Mikawanoh Pamilon Piala Dunia 2014 (7): Walanda


Nagri Walanda bisa disebutkeun salasahiji dedengkot méngbal di wewengkon padaratan Éropah. Utamana lamun dikaitkeun reujeung cara méngbal anu disebut ‘Total Football’. Dina taun 70-an, Walanda anu dilatih ku Rinus Michels kalawan béntangna Johan Cruuff ngawanohkeun cara méngbal anu unggal pamaénna kudu sagala bisa, bisa tutukeuran posisi reujeung pamaén séjén, bisa ngagulkeun jeung bisa nahan panarajang tim lawan, ngepung pamaén lawan anu mawa bal nepikeun ngarebut balna. Antukna sakabéh pamaén dikudukeun mibanda kakuatan maén salila 90 menit bari henteu gampang capé.

Teu anéh lamun dina entragan 70-an, tim méngbal Walanda lumayan dipikagimir. Nalika Piala Dunia 1974 anu dilumangsungkeun di nagri Jérman Kulon, Walanda bisa ngéléhkeun nagri Brasil jeung Argéntina dina undakan kadua. Ahirna Walanda asup ka babak final pikeun anu munggaran. Di babak final ieu Walanda kudu ngalawan tim méngbal anu boga hajat, Jérman Kulon. Mimitina Walanda bisa ngagulkeun ngaliwatan Johan Neeskens. Hanjakal, Jérman Kulon malikeun kaayaan ku dua gulna ngaliwatan Paul Breitner jeung Gerd Mueller. Atuh Walanda ngan kabagéan jadi jawara dua. Opat taun ti harita, dina Piala Dunia 1978 di Argéntina, nagri Walanda anu geus henteu dieusi ku béntangna, Johan Cruyff, asup ka babak final. Sanajan dina undakan mimiti hasilna nguciwakeun (imbang ngalawan Peru, éléh ku Skotlandia), Walanda bisa ngungkulan Itali jeung Jérman Kulon dina undakan kadua. Antukna Walanda asup ka final pikeun ngalawanan Argéntina. Hasilna, Walanda kudu ngeluk sanggeus diéléhkeun ku Argéntina kalawan gulna 3 – 1.

Ti dinya, Walanda henteu bisa asup deui ka Piala Dunia nepikeun ka taun 1990. Dina Piala Dunia 1990, Walanda diéléhkeun ku Jérman Kulon dina undakan 16 tim. Piala Dunia 1994, Walanda bisa asup ka undakan parapat final kalawan diéléhkeun ku Brasil anu tungtungna jadi jawara kahiji. Piala Dunia 1998 di Perancis, Walanda jadi jawara kaopat sanggeus diéléhkeun ku nagri Kroasia.

Walanda bisa jadi jawara kadua deui nalika Piala Dunia 2010 anu dilumangsungkeun di Aprika Kidul. Dina undakan final Walanda diéléhkeun ku nagri Spanyol.

Tim mengbal nagri Walanda
Tim mengbal nagri Walanda

Data ngeunaan Méngbal Walanda

Logo KNVB
Logo KNVB
Organisasi Koninklijke Nederlandse Voetbalbond (KNVB)
Ngadeg
Konfederasi Eropah (UEFA)
Ngiluan UEFA
Ngiluan FIFA
Nu Ngalatih Louis van Gaal
Kapten Tim Robin van Persie
Rengking FIFA 15
Saragam Oranye – Bodas
Sesebutan Oranje; Holland; The Flying Dutchmen
Pangalaman Piala Dunia
1930 Teu ngiluan
1934 Undakan Kahiji
1938 Undakan Kahiji
1950 Teu ngiluan
1954 Teu ngiluan
1958 Teu asup
1962 Teu asup
1966 Teu asup
1970 Teu asup
1974 Jawara 2
1978 Jawara 2
1982 Teu asup
1986 Teu asup
1990 Undakan 16 tim
1994 Parapat final
1998 Jawara 4
2002 Teu asup
2006 Undakan 16 tim
2010 Jawara 2
Lalampahan ka Piala Dunia 2014
Babak Kualifikasi Wewengkon Eropah
Undakan Kahiji Jawara Kahiji Grup D
Walanda – Turki 2 – 0
Hongaria – Walanda 1 – 4
Walanda – Andorra 3 – 0
Romania – Walanda 1 – 4
Walanda – Estonia 3 – 0
Walanda – Romania 4 – 0
Estonia – Walanda 2 – 2
Andorra – Walanda 0 – 2
Walanda – Hongaria 8 – 1
Turki – Walanda 0 -2

