Ngaran Wanci Basa Sunda dina Jam Sunda


Beungharna kecap jeung motékarna urang Sunda salasahijina bisa diilikan dina jam atawa ciri wanci urang Sunda. Sakumaha anu geus dipedalkeun dina tulisan Ngaran Waktu dina Sapoe Sapeuting, ampir unggal jam dina wanci sapoé sapeuting aya istilah anu dipaké pikeun ngaranan wancina. Dina Basa séjén mah acan tangtu aya anu samodél kitu téh. Ti jam ka jam salila 24 jam (beurang jeung peuting), miboga ngaran séwang-séwangan. Ngaran-ngaran éta biasana mah nyokot tina kabiasaan atawa kajadian anu aya dina kahirupan saperti wanci pecat sawed anu nuduhkeun yén dina wanci éta téh sawed paranti nalian beuheung sapi atawa munding dileupaskeun atawa dilaan, atawa wanci sareureuh budak nuduhkeun dina éta waktu barudak téh osok mimiti sararé.

Nyobaan nyungsi ngaran-ngaran wanci anu leuwih lengkep di mandala maya, kapanggih sababaraha pedalan anu aya di mandala maya, boh di wikipedia boh dina blog. Aya sababaraha tulisan anu dilengkepan ku gambaran ngeunaan cocogna ngaran wanci reujeung jam-na anu biasa disebut jam Sunda.

Sababaraha conto jam Sunda anu kapanggih diantarana waé

Jam Sunda ti blog Dadang Nurjaman
Jam Sunda ti blog Dadang Nurjaman
Jam Sunda ti blog mataroni
Jam Sunda ti blog mataroni
Jam Sunda ti loka Yayasan SKKS (KalangSunda)
Jam Sunda ti loka Yayasan SKKS (KalangSunda)
Jam Sunda ti SumedangOnline
Jam Sunda ti SumedangOnline

Mapay Lalampahan


Nyangking diri di bihari,
Ngojayan wanci kiwari,
Ngudag udagan ku pangarti,
Nyuaykeun poé kamari,

Kamari bubus banglus,
Iwat geuwat anu alus,
Goréng gepéng gera tebus,
Susugan bisa dipupus,

Isukan anu kapicangcam,
Papantes saméméh guam,
Tapelkeun sanajan ku malam,
Gera rarancang méméh ngancam,

Jaga tacan laksana,
Teu katolih raratanana,
Boa bakal karampa,
Biheung nincak jalanna,

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=470595611893)

Ulah Saré dina Waktu Sareupna


“Duyéh, duyéh, hudang heula.” Indungna si Duyéh ngagero si Duyéh ka anakna ti tengah imah. Kituna téh pédah nempo anakna anu keur ngagojod waé di enggonna.

“Geus sareupna kieu.” Pokna deui bari ngabedega di lawang enggon si Duyéh.

Ari si Duyéh ngulisik, asa kagareuwahkeun.

“Naon atuh Ma.” Pokna bari gigisik.

“Hudang heula. Geus sareupna.” Ceuk indungna deui.

“Sareupna nya, Ma.”

“Heueuh.”

“Tunduh kénéh atuda, Ma.” Ceuk si Duyéh embungeun hudang.

“Maenya saré ti tadi masih kénéh tunduh.”

“Ari tunduh kénéh….”

“Hudang heula atuh. Geus sareupna ieuh. Engké ogé geus liwat sareupna mah sabataé arék saré deui ogé.”

“Kunaon kitu, Ma?”

“Pamali deuleu saré wayah kieu mah. Teu meunang saré dina wanci sareupna.”

“Kitu nya, Ma?” Si Duyéh neuteup.

“Heueuh. Matakna gera hudang.” Indungna si Duyéh keukeuh.

Anu dititah hudang téh mani kalékéd pisan hudangna.

“Gancangan atuh. Engké ogé arék saré mah sabataé.”

Nincak wanci sareupna

Si Duyéh kukuliatan, siga anu horéam hudang. “Sakedap atuh, Ma.”

“Ulah saré deui nya….” Indungna si Duyéh ngawawadian, bari terus indit ka dapur neruskeun masak.

Anu ditinggalkeun siga anu bingung. Hudang entong ieu téh…?

Ngan Ukur


Ngan ukur gerentes hate,
Nu maturan rasa simpe,
Ka mana tempat nyarande,
Naha bet asa dipepende,
Saha anu deuk ngajampe,

Ukur geletuk na kalbu,
Pamohalan rasa mahabu,
Jadina ngembang kadu,
Handapeun tangkal jambu,
Cangcaya leungeun katuhu,

Ukur ngabetrik na ati,
Kasengker ku tata titi,
Rarasaan deukeut jeung pati,
Da lain jalma sakti,
Hiji wanci nu nastiti,

Ukur haleuang na dada,
Teu meunang padu disada,
Komo keuna sakaba-kaba,
Alatan aya nu beda,
Ulah pisan jadi ceda,

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=442370756893)

Ngaran Lilana Waktu


Dina nangtukeun lilana waktu, aya istilah-istilah anu biasa dipake sapopoe. Dina ngagunakeun istilah-istilah ieu teh teu sakabehna aya ukuran anu pasti lamun diukur make ukuran lilana waktu saperti jam, menit, detik. Aya istilah anu dipake pikeun nuduhkeun lilana waktu teh anu teu tangtu ukuranana lilana atawa henteu sarua ukuran lilana.

