuih.” Tembal si Omon deui.

“Lamun kitu mah apal atuh kana pasipatanana….” Si Edah nyoksrok jero, siga anu hayangeun apal kana pribadi si Acim.

“Nya…, perkara eta mah apal atuh. Tapi…,” si Omon teu kebat nyaritana.

“Tapi kumaha?” si Edah megat omongan.

“Teu kukumaha ketang.” si Omon teu jadi terus terangna.

“Naha…?” Si Edah panasaran. “Pedah ka sobat nya…? Moal beja-beja sagala rusiahna….?”

“Lain kitu atuh.” Si Omon ngahuleng.

“Terus…?”

“Teu ah. Enggeus ah tong nyaritakeun nu kitu. Tong nyaritakeun perkara eta. Mending keneh nyaritakeun hal sejen.” Si Omon nyalenggorkeun omongan.

“Em…. Saeutik wae atuh nya. Kuring mah ngan hayang apal kana pasipatan si Acim wungkul. Hiji wae.” Penta si Edah.

“Pasipatan nu kumaha?” Tembal si Omon siga anu haroream.

“Nya nu kumaha wae atuh. Nu penting mah pasipatan manehna.”

“Embung ah. Sieun kadengeeun ku manehna.” Si Omon culang-cileung.

“Moal atuh. Da si Acim mah eukeur di Perpustakaan. Jadi moal ngadengeeun. Dijamin lah.” Si Edah maksa.

Si Omon ngahuleng. Manehna luak-lieuk. Di kantin teh rada loba murid sakola, ngan tacan karenal kabehanana dan bareda kelas, kelasna saluhureun manehna. Aya anu saangkatan ngan beda kelas, reujeung tacan pati karenal kabehanana. Nu kenal teh kakara reujeung si Edah katut si Ikah wungkul, ditambah ku si Asep, Lalan, Wulan, Dede, Hendrik, Sahlan. Kabehananaa oge anu sakelas reujeung si Edah. Nu sejenna paling oge babaturan anu asal SD-na sarua reujung manehna: si Duyeh, si Uju, jeung nu sejenna.

“Kumaha…?” Si Edah maksa.

“Kumaha nya…,” si Omon ngahuleng.

“Eta wae atuh, hiji wae, ngan hiji….” Si Edah keukeuh maksa.

“Heug atuh lamun kitu mah. Tapi omat ulah dibeja-beja ka manehna nya.”

“Nya heu-euh atuh. Masing percaya wae ka kuring.” Si Edah nyayakinkeun si Omon.

“Manehna mah tara ieuh daria. Osok heureuy wae.” Ceuk si Omon. Nyaritana ampir teu kadenge da rada halon.

“Nu kitu mah atuh lain pasipatan. Da tiap jalma oge osok heureuy….” Si Edah siga anu hanjelu.

“Ih da ieu mah lain ngan ukur heureuy saheureuy-heureuyna atuh. Manehna mah teu nempo kaayaan. Sanajan anu nyaritana teh daria, tapi manehna mah siga anu heureuy wae. Teu dianggap daria. Eta pasipatanna teh lamun anu teuapal mah matak pikakeuheuleun. Da manehna mah teu nempo jalmana, sanajan kakara kenal oge tetep wae, eta pasipatanna teh teu bisa dipiceun atawa disumputkeun heula sakeudeung mah. Teuing atuh da kuring oge heran ku manehna mah. Langka dariana da. Geus pasipatanana meureun….” Ceuk si Omon deui panjang lebar.

“Nya lamun kitu mah atuh. Da si Acimna aya ka dieu.” Si Edah ngareret ka lawang panto kantin.

“Cim, cenah bapa maneh jadi bandar cau. Bener eta teh?” Mang Jeje, anu boga kantin nanya ka si Acim anu kakara asup ka kantin.

“Duka nya….” Tembal si Acim saceplosna wae.

“Bener ieu mah…. Lain heureuy.” Mang Jeje rada keuheul.

“Em, muhun.”

