Dua Puluh Taun Ka Tukang, Pérsib Jawara Anyar Liga Indonésia


Ping 30 Juli ayeuna, dua puluh taun ka tukang, Pérsib Bandung nyangking kalungguhan salaku jawara Liga Indonésia anu munggaran. Hal ieu dipibanda sanggeus dina undakan final Liga Indonésia 1995, Pérsib Bandung bisa ngéléhkeun kleub Pétrokimia Putra. Gul anu ngan hiji-hijina dicitak ku pamaén hareup andelan Pérsib Bandung harita, Sutiono Lamso dina menit ka-76.

Anggalna mah, Pérsib Bandung hanteu dijagokeun pikeun jadi jawara Liga Indonésia 1995. Dina tatandang munggaran ngalawan Pelita Jaya Jakarta ping 27 Nopémber 1994, Pérsib Bandung kaéléhkeun. Pelita Jaya Jakarta ngéléhkeun Pérsib 1-0 ngaliwatan gul anu dicitak ku Dejan Gluscevic dina menit ka-60.

Sanajan dimimitian ku éléh heula, Pérsib Bandung bisa nérékél naék dina klasemén undakan penyisihan Wilayah Barat. Tungtungna Pérsib Bandung bisa jadi jawara kadua dina ieu undakan sahandapeun kleub Pelita Jaya Jakarta. Tina 32 kali tatandang, Pérsib Bandung meunangkeun 69 angka, hasil tina 20 kali meunang, 9 kali imbang jeung 3 kali éléh. Kleub anu bisa ngéléhkeun Pérsib salian ti Pelita Jaya Jakarta nyaéta Semen Padang jeung Persiraja Banda Aceh nalik Pérsib maénna nyorog.

Tina ieu undakan (penyisihan), dicokot opat kleub ti unggal wewengkon (wewengkon kulon jeung wewengkon wétan). Pérsib salaku jawara kadua wewengkon kulon, asup kana undakan saterusna, undakan 8 kleub dibarengan ku kleub Pelita Jaya Jakarta (jawara kahiji, 77 angka) jeung Bandung Raya (jawara katilu, 67 angka) katut Médan Jaya (jawara kaopat, 56 angka). Ti wewengkon wétan anu asupna nyaéta kleub Pétrokimia Putra Grésik, Pupuk Kaltim Bontang, Assyabaab Salim Grup Surabaya (ASGS) katut Barito Putra Banjarmasin.

Tina dalapan kleub ieu, Pérsib Bandung mangrupakeun hiji-hijina kleub anu asalna ti perserikatan. Sésana mah asalna ti Galatama. Ogé, Pérsib Bandung mangrupakeun salasahiji tina dua kleub anu teu maké pamaén luar nagri reujeung kleub Barito Putra.

Dina undakan 8 kleub, Pérsib ngahiji reujeung Médan Jaya, Pétrokimia Putra jeung ASGS di Grup B. Dina tatandang munggaran Grup B, Pérsib ngaladénan Pétrokimia Putra anu dua pamaénna mangrupakeun urang luar nagri: Jacksen F. Tiago (asal ti Brasil) jeung Darryl Sinerine (asal ti nagri Trinidad & Tobago). Hasilna, taya anu meunang bari taya gul anu kacitak, 0-0. Sedengkeun kleub ASGS ngéléhkeun Médan Jaya, 2-1.

Dina tatandang kadua, Pérsib Bandung bisa ngéléhkeun Médan Jaya 2-1. Sedengkeun Pétrokimia Putra imbang 2-2 ngalawan ASGS. Pérsib Bandung jadi jawara Grup B sanggeus dina tatandang panungtungan bisa ngéléhkeun ASGS 3-0. Jawara kaduanya dimeunangkeun ku Pétrokimia Putra sanggeus ngéléhkeun Médan Jaya 3-0.

Kusabab Pérsib Bandung jadi jawara Grup B, dina undakan semifinal kudu ngaladénan jawara kadua Grup A anu dicangking ku Barito Putra. Dina tatandang anu dilumangsungkeun ping 28 Juli 1995, Pérsib Bandung bisa ngéléhkeun Barito Putra. Sanajan kacida susahnya, Pérsib Bandung bisa nyitak gul anu ngan hiji-hijina ngaliwatan Kekey Zakaria dina menit ka-80.

Dina undakan puncer, Pérsib Bandung kudu ngalawan kleub Pétrokimia Putra deui sanggeus éta kleub ngéléhkeun Pupuk Kaltim dina undakan semifinal hiji deui. Pétrokimia Putra ngéléhkeun Pupuk Kaltim 1-0 ngaliwatan gul anu dicitak ku Widodo Cahyono Putro.

Persib Bandung nalika jadi jawara Liga Indonesia 1995
Persib Bandung nalika jadi jawara Liga Indonesia 1995

Tatandang undakan puncer, Pérsib Bandung ngaliwatan pelatihna, Indra Thohir ngilukeun sakabéh pamaén pangalusna. Sawelas pamaén anu langsung dipaénkeun nyaéta: Anwar Sanusi (kiper), Mulyana, Robby Darwis, Yadi Mulyadi, Dede Iskandar, Nandang Kurnaedi, Yudi Guntara, Asep Kustiana, Yusuf Bachtiar, Kekey Zakaria, jeung Sutiono Lamso. Kalawan dirojong ku puluhan ribu bobotoh anu ngadon daratang ka Stadion Stadion Utama Senayan, Pérsib Bandung bisa ngéléhkeun Pétrokimia Putra pikeun nyangking kalungguhan jawara Liga Indonésia anu munggaran.

(Inpo meunang nyutat ti GalamediaNews)

2 thoughts on “Dua Puluh Taun Ka Tukang, Pérsib Jawara Anyar Liga Indonésia

Tunda talatah