Ngaran Wanci Basa Sunda dina Jam Sunda


Beungharna kecap jeung motékarna urang Sunda salasahijina bisa diilikan dina jam atawa ciri wanci urang Sunda. Sakumaha anu geus dipedalkeun dina tulisan Ngaran Waktu dina Sapoe Sapeuting, ampir unggal jam dina wanci sapoé sapeuting aya istilah anu dipaké pikeun ngaranan wancina. Dina Basa séjén mah acan tangtu aya anu samodél kitu téh. Ti jam ka jam salila 24 jam (beurang jeung peuting), miboga ngaran séwang-séwangan. Ngaran-ngaran éta biasana mah nyokot tina kabiasaan atawa kajadian anu aya dina kahirupan saperti wanci pecat sawed anu nuduhkeun yén dina wanci éta téh sawed paranti nalian beuheung sapi atawa munding dileupaskeun atawa dilaan, atawa wanci sareureuh budak nuduhkeun dina éta waktu barudak téh osok mimiti sararé.

Nyobaan nyungsi ngaran-ngaran wanci anu leuwih lengkep di mandala maya, kapanggih sababaraha pedalan anu aya di mandala maya, boh di wikipedia boh dina blog. Aya sababaraha tulisan anu dilengkepan ku gambaran ngeunaan cocogna ngaran wanci reujeung jam-na anu biasa disebut jam Sunda.

Sababaraha conto jam Sunda anu kapanggih diantarana waé

Jam Sunda ti blog Dadang Nurjaman
Jam Sunda ti blog Dadang Nurjaman
Jam Sunda ti blog mataroni
Jam Sunda ti blog mataroni
Jam Sunda ti loka Yayasan SKKS (KalangSunda)
Jam Sunda ti loka Yayasan SKKS (KalangSunda)
Jam Sunda ti SumedangOnline
Jam Sunda ti SumedangOnline

Borangan jeung Dibabarkeun dina Waktu Beurang


Borangan. Hiji kecap anu nuduhkeun pikeun budak (jalma) anu sieunan. Sieunna téh utamana ku mahluk anu teu katempo (jurig jeung dedemit) atawa sieun lamun kudu ngaliwat ka tempat anu pikasieuneun (tempat anu sanget) jeung poék (kusabab dina waktu peuting). Budak atawa jalma anu borangan mah biasana embungeun lamun kudu ngaliwatan ka hiji tempat anu suni jeung geueuman, atawa lamun kudu ngulampreng dina waktu peuting anu poék. Kituna téh lamun ngalakukeunana sorangan. Lamun aya batur mah henteu sieun da pédah aya batur.

Kumaha lamun anu ngabaturanana téh sarua ogé borangan? Nya kumaha kaayaanana. Bisa jadi jadi henteu borangan atawa angger waé borangan. Lamun pada-pada ngandelkeun mah biasana osok jadi beuki borangan dan osok jadi silih singsieunan.

Borangan lamun kudu ngaliwat ka tempat anu sanget, poek jeung geueuman

Borangan, biasana mah osok dipakaitkeun reujeung dibabarkeunana éta budak (jalma). Lamun hiji budak (jalma) dibabarkeunana dina waktu pabeubeurang, biasana mah borangan. Sedengkeun lamun dibabarkeunana dina waktu peuting mah, tara borangan. Matak, lamun nempo atawa manggihan budak anu borangan téh, osok ditanyakeun mangsa dibabarkeunana. Naha dibabarkeunana téh pabeubeurang atawa ti peuting. Lamun kabeneran dibabarkeunana pabeubeurang, disebutkan téh pantesan da cocog.

Atuh lamun kitu mah borangan téh aya pakaitna reujeung waktu beurang. Borangan, sigana mah asal kecapna beurangan, anu miboga harti sieun ku peuting (sieun ku kaayaan anu poék). Komo lamun peuting téh malem Jumaah….

Panambah: Ngaran Itung-itungan jeung Lilana Waktu


Ieu mangrupakeun tulisan panambah ti Kang Riki Ramli M. anu aya pakaitna reujeung ngaran itung-itungan.

