Ngabuburit: Nguseup di Wahangan


“Mon ayeuna ngabuburit ka mana?” Si Acim nanya ka si Omon mangsa duanana beres ti masigit satutasna ceramah Subuh.

“Teuing atuh. Kumaha barudak wae.” Tembal si Omon.

“Nya lamun arek ngabuburit, sampeur ka imah nya. Supaya kuring ngiluan.” Peredih si Acim ka si Omon.

“Heug lamun kitu mah. Ngan maneh ulah sare nya….”

“Moal atuh ayeuna mah, da teu tunduh teuing.”

Sanggeus aya kasapukan kitu mah, duanana terus papisah, muru ka imahna sewang-sewangan.

Nguseup di Wahangan (Foto ti: http://www.eramuslim.com/hikmah/tafakur/menunggu-hidup.htm)

Pabeubeurangna, barudak anu i opatan ngalabring muru ka wahangan Cilimus. Opatanana mamawa gagang awi anu paranjang jeung laleutik. Puhuna kira-kira saukuran curuk, sedengkeun congona kira-kira satengaheun cingir. Ari panjangna kira-kira sadeupa satengah. Dina congona ditalikeun kenur anu panjangna sarua jeung panjangna eta gagang awi tea. Maranehna mamawa bedog jeung nyoren kantong.

Tayohna, opatanana teh arek ngaruseup di wahangan Cilimus. Ari eupanna? eupanana mah da sisi wahangan oge loba, tinggal neangan. Komo lamun nguseupna teh jalanna ti girang muru ka hilir mah, tinggal ngala cacing wae di sawah. Opatanana mapay jalan satapak anu ngaliwatan sisi leuweung mahoni muru ka beh wetan.

Ngaran Patempatan di Pasawahan Katut Walungan


Istilah-istilah ngaran tempat anu biasa digunakan di wewengkon pasawahan reujeung daerah anu aya caian, diantarana wae:

  1. Basisir, tempat di sisi laut.
  2. Babantar, bagian walungan anu lega sarta déét.
  3. Bojong, lahan anu nyodor ka sisi walungan tur gédé.
  4. Bobojong, jojontor taneuh anu nyodor ka cai, biasana aya di sisi walungan.
  5. Embel, ranca nu jero jeung di beulah luhurna pinuh ku jujukutan.
  6. Jontor, taneuh anu nyodor ka laut.
  7. Kubangan atawa kubang, tempat nu ledok (biasana di sawah atawa di balong) paranti mandi munding.
  8. Kamalir, jalan cai leutik.
  9. Kobakan, lobang di tegalan anu aya caian.
  10. Karéés, tempat di sisi walungan anu réa keusikan.
  11. Legon, daerah di basisir anu ngelok saeutik ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik.
  12. Leuwi, bagian walungan anu leuwih jero jeung lega.
  13. Muhara/muara, tuntung walungan (di hilir) tempat patepungna walungan jeung laut, atawa tempat patepungna walungan leutik jeung walungan nu leuwih gedé.
  14. Parigi, jalan cai nu ngahaja meunang nyieun.
  15. Parung, bagian anu déét di walungan jeung dihapit ku leuwi.
  16. Rora, sarupa susukan (cai ngocor) nu aya di leuweung.
  17. Sabang, taneuh darat nu dihapit ku dua walungan.
  18. Sungapan, tempat ngalirkeun cai ti walungan ka sawah.
  19. Saké, walungan leutik.
  20. Seler, walungan leutik.
  21. Situ, sarupa balong ngan leuwih lega.
  22. Sirah cai, tempat kaluarna cai nyusu nu engkéna bakal jadi walungan.
  23. Solokan, susukan.
  24. Tanjung, taneuh nu nyodor ka laut.
  25. Tétélar, taneuh di tengah sawah anu heunteu kahontal ku cai.
  26. Wahangan, walungan.

(Dicutat kalawan diropea tina http://sunda.garutkab.go.id/pub/static_menu/detail/ngamumule_sesebatan_patempatan)