Formasunda, Tempat Ngawengkuna Urang Sunda di Pangumbaraan


Salaku salasahiji séké sélér anu aya di nagri Indonésia, urang Sunda salian ti nganjrek di hiji wewengkon anu nelahna tatar Sunda ogé sumebar ka saban wewengkon anu aya di Indonésia. Loba urang Sunda anu nganjrek di tempat séjén, naha pikeun sawatara waktu atawa pindak padumukan. Nu jelas mah, urang Sunda téh loba anu aya di pangumbaraan.

Gupernur Jawa Barat Ahmad Heryawan poto bareng anggahota Forum Komunikasi Masyarakat Tatar Sunda Pangumbaraan (Formasunda)
Gupernur Jawa Barat Ahmad Heryawan poto bareng anggahota Forum Komunikasi Masyarakat Tatar Sunda Pangumbaraan (Formasunda)

Pikeun ngadeukeutkeun tali mimitran antara urang Sunda jeung urang Sunda deui anu aya di pangumbaraan, gupernur Jawa Barat Ahmad Heryawan sawatara waktu anu kaliwat geus muguhkeun ngadegna Forum Komunikasi Masyarakat Tatar Sunda Pangumbaraan (Formasunda). Ieu acara teh dilumangsungkeunana di dayeuh Kuta propinsi Bali dina poe Saptu ping 14 Pebruari.

Ngadegna Formasunda lain pikeun ngaruntagkeun beungkeutan bangsa Indonesia tapi pikeun leuwih ngajentrekeun yen urang Sunda teh aya di Indonesia. Leuwih jauhna ku ayana beungkeutan ieu, urang Sunda anu aya di pangumbaraan bisa silih tulungan jeung leuwih ngaraketkeun deui tali babarayaan. Lain ngan ukur tempat arisan atawa ngumpul sawatara waktu wungkul.

Ka hareupna, Formasunda lain ngan ukur pikeun ngaraketkeun tali babarayaan wungkul tapi bisa dipaké modal pikeun ngaronjatkeun karaharjaan. Karaharjaan anu ngumbara bisa ngadatangkeun akibat anu alus pikeun majuna tatar pasundan salaku sarakanana. Arék dihaja atawa henteu, kumpulan anu rutin bisa ngakibatkeun hal anu alus pikeun usaha atawa pagawéan unggal anggahotana.

(Inpo jeung potret meunang nginjeum ti Koran Sindo)

Urang Sunda di Qatar Nyieun Beungkeutan BSQ


Sawatara waktu anu ka tukang, urang Sunda anu nganjrek di nagri Qatar geus ngayakeun acara Botram. Ieu acara téh dilumangsungkeun di Marahland Family Park, Al-Warkah. Dina acara ieu dipintonkeun sababarah jinis kasenian Sunda katut kadaharan urang Sunda.

Urang Sunda di Qatar Nyieun Beungkeutan BSQ (Baraya Sunda Qatar)
Urang Sunda di Qatar Nyieun Beungkeutan BSQ (Baraya Sunda Qatar)

Acara botram ieu mangrupakeun acara kumpulan anu kadua kalina. Salian ti pikeun ngaraketkeun babarayaan antara urang Sunda anu aya di nagri Qatar, ditambah ogé ku ngadegkeun beungkeutan (organisasi) anu dingaranan Baraya Sunda Qatar (BSQ). Dijétrékeun ogé saha waé panatacalagarana katut rarancang program anu baris dipilampah ku ieu beungkeutan.

Acara ige ogé diluuhan ku wawakil Indonesia (Duta Besar) di Doha, Bapa Deddy Saiful Hadi katut istrina, Ibu Endang Deddy Hadi. Pa Deddy anu asalna ti tatar Sunda diangken jadi patron BSQ. Atuh, ngadegna ieu beungkeutan téh dipiharep jadi tempat pikeun leuwih ngaraketkeun babarayaan antarwarga urang Sunda anu aya di Qatar. Leuwih jauhna bisa ilubiung kana kagiatan masarakat Sunda kalayan aktip.

Di tungtung acara aya pangajaran kumaha carana nalikeun iket reujeung maénkeun kaulinan barudak baheula katut kadaharan urang Sunda.

(Inpo meunang nyutat ti SindoNews)

Aya Gambar Kujang dina Kaos Pérsib Bandung


Poé Rebo mangkukna, Pérsib Bandung ngémbarkeun kalawan resmi 20 urang pamaén bal anu ngeusi kleub Pérsib Bandung salila ngalakonan tatandang Liga Indonésia taun 2014. Salian mintonkeun pamaén, ogé dibéwarakeun ngeunaan kaos tim anu dipakéna. Sakumaha biasa, kaos utama anu dipakéna rupana bulao.