Istilah-istilah anu biasa dipake pikeun nuduhkeun lilana waktu nyaeta diantarana wae:

  1. Sakilat, Nuduhkeun waktu anu kacida gancangna lir ibarat cahya kilat.
  2. Sakolépat, ampir sarua jeung sakilat. Nuduhkeun ka jalma atawa mangkeluk anu gancang pisan lumpatna atawa ilangna, teu katohyan ka mana-manana.
  3. Sajorélat, sarua jeung sakolepat.
  4. Sakiceup, dipaké nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan, sakumaha jelema anu ngiceup.
  5. Sakedét Nétra, sarua jeung sakiceup.
  6. Sakeudeung, nuduhkeun waktu anu teu lila.
  7. Sajongjongan, nuduhkeun waktu anu teu pati lila.
  8. Sapanyeupahan, nuduhkeun waktu anu lilana salila nyeupah.
  9. Sapangéjoan, nuduhkeun waktu anu lilana salila nyagu atawa ngéjo.
  10. Sapoé, nuduhkeun waktu anu lilana bisa 12 jam (beurang wungkul) atawa 24 jam (beurang peuting).
  11. Sapeuting Jeput, nuduhkeun waktu anu lilana sapeuting parat.
  12. Sapoé Jeput, nuduhkeun waktu anu lilana sarua jeung saputing jeput, ngan nuduhkeun waktu keur beurang.
  13. Sapoé sapeuting, nuduhkeun waktu 24 jam.
  14. Saminggu, nuduhkeun waktu 7 poé.
  15. Sabulan, nuduhkeun waktu 29 atawa 30 poé (kumaha itung-itungan bulan saperti kalénder).
  16. Matang puluh, nuduhkeun waktu anu lilana 40 poé. Biasana dipake pikeun nuduhkeun waktu hajat 40 poéna anu paéh.
  17. Natus, nuduhkeun waktu saratus poé. Dipake pikeun hajat 100 poé anu jalma paéh.
  18. Nujuh Bulanan, nuduhkeun umur kandungan anu nincak 7 bulan.
  19. Sataun, nuduhkeun lilana waktu 12 bulan.
  20. Sataun Landung, nuduhkeun waktu anu lilana sataun campleng (terus-terusan teu pegat-pegat).
  21. Sawindu, nuduhkeun waktu 8 taun
  22. Saabad, nuduhkeun waktu saratus taun.

Ngaran Waktu dina Sapoe Sapeuting


Dina sapoe sapeuting, di jaman modern ayeuna, mun nangtukeun waktu téh biasana mah osok make jam. Sedengkeun baheula mah nangtukeun waktu téh ku istilah. Jadi henteu ku waktu dina jam misalna jam hiji, atawa jam dua. Istilah-istilah ieu dipakéna téh dipatalikeun atawa dikait-kaitkeun jeung kaayaan panon poe, naha cahyana atawa tempatna.

Istilah-istilah anu remen dipake pikeun nuduhkeun atawa nangtukeun waktu téh diantarana waé nyaéta:

  1. Janari Leutik, nuduhkeun waktu kira-kira jam 02.00 – 03.00.
  2. Janari Gedé, nuduhkeun waktu kira-kira jam 03.00 – 04.00.
  3. Kongkorongok Hayam, nuduhkeun kana waktu disaradana hayam jago, biasana mah nuduhkeun kira-kira jam 04.00.
  4. Balébat, nuduhkeun waktu dina kaayaan cahya panon poé geus aya di belah wétan. Kira-kira jam 05.00.
  5. Carangcang Tihang, nuduhkeun waktu panon poé geus mucunghul ngan masih keneh remeng-remeng cahyana. Kira-kira jam 05.30.
  6. Haneut Moyan, nuduhkeun waktu cahya panon poe rada-rada haneut, ngeunah mun dipake moyan. Kira-kira jam 07.00 – 08.00.
  7. Rumangsang, nuduhkeun waktu mun panon poé geus karasa panasna. Kora-kira jam 09.00
  8. Pecat Sawed, nuduhkeun waktu lamun sapi atawa munding anu dipake ngawuluku di sawah geus dilaanan (dipecat atawa diudaran) sawedna. Kira-kira jam 10.00.
  9. Tengah Poé/Manceran/Mentrangan, nuduhkeun waktu panon poé keur aya di luhureun sirah, kalangkang ngahijieung suku. Kira-kira jam 12.00.
  10. Lingsir Ngulon, nuduhkeun waktu panon poé geus doyong atawa geus ngagésér ka lebah kulon. Kira-kira jam 13.00
  11. Panonpoé Satangtung, nuduhkeun waktu lamun kalangkang jalma geus sarua jeung jangkungna si eta jalma. Kira-kira jam 15.00.
  12. Tunggang Gunung, waktu panon poé geus aya di luhureun gunung. Kira-kira jam 16.00
  13. Sariak Layung, waktu anu nuduhkeun geus usumna hibar layung di belah kulon. Kira-kira jam 17.00.
  14. Sareupna, nuduhkeun waktu surupna panon poé. Mimitina parobahan beurang jadi peuting. Kira-kira atawa biasana mah jam 18.00.
  15. Harieum Beungeut, nuduhkeun waktu mun cahya panon poe geus ampir beak nepikeun ka beungeut oge rada susah ditempona. Kira-kira jam 19.00.
  16. Sareureuh Budak, nuduhkeun waktu dina eta waktu teh barudah mimiti sarare. Kira-kira jam 18.00 20.00.
  17. Sareureuh Kolot, nuduhkeun waktu yen dina waktu eta teh mimitna kolot sarare. Kira-kira jam 21.00 – 22.00.
  18. Tengah Peuting, nuduhkeun waktu kaayaan peuting anu sepi jempling rehe comrek. Biasana mah jam 00.00 (jam 12 peuting).