Hujan Badag, Sawatara Tempat di Sumedang Katarajang Urug


Hujan badag anu tumiba dina poé Salasa mangkukna mawa béja anu matak tugeunah. Cenah nurutkeun inpo anu sumber di mandala maya sawatara wewengkon anu aya di Kabupatén Sumedang ngalaman urug jeung caah. Sawatara tempat heuseusna di wewengkon Desa Cihérang ngalaman urug nepikeun ka aya imah anu kaurugan nepikeun ka ruksakna. Malahan cenah aya warga masarakat anu nepikeun ka tiwasna.

Desa Cihérang anu perenahna aya di jalanan anu nepungkeun dayeuh Sumedang reujeung dayeuh Bandung, ngalaman urug di sababaraha tempat. Taneuh anu urugna salian ti ngaurugan imah, aya ogé anu ngaurugan jalan gedé anu nepungkeun Sumedang jeung Bandung. Jalan gedé anu aya di wewengkon Dusun Cihérang, Cimarémé jeung Singkup keurugan ku taneuh. Anu antukna jalan téh teu bisa diliwatan ku kandaraan boh anu ka Bandung ti Sumedang atawa sabalikna.

Pikeun anu arék nyanyabaan ka wewengkon Bandung, ti Sumedang mah bisa ngaliwatan jalan nguriling ka Rancakalong. Sedengkeun anu ti wewengkon Cirebon mah dititah ngagunakeun jalan tol Cikampék – Palimanan. Pikeun poé ayeuna mah cenah, kandaraan geus bisa ngaliwatan jalan Cadas Pangéran sanggeus taneuh anu ngarimbunan jajalaneun disingkirkeun heula ngagunakeun alat-alat beurat kayaning béko. Ngan pikeun anu arék ngulampreng ka wewengkon Cadas Pangéran kudu ati-ati, bisi jalanna masih kénéh laleueur.

Urug di Dusun Ciherang (potret: pesbuk)
Urug di Dusun Ciherang (potret: pesbuk)

Tina urug ieu, sawatara warga masarakat anu kakeunaan ku musibah urug dipindahkeun ka GOR Tadjimaléla. Aya nepikeun ka 75 kulawarga anu kudu ngungsi.

Salian ti di wewengkon Cihérang, urug ogé tumiba di wewengkon Dusun Citengah jeung di Désa Mekarahayu. Di Dusun Citengah mah cenah aya saurang anu tilar dunya. Sedengkeun di Désa Mekarahayu mah urugna aya anu ngarimbunan imah nepikeun ka sapuluh imah jeung aya ogé anu ngarimbunan jalan.

Urut caah di walungan Cicapar (potret: pesbuk)
Urut caah di walungan Cicapar (potret: pesbuk)

Wewengkon di dayeuh Sumedang anu kaliwatan ku walungan Cipélés, katumibaan ku caah. Wewengkon anu kakeueum ku cai diantarana Dusun Panjeléran, Dusun Bojong, jeung Dusun Cibitung kakeueum ku cai anu asalna ti walungan Cipélés. Terus di wewengkon Situraja ogé teu tinggaleun. Walungan Cicapar kacaahan ku cai. Sasak anu kakara diwangun sataun anu ngaliwatan walungan Cicapar ruksak. Sasak anu jadi jalan motong urang Désa Ambit pikeun ka dayeuh Situraja potong katarajang ku cai caah. Teu tinggaleun pasawahan anu aya di sisi walungan kaeléb ku cai caah.

Tunda talatah