Aya Gambar Kujang dina Kaos Pérsib Bandung
Aya Gambar Kujang dina Kaos Pérsib Bandung

Ngeunaan kaos tim ieu, wanda anyar pikeun Liga 2014 aya tambahan rarangkén anu saméméhna henteu aya. Dina kaos ieu ditambahan ku gambar Kujang. Gambar ieu perenahna dina angka nomor tonggong pamaén Pérsib. Hal ieu cenahna pikeun nambahan kameumeut urang Sunda (Pasundan) ka kleub Pérsib Bandung. Apanan Kujang téh mangrupakeun salasahiji pakarang urang Sunda baheula.

Salian ti éta, ogé pikeun nambahan sumanget ka pamaén Persib Bandung pikeun bajoang ngahontal kahayang sakabéh anu ngarojong ka Pérsib Bandung supaya Pérsib bisa jadi jawara deui di Liga Indonésia. Geus lila Pérsib Bandung henteu jadi jawara di Liga Indonésia. Susuganan dibekelan pakarang Kujang mah, sanajan ngan ukur gambarna, Pérsib Bandung téh bisa jadi jawara.

Cag ah…!

(Gambar meunang nginjeum ti persib.co.id)

Miéling Saratus Taun Paguyuban Pasundan


Kalawan maké tempat di Gedong Sasana Budaya Ganesha (Sabuga) ITB Bandung, Paguyuban Pasundan dina ping 20 Agustus kamari ngayakeun acara miéling saratus taun ngadegna Paguyuban Pasundan (PP). Acara ieu diluuhan ku sababaraha urang kokolot (tokoh) Sunda, gegedén katut pamingin lembaga nagara diantarana waé Gupernur Jawa Barat Ahmad Heryawan katut wakilna Deddy Mizwar, Wakil Gupernur Banten Rano Karno, Ginanjar Kartasasmita, Solihin GP, Burhanudin Abdullah, Moch Jumhur Hidayat, R Nuriana, jeung Adang Darajatun. Ogé diluuhan ku sawatara anggahota DPR jeung DPD RI anu ngawakilan propinsi Jawa Barat.

Salasahiji pintonan dina raraga mieling saabad Paguyuban Pasundan di Sabuga Bandung
Salasahiji pintonan dina raraga mieling saabad Paguyuban Pasundan di Sabuga Bandung

Gupernur Jawa Barat Ahmad Heryawan, dina biantarana miharep supaya Paguyuban Pasundan bisa manggihan calon Presiden atawa wakil Presiden Indonesia anu asalna ti urang Sunda atawa Jawa Barat dina Pemilu taun 2014. Salaku salasahiji sékésélér bangsa anu jumlahna loba, Jawa Barat sahanteuna bisa ngilu icikibung di tingkat nasional Indonésia. Salian ti éta, urang Sunda (Jawa Barat) ogé dipiharep bisa sumebar ka sakuliah Indonésia atawa sakuliah dunya. Urang Sunda anu bisa jadi jelema (jalma anu sukses) najan di mana waé cicingna. Lamun geus jadi jelema, ulah poho ka sarakanana, ku jalan ngilu ngarojong kana pangwangunan di Jawa Barat.

(Sumber inpo antarajawabarat, potret pikiran-rakyat)

Urang Sunda di Riau Bakal Ngarojong Kontingen Jawa Barat di PON Riau 2012


Dina nyanghareupan kagiatan PON XVIII taun 2012 di Propinsi Riau, urang Sunda anu aya di Propinsi Riau siap-siap pikeun ngarojong ka rombongan atlét ti Jawa Barat. Hal ieu téh geus kaciri kuayana acara patepung lawung antara Gupernur Jawa Barat Ahmad Héryawan katut panatacalagara KONI Jawa Barat reujeung Mitra Sunda Riau di Hotél Furaya Pekanbaru.

Cenah anu bakal ngarojong ka atlét Jawa Barat téh bisa nepikeun ka 2000 urang atawa leuwih. Suporter ieu téh sumebar di sapuluh kota di Riau anu bakal dijadikeun tempat tanding PON. Ngan kalolobaanana mah bakal diperenahkeun di Pekanbaru, sabab di dayeuh Pekanbaru mah leuwih loba widang olahraga anu ditandingkeunana.

