PON XIX 2016 Jawa Barat Dilumangsungkeun di 14 Wewengkon


Sayaga ti anggalna kénéh, panatacalagara PON ka-19 di Jawa Barat geus nyayagakeun sagala rupana. Utamana nyayagakeun tempat tatandang sakabéh cabang olah raga anu dipatandangkeun dina PON ka-19 engké.

Stadion Gelora Bandung Lautan Api, salasahiji tempat tatandang PON XIX 2016
Stadion Gelora Bandung Lautan Api, salasahiji tempat tatandang PON XIX 2016

Nurutkeun inpo anu diancokeun ku Klik Galamedia pikeun ngalumangsungkeun tatandang PON 2016 engké, hanteu ngan ukur ngagunakeun tempat di puseut Bandung wungkul. Tapi sumebar ka sababaraha wewengkon anu aya di Jawa Barat. Tatandang PON ka-19 engké bakal ngagunakeun tempat di 14 wewengkon Kabupatén/Kota.

Atuh pikeun mastikeun jeung maheutkeunana, panatacalagara PON geus nyieun kasaluyuan (memorandum of understanding MoU) reujeung sakabéh wewengkon anu kabagéan ngalumangsungkeun tatandang téa. Utamana pikeun ngagunakeun tempat tatandangna. Nurutkeun rarancang mah dina taun 2015 téh sakabéh tempat tatandang geus réngsé.

14 wewengkon anu kabagéan ngalumangsungkeun tatandang cabang olah raga PON 2016 téh nyaéta Kota Bandung (26 cabang olahraga), Kabupatén Bandung (8), Kabupatén Bandung Barat (5), Kabupatén Sumedang (4), Kabupatén Indramayu (3), Kota Cimahi, Kabupatén Pangandaran, Kabupatén Subang (2), Kabupatén Karawang, Kabupatén Sukabumi, Kota Cirebon, Kabupatén Bekasi, Kabupatén Bogor jeung Kota Bekasi (1).

Tunda talatah