  • Sapasi, satengahna tinu sasiki ngan barangna buleud atawa jangkep.
  • Sabeulah, barang hiji dibagi dua nurutkeun kana uratna.
  • Sapotong, barang hiji dibagi dua neukteuk urat.
  • Sajodo, sarua jeung sapasang dilarapkeun jang ka jalma atawa sato.
  • Sarakit, sarua jeung sapasang dilarapkeun jang ka munding.
Cau saturuy dina tangkalna

Sigana upami diteraskeun jadi kana itung-itungan nu teu tangtu (kaluar tina ontek teu kang) kayaning :

  • Samanggar,
  • Saturuy,
  • Sasikat,
  • Sapapan,
  • Sapendul
  • Jst.

Ngaran Lilana Waktu

  • Sakerejep, nuduhkeun waktu saré nu sakeudueng/ saliliran.
  • Sajogjogan, nuduhkeun waktu diukur datangna jalma tiburuan nepi ka imah (nepi/anjog).
  • Salikur/lilikuran, nuduhkeun waktu 21 hiji poé nepi ka poé ka 29.
  • Sapamiangan, sabalikna ti sajogjogan, nuduhkeun waktu rada lila ti sajojogan diitung ti jalma indit nepi ka teu katingali pundukna atawa geus méngkol.

Nuhun pisan ka Kang Riki Ramli M. anu parantos kersa nambihan kana seratan dina ieu blog.

Ngagandeuang


Nutup lawang kagorengan
Muka lawang kahadean
Nyengker pasalingsingan
Nyangcang pasaliaan

Na reumbayna cimata
Na ngeclakna cikasedih
Na nyurucudna cipanon
Na alumna paroman

Tukang titinggal baheula
Ayeuna tincakeun leumpang
Gigireun nu sasampiran
Hareupeun na sasampeuran

Gagalur waktu nu tangtu
Ngeteyep lain halon
Leumpang henteu ngadandeuang
Lumpat nu muru jugjugan

Ngagandeuang

(Gambar meunang nginjeum ti http://groups.inf.ed.ac.uk/mrg/gallery/melrose2004/walking.jpg, Dicutat tina http://www.facebook.com/note.php?note_id=10150376212441894)

Ngitung Poé dina Bulan Puasa


Baheula mah, aya hiji kabiasaan nalika bulan puasa anu matak alus kana diajar iitungan. Unggal poé ti mimiti poé kahiji kénéh ogé, geus diajar ngitung. Ngitungna teu leuwih ti geus sabahara poé ngalakonan puasa jeung sabaraha poé deui ka lebaran. Iitungan éta anu unggal poé diitung téh. Bérés poe kahiji, bungah geus ngalakonan puasa sapoé. Sésana tinggal 29 poé deui (geus biasa lamun bulan puasa di lembur mah reremenna 30 poé). Dina poé katiluna, bungah deui kusabab geus ngalakonan puasa salila dua poé, sedengkeun sésana 28 poé deui. Kitu jeung kitu waé unggal poé téh.

Bakating ku hayang gera réngsé puasa rarasaan mah. Lamun geus réngsé mah apanan nincak kana poéan lebaran. Geus nepi ka lebaran mah apanan biasa barangdahar pabeubeurang deui. Teu kawas bulan puasa, barangdahar téh ngan ti peuting wungkul.

Ti poe ka poe, teu weleh diitung

Ngan nya kitu téa anu ngaranna ngitung waktu mah geningan asa lila. Hayang gera ngorotan sapoé ogé asa lila. Karasa pisan lilana téh. Ti poé ka poé téh asa lendo pisan waktu téh nyérélékna. Komo deui lamun inget kana puasa anu  dilakonan téh kakara sapoé atawa dua poéna. Dina ngitung sésana téh apanan katempo tanggah jauh ka langitna téh. Kakara dua poé ogé geus katara lilana. Komo deui lamun kudu ngalakonan puasa 28 poé. Matak seunggah.

Ngan untungna téh, teu salawasna kitu. Teu salawasna ngitung jeung ngitung poé. Aya kalana osok poho kana waktu. Lamun resep ulin jeung babaturan mah biasana teu karasa waktu téh. Kana ngitung poé ogé osok kapopohokeun lamun ulin waé mah.