Ambon Sorangan


Ninggang mangsa rumaja mah mangsana loba pangaresep jeung loba kahayang. Resep itu, resep ieu. Sagala resep, sagala hayang. Lamun kongang mah hayang kapimilik sakabéhanana.

Nempo lain jinis osok aya kereteg rasa anu béda. Aya geter-geter rasa anu nyangkaruk dina haté. Komo lamun nempo anu rada hérang-hérang mah, teu butuh waktu anu lila. Datangna rasa téh osok gancang mangaruhan kana haté. Haté kumejot hayang deukeut, hayang gera wawuh. Saha atuh inyana jeung urang mana.

Hanjakal geter-geter rasa téh aya kalana tara nyambung. Geter rasa ngan ukur kapimilik ku sorangan. Inyana mah tong boro mibanda rasa anu sarua, dalah noléh ogé teu daékeun. Teu wawuh-wawuh acan kanu mibanda geter-geter rasana ogé.

Ambon sorangan
Ambon sorangan

Geus kitu mah, bati hanjelu anu aya dina haté. Geter-geter rasa téh henteu ditémbalan, henteu diwaro.

(Potret meunang nginjeum ti Keajaiban Cinta)

Lamun Papanggih di Pasampangan, Biasa Nanya


Dina papanggihna di jalan atawa pasampangan, geus jadi kabiasaan lamun kudu patanya téh. Nya sahanteuna nanya arék ka mana atawa langsung nebak badé ka dayeuh, atawa pananya séjénna misalna keu naon. Pananya anu kadang ngan ukur tamba euweuh tanyaeun. Dina ieu hal, anu jadi cekelan mah nyaéta béréhanana ka batur utamana tatangga salembur atawa tatangga lembur. Tatangga di lembur atawa tatangga lembur, anu geus apal atawa wawuh mah geus jadi kabiasaan lamun kudu patanya téh. Lamun papanggih reujeung anu wawuh bari teu patanya teh asa kumaha…, jeung asa ku anéh. Siga jeung musuh atawa teu wawuh waé.

Dalah reujeung jalma anu teu wawuh ogé biasana mah, najan henteu patanya ogé nya sahanteuna méré imut mah geus jadi tanda ngahargaan. Komo deui lamun bisa nanya mah, apanan bisa leuwih raket deui. Lamun dina hiji waktu papanggih deui téh apanan moal kararagok deui da geus kungsi nanya. Nanya ieu, jadi tanda ngahargaanana hiji jalma ka jalma anu ditanyana. Leuwih jauhna nya bisa jadi kawawuhan anyar, anu tadina teu wawuh bisa jadi wawuh. Bisa ngalobaan sobat atawa kawawuhan.

Gambaran jalma keur papanggih di pasampangan

Ku pentingna patanya lamun papanggih, kadang anu geus jelas katempo ogé osok ditanyakeun. Teuing bakating ku euweuh deui hal anu kudu ditanyakeun atawa ngan ukur heureuy. Lamun panggih reujeung jalma séjén anu keur migawé hiji hal, biasan mah osok ditanyakeun deui keur naon atawa dicelok keur migawé naon. Nya anu ditanya ogé ngarti, ngajawab waé sajalantrahna, henteu nepikeun ka neuteuli geus jelas kitu bet ditanyakeun.

(Gambar meunang nginjeum ti http://belingkaca.files.wordpress.com/2011/04/doa-bertemu-sesama-muslim4.jpg)

Pindah Cai Pindah Tampian


“Cim, pernah ka dayeuh teu?” si Omon nanya ka si Acim dina hiji wanci nincak kalangkang satangtung.

“Tacan kuring mah.” Témbal si Acim, “tapi dayeuh mana heula…?”

“Nya dayeuh mah atuh dayeuh Bandung….” si Omon siga anu agul.

“Acan ka dayeuh éta mah.” Témbal si Acim. “Naha kumaha kitu?”

“Mani ramé téh…,” si Omon siga anu ngabibita ka si Acim. “Loba pisan mobil, gedong sigrong jeung jalma téh mani pasedek-sedek.”

“Kitu nya…?”

Dayeuh Bandung (sumber foto: http://www.freewebs.com/bandung1/bandung-above.jpg)

“Nya heu-euh atuh. Da manéh mah acan ka ditu jadi waé moal apal.”

“Nya engké ogé kuring arék ka dayeuh Bandung lah. Gampang éta mah.” Si Acim siga anu rada heneg, keuheul.

Nempo sikep si Acim kitu téh, si Omon ukur nyenghél.

“Ulah kitu ah,” pokna. “Da kuring mah ngan ukur heureuy. Tong diasupkeun kana jero haté.”

Si Acim teu némbalan.

“Ngan aya hiji hal anu goréng. Kacida bédana reujeung kaayaan di urang,” ceuk si Omon deui rada humandeuar.

“Naon tah?” Si Acim nanya bangun anu panasaran.

“Enya di kota mah mani kacida béda pisan.” Ceuk si Omon, “kacida héséna lamun hayang loma atawa wawuh pisan jeung tatangga téh.”

“Maksudna teu akur jeung tatangga? Kitu?” Si Acim melong.

“Lain kitu. Lain ieu mah.” Ceuk si Omon. “Ieu mah lamun hayang deukeut jeung tatangga téh mani asa hésé. Jadi jeung tatangga téh kadang tara kenal.”

“Kitu nya?”

“Heueuh. Éta ogé euceuk lanceuk kuring.”

“Nya meureun atuh ari euceuk lanceuk manéh mah.”

“Ih lain kitu. Apanan lanceuk kuring téh geus dua taun leuwih ngontrakna téh. Tapi teu apal jeung tatanggana.”

“Éta mah, lanceuk manéhna waé anu embung ngawawuhan meureunan?” Si Acim rada nyegir.

“His! Lain atuh.” Si Omon ngagebés. “Da lanceuk kuring mah lain embung ngawawuhan. Ngan tatanggana waé susah diwawuhanana.”

“Naha? Apanan anu ngaranna tatangga mah, imahna téh deukeut lain? Tinggal nganjang waé atuh.”

“Ari manéh, osok ngababarikeun kitu. Da puguh kawas di urang. Imah di dayeuh mah, dikurilingan ku pager tina beusi jeung témbok. Jadi susah lamun arék nganjang téh. Komo deui lamun tatanggana eukeur areuweuh mah. Pagerna ogé dikoncian. Acan deui balik digawéna téh burit pisan.”

“Kitu nya…?”