Bahbir


Nalika meulahan kai tina tangkal golondongan, henteu sakabéhna bisa dijieun kai. Meulahan kai anu dijadikeun kusén, panéér, tihang atawa usuk, henteu bisa sakabéhna dijadikeun. Bagéan sisi kai golondongan téh osok kapiceun. Teu anéh, da kai golondongan mah apanan biasana buleud. Sedengkeun meulahan kai mah sina rata sisi-sisina. Bagéan kai anu kapiceun ieu biasana mah disebut bahbir.
Bahbir mah osok kapiceun ku tukang ngala kai mah, da henteu kaasup itungan. Henteu bisa dipaké pikeun nyieun wangunan kayaning imah sakumaha mangpaat kai dina wangunan. Bahbir mah wangunana rata sabeulah dina urut ngaragajina, sedengkeun sisi anu séjénna mah sakumaha sisi kai golondonganana.

Bahbir
Bahbir

Sanajan henteu dimangpaatkeun sakumaha kai anu saenyana, bahbir masih loba kénéh mangpaatna. Bahbir bisa dimangpaatkeun sahanteuna pikeun suluh. Sésa meulahan kai téh dipaké mirun seuneu di hawu atawa di saung pakebonan. Salian ti éta, bisa ogé dimangpaatkeun pikeun nyieun wangunan salian ti imah kayaning saung atawa kandang sasatoan. Saung di huma atawa di kebon bisa ngagunakeun bahbir pikeun kikiding atawa papan handapna. Kandang sasatoan ogé bisa maké bahbir pikeun papan atawa kikiding gigirna.

Naha henteu dipaké pikeun nyieun imah? Bisa waé dipaké pikeun nyieun imah ogé. Ngan katempona moal alus, henteu nyeni. Maénya aya papan imah henteu rata.

(Gambar meunang nginjeum ti akumassa)

Golodog


Imah panggung anu jangkung mah biasana matak susah lamun arék asup ka imah. Arék unggah ka imah, atawa turun ti imah téh osok susah. Komo deui pikeun budak anu leutik kénéh, dalah kolot ogé osok susah. Ku hal ieu, imah panggung biasana mah osok diterapan golodog. Di hareupeun lawang panto téh osok diterapan palang pikeun tétécéan saméméh lawang panto. Jangkungna sahandapeun lawang panto. Sedengkeun ari legana bisana mah nepikeun ka panyawéran atawa satengah anggangna lawang ka panyawéran. Panjangna, sahanteuna sapanjang lawang panto.

Golodog di hareupeun panto hareup
Golodog di hareupeun panto hareup

Golodog bisa dijieun tina leunjeuran awi atawa tatangkalan. Bisa ogé dijieun tina papan kai. Handapna diterapan tihang pikeun nyeundak papan golodogna. Tihangan di opat juruna supaya weweg, henteu gampang rugrug. Wangunan golodog kudu weweg supaya bisa nahan beurat jalma anu cicing dina golodog. Golodog biasana dijieun di unggal panto kaluar ti imah anu sakirana lawang pantona jangkung. Nya sahanteuna di panto hareup.

Salian dipaké pikeun tétécéan jalma anu arék unggah ka imah atawa turun ti imah, golodog ogé osok dipaké ngadaweung. Kadang osok dipaké pikeun teuteundeunan barang saméméh diteundeun di jero imah atawa atawa sabalikna, bisa ogé pikeun teuteundeunan sendal.

Ségog, Rohangan Tambahan dina Wangunan Imah


Ka béh dieunakeun wangunan imah téh henteu ngan ukur masagi atawa manjang wungkul. Aya ogé imah anu osok ditambahan ku rohangan anu aya di gigireun imah ngan rada ka tukang. Atuh wangunanana téh jadi saperti aksara L. Dina wangunan ieu imah, sakumaha imah ilaharna, rohangan-rohangan anu osok biasa aya mah angger aya dina wangunan poko, henteu dipindahkeun ka rohangan tambahan anu aya di gigireun imah. Sanajan disebutna rohangan tambahan, ari wangunanana mah ngahiji reujeung wangunan poko.