“Tah kitu atuh. Jawab masing daria.”

“Naon kitu Mang?”

“Henteu ieu mah nanya wae heula. Lamun amang perlu, apanan tinggal neang ka lembur.”

Si Acim unggut-unggutan.

“Cim ari harga cau ambon sabaraha sakilona?”

“Duka atuh. Da sanes abdi anu meseranana oge.” Tembal si Acim bari ngaleos nyampeurkeun ka si Omon reujeung si Edah.

“Ih, dasar!” nu nanya kutuk gendeng, asa teu diwaro ku si Acim. “Awas siah!”

Aki-aki Tujuh Mulud


“Cim, maneh pernah ulin ka imahna si Opan acan…?” si Omon nanya ka si Acim, basa duanana eukeur dariuk dina babangkuan di sisi jalan deukeuteun imah di Omon.

“Acan. Aya naon kitu?”

“Henteu nanaon…, ngan eta wae mani resep teh lamun ulin ka imahna teh.” Tembal si Omon.

“Resep naon kitu? Loba dahareun nya…?” Si Acim nyindiran si Omon.

“His…! Lain atuh.” Si Omon ngagebes. “Ieu mah lain perkara dahareun….”

“Enggeus naon atuh?”

“Eta, resep lamun geus ngadengekeun akina cacarita….” Si Omon ngajelaskeun.

“Carita naon kitu…?” Si Acim jadi manco ayeun mah, panasaran.

“Eta…, carita jaman baheula. Jaman eukeur aya keneh Walanda reujeung jaman Jepang.”

“Ah…, atuh carita eta mah aki urang oge osok ngobrolkeun atuh. Sugan teh carita naon….” Si Acim jadi kaduhung, borona mah daria didengekeunana.

“His, ieu mah lain perkara caritana. Da ieu mah cacaritana teh mani rame, jeung pepeta sagala, sagala dipraktekeun.” Tembal si Omon.

“Terus…?”

“Nya kitu wungkul….”

“Sugan teh naon anu rame teh….” Si Acim keuheul.

“Ih…, tong waka kitu atuh.” Si Omon ngajentrekeun. “Anu jadi kapanasaran kuring mah eta aki si Opan teh, masih keneh jagjag waringkas. Teu katempo yen geus kolot.”

“Sabaraha kitu umurna…?” Si Acim panasaran.

“Teuing atuh. Da cenah mah lamun disaruakeun jeung umur aki kuring mah kolotan keneh aki si Opan.”

“Kitu nya…?”

“Heueuh. Eta oge euceuk aki si Opan. Cenah baheulana teh aki kuring jeung akina si Opan teh babaturan waktu eukeur bajoang. Harita teh cenah kolot keneh akina si Opan. Sedengkeun aki kuring apanan geus ninggalkeun sataun katukang.”

Si Acim teu ngomong.

“Tapi lamun nempo kaayaan akina si Opan, teu jiga-jiga anu geus kolot.” Si Omon neruskeun omonganana.

“Ari umur aki maneh sabaraha kitu, Mon?”

Si Omon ngahuleng, teu langsung ngajawab.

“Nya kira-kirana mah 80 taun leuwihan lah….” Ahirna si Omon ngajawab. “Ari aki maneh, Cim?”

“Teuing atuh kuring oge teu apal. Engke wae urang tanyakeun heula.”

“Ceuk aki kuring mah, aki maneh jeung aki kuring teh sapantaran cenah.”

“Kitu nya…?”

“Heueuh. Lamun kitu mah kolotan keneh akina si Opan….”

“Kolotan teh kudu jelas sabaraha-baraha taunna atuh….”

“Nu matak kuring oge teu apal….” Si Omon keukeuh.

“Nya heueuh atuh lah. Geus kolot pisan aki si Opan mah….” si Acim bangkenu.

Si Omon nyengir nempo kalakuan si Acim kitu teh.