(Gambar meunang nginjeum ti internet)

Merenahkeun Patempatan di Dayeuh Bandung Jaman Walanda


Salasahiji pangaweruh anu bisa katarima nalika ngiluan ngaleut nyaéta ngeunaan pangabisa urang Walanda dina merenahkeun patempatan anu aya di dayeuh Bandung. Unggal wewengkon di dayeuh Bandung dicawiskeun pikeun kaperluan anu tangtu. Anu tangtuna ogé nurutkeun itung-itungan heula, henteu sagawayah. Di wewengkon mana kudu diwangun pasar, puseur pamaréntahan, jeung anu séjénna.

Dina hal ieu kaasup ogé dina nempatkeun ngaran-ngaran wewengkon katut ngaran jalan. Ngaran wewengkon katut jalan di Jaman Walanda geus ditangtukeun. Utamana ngaran-ngaran jalan anu sajinis dikumpulkeun di hiji wewengkon. Aya wewengkon anu ngaran jalanna ku ngaran tutuwuhan, aya wewengkon anu ngaran jalanna ku ngaran mamanukan, jeung anu séjénna. Kaasup jalan anu dingaranan ku ngaran-ngaran dokter. Sababaraha jalan anu dingaranan ku ngaran dokter ngumpul di wewengkon Pasirkaliki nyambung ka Cipaganti.

Salasahiji wewengkon di dayeuh Bandung anu ngaran jalanna tina ngaran dokter
Salasahiji wewengkon di dayeuh Bandung anu ngaran jalanna tina ngaran dokter

Hal ieu, sigana mah supaya gampang dina ngokolakeun inpo ngeunaan wewengkon anu aya di dayeuh Bandung. Lamun néangan jalan atawa wewengkon anu ngaranna tangtu, kari nyocogkeun waé ngaranna téh tina jinis naon. Lamun ngaran jalanna tina ngaran dokter, kari nuduhkeun ka wewengkon anu tadi (Pasirkaliki béh kalér), moal ka wewengkon mana deui. Jadi henteu bingung atawa kudu aprak-aprakana ka mana-mana lamun néangan hiji jalan.

Ngeunaan sabudeureun tempat cicing baheula, hususna urang Walanda, henteu leupas tina tutuwuhan. Di buruan imah téh, cenah, loba anu dipelakan tutuwuhan. Buruan imah téh henteu diantepkeun lénglang tanpa iuh-iuhan. Ieu kaayaan béda reujeung Bandung ayeuna. Taneuh pikeun ngawangun imah téh dibéakeun kabéh pikeun ngawangun imah, taya tempat pikeun nanem pepelakan atawa tutuwuhan. Ngan saeutik anu bisa pepelakan di hareupeun imah téh. Masih kénéh ngeunaan wangunan imah, di tukangeun imah urang Walanda mah osok dilengkepan ku jalan pikeun panglumpatan nalika aya bahya atawa bancang pakéwuh saperti aya lini.

Peta Sumedang Baheula


Nyungsi data ka KITLV, nyampak data ngeunaan peta Sumedang baheula anu dijieun ku Walanda. Aya dua peta poko anu bisa dijadikeun cekelan. Nurutkeun data anu aya, dua peta éta téh kaluaran taun 1908 jeung taun 1920.

Ngilikan kana eusi petana, utamana ngeunaan jalan-jalan poko (utama) anu aya di dayeuh Sumedang henteu pati loba parobahan. Utamana ngeunaan perenahna. Jalan-jalan poko anu ayeuna aya di dayeuh Sumedang geus aya ti béh ditu kénéh. Jalan Pangéran Kornél, Jalan Prabu Geusan Ulun, Jalan Sebelas April, Jalan Angkrék, katut jalan-jalan di sabudeureun Alun-alun Sumedang. Pon kitu deui reujeung lapang pacuan kuda di wewengkon Dano.