Rohangan tambahan ieu biasana osok dipaké pikeun tempat teuteundeunan barang-barang anu osok dipaké pikeun digawé kayaning dingkul, pacul, nyiru. Atawa dijadikeun tempat neundeun hasil tatanén kayaning paré, cikur jeung sajabana. Ieu rohangan miboga lawang pikeun ka luar (luareun imah) reujeung pikeun ka jero wangunan poko. Ngeunaan ukuranana, biasana mah lumayan gedé jeung lega. Ampir sarua reujeung rohangan tengah imah atawa sahandapeunana saeutik.

Imah anu dilengkepa ku rohangan segog
Imah anu dilengkepan ku rohangan segog

Rohangan ieu téh biasana mah disebutna segog.

Solat teh Tihangna Agama


Saur pun guru, anu ngaranna solat téh cenah tihangna agama. Lamun hiji jalma ngadegkeun solat hartina bakal ngadeg agamana. Sabalikna lamun hiji jalma ninggalkeun solat, hartina geus ngaruntuhkeun agamana.

Kitu, saur pun guru waktos narjamahkeun hiji hadis Nabi Muhammad saw. Jadi éta téh mangrupakeun hadis Nabi….

Jalma keur solat

Jadi, solat téh bisa jadi ciri pikeun hiji jalma anu ngaku ngagem agama Islam, naha éta jalma téh ngadegkeun agamana atawa henteu. Jalma anu ngalaksanakeun jeung ngadegkeun solat, miboga harti éta jalma téh geus nagadegkeun agama. Sedengkeun jalma anu ninggalkeun solat, bisa disebut jalma anu ngaruntagkeun atawa ngaruntuhkeun agamana.

Bisa diibaratkeun, agama Islam teh mangrupakeun hiji wangunan. Wangunan diwangun ku rupa-rupa bagean anu dihijikeun atawa dipetakeun jeung diropea supaya bisa silih deudeul anu ngawujud hiji wangunan. Wangunan teu cukup ngan ukur tihangna wungkul. Kudu aya bagéan séjénna anu kudu aya dina nyieun wangunan. Diantarana waé nyaéta bilik reujeung hateupna. Dina ieu hal, saur pun guru (pami teu lepat mah), lamun solat teh ibarat tihangna, anu jadi bilik reujeung hateupna téh nyaéta saum jeung zakat. Sedengkeun lamun munggah haji mah lir ibarat pagerna….

Jadi adegan wangunan agama Islam téh diwangun ku solat, zakat jeung saum. Sedengkeun munggah haji mah bisa dilakonan lamun mampuh. Sakumaha pager wangunan, bisa diayakeun atawa henteu.

Solat anu jadi tihangna wangunan, kudu dijaga supaya wangunana henteu rubuh. Sanajan bilikna reujeung hateupna alus ogé, lamun tihangna goréng mah, gampang pisan runtuhna.

Ngan, sakumaha wewegna tihang reujeung bilik katut hateupna, ari tatapakanana lalawora atawa henteu panceg mah, angger waé gampang rubuhna.

Naon atuh ari tatatapakanana…?

(Gambar meunang nginjeum ti http://3.bp.blogspot.com/-lt5mo1ed0is/TdDsNtEe7TI/AAAAAAAAAEc/rgAJ29tEato/s1600/solat.jpg)

Saung Ranggon


Saung ranggon mangrupakeun hiji wangunan saung anu wangunanana téh jangkung. Jangkung téh bisa kusabab tihangna jarangkung atawa bisa ogé kusabab nyieunna di luhureun tangkal, saperti tangkal jéngkol atawa tangkal kopi. Ari jangkungna bisa béda-béda. Ngan anu bisa dijadikeun pangbébéda jeung saung biasa téh nyaéta, jangkungna papan tempat diuk. Jangkungna téh leuwih jangkung tibatan saung. Kusabab jangkung ieu, pikeun cicing atawa naék kana pangdiukanana téh kudu maké tarajé atawa tétécéan. Lamun saung biasa mah jangkungna pangdiukan téh ngan ukur sabeuteung, saung ranggon mah bisa leuwih ti satangtung.

Ngeunaan saung ranggon ieu ada dua rupa, anu hiji mah bener-bener saung, aya ogé sasaungan. Ari saung ranggon anu bener-bener saung mah biasana téh maké tihang saperti saung sakumaha ilaharna, sedengkeun ari saung ranggon dina harti sasaungan mah biasana téh dijieunna dina tatangkalan. Sanajan kitu, aya ogé saung ranggon anu bener-bener saung anu dijieunna di luhureun tangkal.