Goréng Adat


Si Acim eukeur diuk di handapeun tangkal kopi di sisi jalan. Manehna melong ka jalan gede anu lumayan rada anggang anu aya dihareupeunana. Manehna keur nyerangkeun anu lalar liwat anu baralik ti kebon reujeung ti sawah. Kaayaan harita eukeur mimiti lingsir ngulon, panas poe teu pati panas, kawantu lain usum halodo. Harita teh keur mangsana dangdangrat.

Si Acim jiga anu keur niis di handapeun tangkal kopina teh. Manehna sosoranganan. Henteu ti biasana, manehna osok reujeung babaturanana, sahanteuna reujeung si Omon. Teuing kunaon atuh, harita mah manehna teh ulin sosoranganan.

Diuk di handapeun tangkal kopi, karasa tiisna, henteu hareudang teuing. Komo ditambah ku angin anu ngahiliwir, nebak dangdaunan. Manehna diuk sila bari nanggeuy gado ku dua leungeunna. Sikuna diteueulkeun kana pingpingna. Atuh rada mendeko oge. Kituna teh taya saurang oge anu nganyahoanan, komo nyerangkeun manehna mah.

Jalan anu dipelong teh lumayan rada gede oge, bisa kaliwatan mobil treuk. Ngan eta jalan teh rada anggang ti manehna diuk. Anggangna kira-kira 20 tumbak mah. Antara jalan jeung manehna teh kebon sampeu anu tacan lila dipelakeun. Jadi teu ieuh ngahalangan titingalianana ka jalan gede tea.

Sanajan manehna neuteup anteb ka jalan, tapi jiga anu melong kosong. Teuteupanan jiga anu nyoreang ka mangsa ka tukang, mangsa manehna eukeur leutik keneh pisan. Kabayang ku manehna, mangsa-mangsa eukeur leutik, eukeur diasuh keneh ku ninina, kira-kira lima taun katukang. Teuing atuh ku matak nineung reujeung matak lewang, matak sedih. Henteu sedih kumaha, da dina waktuna eukeur aya keneh ninina mah manehna teh remen diasuh ku ninina. Sapopoena, mangsa indung bapana arindit ka kebon teh, manehna mah tara dibawa da leutik keneh. Nya di lembur teh diasuh ku ninina.

Anu matak jadi sedih ka manehna mah, teuing ku matak kaduhung ayeuna. Mangsa harita, mangsa eukeur leutik manehna teh kacida pisan  mantangulna. Teuing turunan saha atuh menahna teh, kitu ceuk tatangga manehna anu nyararita teh. Anu masih keneh aya dina ingetan manehna mah mangsa manehna balik ti tampian reujeung ninina. Harita ninina teh balik ti tampian teh mani angkaribung ku babawaan, jaliken dina aisanana mani opat siki, acan deui seuseuhan pakean. Harita, keur datang panyakit manehna. Manehna hayang digandong ti cai keneh. Kusabab ninina oge mani beurat mamawa babawaan, nya teu bisa ditedunan eta pamentana teh. Kusabab henteu ditedunan manehna ceurik lolongseran, teu nempo di kaayaan ninina. Ditinggalkeun ku ninina, atu beuki tarik pisan manehna ceurik. Atuh ninina teh teu kebat, tuluy nungguan jeung nyanggupan arek ngagandong. Tapi manehna embungeun lamun digandongna teh ditempat ninina nangtung. Manehna hayangeung digandongna teh ti tempat manehna ceurik. Kusabab ninina teh da beurat tea, teu ditedunan, maenya kudu balik deui mah. Da kusabab teu ngarti tea, manehna tetep embung lamun kudu leumpang nyampeurkeun ninina mah. Manehna hayangeun digandong di tempat manehna ceurik. Atuh tungtungna mah ninina ngelehan sorangan. Melaan balik deui ka tempat incuna ceurik, enya ka tempat manehna ceurik. Sanajan angkaribung oge.

Teu karasa ku manehna, cai matana aya anu ngeclak kana leungeunna mapay pipina. Dina hatena, naha atuh kalakuan manehna baheula teh mani kitu pisan.