Peta sabudeureun dayeuh Sumedang jieunan taun 1908
Peta sabudeureun dayeuh Sumedang jieunan taun 1908
Peta sabudeureun dayeuh Sumedang jieunan taun 1920
Peta sabudeureun dayeuh Sumedang jieunan taun 1920
Peta sabudeureun dayeuh Sumedang ayeuna (2013)
Peta sabudeureun dayeuh Sumedang ayeuna (2013)

Anu ngabédakeun antara peta taun 1908 reujeung taun 1920 mah nyaéta ayana jalan Parigi anu tembus ka Gunung Gadung, Jalan Pasanggrahan (pertelon patung Kuda Rénggong) katut jalan ka Baginda/Citengah. Dina peta taun 1908 mah henteu kagambarkeun éta jalan téh.

Sedengkeun bédana reujeung kaayaan ayeuna (peta dina taun ayeuna-ayeuna) nyaéta ayana Jalan Kutamaya katut jalan Baypass.

Aki-aki Tujuh Mulud


“Cim, maneh pernah ulin ka imahna si Opan acan…?” si Omon nanya ka si Acim, basa duanana eukeur dariuk dina babangkuan di sisi jalan deukeuteun imah di Omon.

“Acan. Aya naon kitu?”

“Henteu nanaon…, ngan eta wae mani resep teh lamun ulin ka imahna teh.” Tembal si Omon.

“Resep naon kitu? Loba dahareun nya…?” Si Acim nyindiran si Omon.

“His…! Lain atuh.” Si Omon ngagebes. “Ieu mah lain perkara dahareun….”

“Enggeus naon atuh?”

“Eta, resep lamun geus ngadengekeun akina cacarita….” Si Omon ngajelaskeun.

“Carita naon kitu…?” Si Acim jadi manco ayeun mah, panasaran.

“Eta…, carita jaman baheula. Jaman eukeur aya keneh Walanda reujeung jaman Jepang.”

“Ah…, atuh carita eta mah aki urang oge osok ngobrolkeun atuh. Sugan teh carita naon….” Si Acim jadi kaduhung, borona mah daria didengekeunana.

“His, ieu mah lain perkara caritana. Da ieu mah cacaritana teh mani rame, jeung pepeta sagala, sagala dipraktekeun.” Tembal si Omon.

“Terus…?”

“Nya kitu wungkul….”

“Sugan teh naon anu rame teh….” Si Acim keuheul.

“Ih…, tong waka kitu atuh.” Si Omon ngajentrekeun. “Anu jadi kapanasaran kuring mah eta aki si Opan teh, masih keneh jagjag waringkas. Teu katempo yen geus kolot.”

“Sabaraha kitu umurna…?” Si Acim panasaran.

“Teuing atuh. Da cenah mah lamun disaruakeun jeung umur aki kuring mah kolotan keneh aki si Opan.”

“Kitu nya…?”

“Heueuh. Eta oge euceuk aki si Opan. Cenah baheulana teh aki kuring jeung akina si Opan teh babaturan waktu eukeur bajoang. Harita teh cenah kolot keneh akina si Opan. Sedengkeun aki kuring apanan geus ninggalkeun sataun katukang.”

Si Acim teu ngomong.

“Tapi lamun nempo kaayaan akina si Opan, teu jiga-jiga anu geus kolot.” Si Omon neruskeun omonganana.

“Ari umur aki maneh sabaraha kitu, Mon?”

Si Omon ngahuleng, teu langsung ngajawab.

“Nya kira-kirana mah 80 taun leuwihan lah….” Ahirna si Omon ngajawab. “Ari aki maneh, Cim?”

“Teuing atuh kuring oge teu apal. Engke wae urang tanyakeun heula.”

“Ceuk aki kuring mah, aki maneh jeung aki kuring teh sapantaran cenah.”

“Kitu nya…?”

“Heueuh. Lamun kitu mah kolotan keneh akina si Opan….”

“Kolotan teh kudu jelas sabaraha-baraha taunna atuh….”

“Nu matak kuring oge teu apal….” Si Omon keukeuh.

“Nya heueuh atuh lah. Geus kolot pisan aki si Opan mah….” si Acim bangkenu.

Si Omon nyengir nempo kalakuan si Acim kitu teh.