Saung Ranggon di huma

Salian ti éta, ngeunaan gunana atawa mangpaatna éta saung, aya anu ngabédakeun. Ari saung ranggon anu bener-bener mah ngabogaan mangpaat sakumaha saung anu biasa, dijieunna di kebon atawa di huma, bisa ogé di sawah. Sababna nyieun saung anu jangkung atawa saung ranggon téa, nyaéta pikeun ngajauhan tina sasatoan anu bisa waé nganggu dina waktu peuting. Utamana lamun huma atawa kebonna téh ayana di sisi leuweung. Salian ti éta ogé bisa pikeun nempoan sakurilingeun huma atawa kebon, bari teu kudu udar-ider deui, da ku jalan nempoan ti saung ranggon bisa jelas ka sakurilingeun kebon atawa huma. Jadi mangpaatna sakumaha saung biasa, bisa dipaké tunggu kebon atawa huma.

Sedengkeun ari saung ranggon anu kaasup sasaungan mah, nyaéta kaulinan barudak dina nyieun saung ranggon. Jadi, saung ranggonna téh ngan ukur pikeun heureuy barudak wungkul, sanajan dina wujudna mah bisa dijieun saung pikeun cicing barudak. Jadi aya béda mangpaat atawa tujuan antara saung ranggon jeung saung ranggon anu kaasup kaheureuyan barudak. Saung ranggon barudak mah ngan ukur saharitaeun atawa teu lila dipakéna jeung wangunanana ogé basajan pisan. Kadang aya anu teu ngawujud saung ranggon, paling anu aya téh papan jeung kiding wungkul. Sanajan ngan ukur diwangun ku papan wungkul ogé, pikeun dariukna barudak, bisa disebut saung ranggon da nyieunna di luhureun tangkal.

Dina nyieun saung ranggon, barudak osok néangan tatangkalan anu loba dahanan jeung gampang pikeun neundeun papan pikeun amparan atawa tempat diuk. Papan anu dipaké bisa dijieun tina papan kai atawa bisa oge maké bahbir (kai panyésaan tina nyieun papan). Malahan bisa ogé tina leunjeuran awi anu diteukteukan. Éta papan téh diteundeun dina dahan tangkal kai minangka palangna. Anu alus mah dahanna téh aya dua jeung sarua jangkungna, teu jangkung sabeulah, jadi papanna téh datar henteu miring. Ari kidingna jeung iuh-iuhna mah bisa waé maké daun tatangkalan anu dipaké nyieun saung ranggon téa, atawa néangan dangdaunan séjénna. Lamun hayang alus mah, nya bisa ogé maké kai deui.

Wangunan Imah urang Sunda di Gendereh


Sanggeus maluruh, mapay warta di internet ngeunaan wangunan atawa arsitektur imah urang Sunda, gorehel teh meunang beja yen arsitektur imah urang Sunda anu masih keneh dipake jeung masih keneh aya teh aya di wewengkon Gendereh.

Kajurung ku rasa panasaran, hayang apal kana arsitektur imah urang Sunda, nya nyobaan nyucruk ka lembur eta. Hasilna?

Nya aya oge imah panggung di lembur Gendereh teh. Imah panggung biasa anu di hareupna masih keneh aya tepas tanpa kikiding, dina bilikna masih keneh make jandela pikeun jalan hawa atawa nyaangan rohangan sepen atawa rohangan tengah atawa rohangan sejenna waktu ti beurang. Tatapakanana tina batu meunang masagikeun kawas dulang tibalik. Bilikna tina awi meunang nganyam. Ngan luhurna geus make kenteng. Pawonna masih keneh aya anu di handap, dina taneuh teu make amparan tina nanaon. Ari papanna masih keneh make palupuh (papan tina awi).

Lamun dibandingkeun reujeung di lembur Ciburuan mah, nya aya bedana. Da di lembur mah sanajan imah panggung oge ayena mah euweuh anu nyieun tepas. Jeung deui langka anu make jandela, da geus diganti ku kaca. Ari kidingna osok ditambahan ku papan salian ti make anyaman awi teh. Jigana mah supaya ngurangan hawa ti luar dina waktu peuting supaya ulah tiris teuing. Ari papanna geus tina papan kai.

Imah panggung anu aya di lembur Gendereh
Imah panggung anu aya di Kampung Ciburuan

Inget ka lembur pun aki, rarasaan mah di lembur pun aki masih keneh aya imah panggung anu sarua jeung wangunan imah panggung anu aya di lembur Gendereh. Sarua kitu…?