Adam Lali Tapel


“Mon, ari si Duyeh kunaon nya? Siga jadi budak anu cicingeun kitu….” Ceuk si Acim ka si Omon waktu duanana mulang ti sakola.

“Naha teu apal kitu maneh…?” Si Omon malik nanya ka si Acim.

“Aya naon kitu, Mon?” Si Acim melong kana beungeut si Omon.

“Apanan bapana teh gering parna….” Jawab si Omon.

“Naha…, gering naon kitu?”

“Teuing atuh da. Cenah mah beuteungna teh ngagedean….”

“Ngagedean…? Maksudna…?” Si Acim heraneun.

“Heueuh ngagedean. Siga anu keur reuneuh cenah mah. Eta oge ceuk indung kuring.”

“Jiga anu reuneuh…? Maksudna beuteungna teh melendung, kitu?” Si Acim beuki panasaran.

“Heueuh…. Tapi da kuring oge teu apal anu pastina mah.”

“Maneh teu ngalongok kitu…?”

“Acan….”

“Naha…?”

“Teuing atuh. Da arek ngalongok teh bet sieun. Jeung ulaheun wae ku kolot kuring.” Tembal si Omon.

“Naha panyakit naon kitu…?” Si Acim nanya deui.

“Teuing teu apal atuh….”

“Eta meureunan, kunaon mimitina…?”

“Teuing…, da cenah ujug-ujug ojol-ojol ngagedean wae….”

“Ti iraha cenah mimitina…?” Si Acim nanya deui.

“Nya kira-kira kamarina lah.” Tembal si Omon.

“Geus dipariksa cenah atawa acan…?”

“Nya enggeus eta oge, ku matri ti desa. Ngan cenah teu sanggupeun. Da kudu dipariksa wae ka rumah sakit. Jigana mah cenah kudu dioperasi.”

“Wah panyakitna parna oge atuh lamun kitu mah.”

“Nu matak kitu….”

“Pantesan atuh si Duyeh jadi nguluwut oge….” Si Acim ngahuleng. “Lamun kitu mah atuh tinggal ka rumah sakit wae atuh….”

“Eta oge lain teu hayangeun atuh. Da pastina oge bapana si Duyeh teh hayangeun cageur deui. Tapi nu ngaranna ka rumah sakit mah lain duit saeutik-saeutik atuh. Komo ieu, kudu dioperasi sagala. Pastina oge perlu duit anu gede….” Si Omon milu bingung mikiran nasib bapana si Duyeh.

“Eh, kela…,” si Acim teu kebat nyaritana. Terus ngahuleng. “Lain bapana si Duyeh teh ngabogaan lanceuk lain, anu di dayeuh?”

“Heueuh. Eta anu matak hareugeueun teh. Da eta lanceuk bapana si Duyeh teh taya raratanana.”

“Naha bet kitu nya…?”

“Teuing atuh. Da eta oge pernah balik cenah mah, tilu taun katukang. Cenah mah lanceuk bapana si Duyeh teh geus jadi juragan di kotana teh. Ngabogaan pausahaan anu lumayan gede. Pagawena oge loba cenah mah.”

“Tah komo ari geus hasil kitu mah.”

“Hasilna mah nya hasil. Ngan  eta wae cenah teu mere alamat di mana-manana. Ngan pokona mah di dayeuh wae.”

“Henteu disusul kitu…?”

“Lain teu hayangeun disusul atuh. Da nu ngaranna dayeuh tea lega. Ditambah deui jauh ti lembur urang mah.” Si Omon rumahuh.

“Teu apaleun kitu adina eukeur gering parna?”

“Nya moal atuh, ari euweuh anu mere beja mah. Da arek dibejaan oge, kumaha jeung ka mana ngabejaanana. Jadi sarua bingung kabehanana oge.”

“Heueuh, nya lamun kitu mah.” Si Acim ngahuleng deui. Jadi milu mikiran nasib bapana si Duyeh. Naha bet aya geningan dulur anu tambelar kitu….