Ngahiras, Budaya Reureujeungan Dina Gawe Babarengan Silih Bantuan


Dina kahirupan masarakat di kampung, hirup reureujeungan jeung tatangga teh masih keneh katara keneh. Jeung tatangga teh masih keneh katempo silih hargaan, silih bantuan, silih anjangan. Lamun boga pagawean anu gede, teu kudu dipenta deui, biasana tatangga teh, komo anu deukeut osok datang sorangan pikeun mantuan. Dina hal boga pangabutuh oge, nya teu rumegag deui lamun arek menta pitulung ka tatangga teh. Da geus jadi kabiasaan pikeun silih bantuan teh, sapanjang mampuh keneh pikeun mantuanana.

Dina hal silih bantuan, aya budaya gawe babarengan anu disebut ngahiras. Lamun hiji jalma (kulawarga) anu ngabogaan pagawean anu gede atawa mibutuh tanaga (jalma) lobaan, anu mibutuh bantuan nu lian atawa tatangga, mangka tatangga teh teu kudu dipenta deui pikeun mantuan, tapi osok hideng nyelang heula pikeun mantuan. Asal eta pagawean teh dipikanyaho ku tatanggana, atawa aya beja heula ti saacanna.

Jalma-jalma eukeur ngahiras nyieun imah

Ari pagawean anu biasa dilakukeun ku jalan ngahiras diantarana wae ngawangun imah, memener imah, ngalaksanakeun hajat, nyieun panggung lamun arek raramean.

Lamun arek ngawangun imah, tangtuna oge ngabutuhkeun tanaga lobaan. Da nu ngaranna ngawangun imah mah teu bisa ku saurang dua urang. Dina ngawangun imah, tatangga teh teu kudu dipenta bantuanana, da osok hideng sorangan. Tatangga anu hiji jeung anu sejenna osok pebaj-beja yen si eta arek nyieun imah. Nya tatangga anu rada jauh anu masih keneh salembur osok ngahajakeun pikeun mere bantuan. Bantuan ieu mah biasana pakaitna jeung tanaga, da tanaga mah teu kudu meuli. Sanajan henteu saterusna atawa salilana mantuan, tapi sahenteuna aya sapoe mah pikeun mantuan ngahiras.

Bantuan mangrupakeun tanaga ieu, teu kudu dihargaan ku mangrupa duit. Da mantuan ieu mah geus jadi kabiasaan antara tatangga jeung tatangga. Nu ngaranna hirup natangga mah, hiji waktu pasti bakal butuh kana bantuan anu sarua. Nya ayeuna mah batur anu merlukeun bantuan dina ngahiras teh, boa teuing atawa pastina oge hiji waktu mah nya diri pribadi atawa kulawarga pribadi anu merlukeun bantuan ngahiras teh. Ieu anu jadi dadasar silih bantuan jeung tatangga teh. Hirup natangga teu bisa nafsi-nasfi, aing-aingan.
Jeung geus jadi kabiasaan, lamun aya hiji tatangga anu tara mantuan, osok pada ngomongkeun perkara eta. Komo lamun tanpa alesan anu wajar.

Lamun ditengetan leuwih jauhna, memang kabudayaan ieu teh dirojong oge ku kahirupan di padesaan. Jalma-jalma di padesaan mah lolobana kasabna teh kana tani. Jadi, masih keneh bisa ngarikeun waktu pikeun babantu ka tatangga teh. Sanajan eukeur aya pagawean di kebon atawa di sawah, da moal aya anu nyarek atawa mecat lamun sapoe atawa dua poe ninggalkeun pagaweanana pikeun mantuan heula tatangga. Leuwih jauhna deui, silih bantuan teh lamun teu jeung tatangga jeung saha deui. Sanajan boga dulur, tapi lamun jauh mah kadang aranglangka mantuan. Anu haget mantuan teh biasana mah tatangga.

Tuluy dina ngahiras ieu, lain ngan ukur kolot wungkul biasana mah anu osok miluan teh. Budak oge osok aya anu ngahajakeun mantuan, naha kusabab dititah ku kolotna atawa kusabab diajak ku babaturanana. Dina hal ieu, bisa jadi bahan diajar pikeun budak dina ngalakonan kahirupan di masarakat anu kudu silih bantuan.