Salian pangrojong ti urang Sunda anu aya di Riau, pangrojong ogé bakal datang langsung ti urang Jawa Barat anu ngahaja datang ka Pekanbaru, Riau. Da ayeuna mah pikeun indit ka Pekanbaru téh gampang kusabab geus sadia angkutan langsung ti Bandung ka Pekanbaru ngaliwatan jalan jomantara. Jalur kapal ngapung Bandung – Pekanbaru geus disadiakeun. Jadi urang Bandung anu hayang ngarojong ka atlét Jawa Barat dina PON 2012 di Riau, teu kudu indit ka Jakarta heula. Bisa langsung ti Bandung hiber ka Pekanbaru.

Salian ti jalan jomantara, cenah disadiakeun ogé angkutan darat. Kira-kira 20 kandaraan disadiakeun pikeun narik jalma ti Bandung ka Pekanbaru kalawan badarat (jalan darat).

Datangna suporter dina tanding olahraga bisa panyumanget pikeun atlét anu keur tanding. Jadi datangna suporter téh bisa jadi hiji jalan pikeun ngagedurkeun sumanget atlét anu keur tanding. Kitu salasahiji warta anu ditepikeun ku okezone.com.

Perda Basa Sunda, Aturan Ngagunakeun Basa Sunda Unggal Poé Rebo


Peraturan Daérah (Perda) ngeunaan Basa Sunda geus ditegeskeun jadi aturan anu tetep ngaliwatan sidang Paripurna di Gedong DPRD Kota Bandung dina poé Senén pin 28 Mei 2012. Nurutkeun ieu aturan, dina unggal poé Rebo warga masarakat dayeuh Bandung naha arék masarakat biasa atawa gegedén dikudukeun maké Basa Sunda. Di sakola ogé pangajaran Basa Sunda kudu diajarkeun deui. Kitu sabagéan eusi Perda-na.

Ieu Perda téh miboga tujuan pikeun nyegah tumpurna Basa Sunda ku jalan dipaké deui dina kahirupan sapopoé sanajan dikudukeunana dina poé Rebo wungkul. Sanajan geus diasupkeun aturanana kana Perda, lain hartina masarakat anu henteu ngagunakeun Basa Sunda bakal meunang hukuman. Da dina aturan ieu taya hukuma pikeun masarakat anu henteu nurut kana ieu Perda. Ngagunakeun Basa Sunda mah tanggung jawab masarakat hususna urang Bandung salaku urang Sunda. Kitu nurutkeun salasahiji warta dina loka Tribun Jabar.

(Gambar meunang nginjeum ti http://jabar.tribunnews.com/)

Forrum PUGER’s Pasundan


Ngahaja judulna teu diropéa. Da buktina kitu nulis judul ieu grup téh (Punten ah heureuy). Grup anu miboga alamat di http://www.facebook.com/groups/mochin/ mangrupakeun salasahiji grup anu dihususkeun pikeun urang Sunda (Pasundan).

Forum PUGER’s Pasundan. Forum mah biasana tempat ngadu bako atawa silih pairan ngeunaan hiji atawa sababaraha perkara. PUGER’s…, naon atuh ari PUGER? Da salila ieu tacan manggihan kecap mandiri tina kecap PUGER? Singhoréng téh PUGER mangrupakeun singketan tina Pemuda Mengger. Jadi asalna mah grup ieu téh mangrupakeun tempat ngumpulna pemuda (anggahota pésbuk) anu asalna ti wewengkon Mengger. Ngan kusabab loba anggahota pésbuk anu asalna ti luar Mengger hayang ngiluan icikibung kana ieu grup, tungtungna mah ieu grup téh dirobah kalawan ditambahan kecap Pasundan. Jadi waé grup ieu….

Pikeun anggahota pésbuk anu hayang jadi anggahota ieu grup bisa ngasupkeun paménta pikeun jadi anggota ieu grup. Di jero grup ieu bisa gogonjakan, ngasupkeun sajak atawa puisi, jeung anu séjénna.

Waktu dilongok dina ping 11 Sapar 1433 mah, jumlah anggahotana geus nepikeun ka 709 urang.

Forrum PUGER's Pasundan

Ieu di handap mangrupakeun rumpaka sajak Gupay Panghiap pikeun mapag anggahota anyar anu asup ka ieu grup.

” GUPAY PANGHIAP “
Ku Ki Sunda Sawawa

W akca kedalna kalimat munggaran
I eu hate kebek ku rasa bagja
L ir kagunturan madu kaurugan menyan putih
U rang sadaya tiasa patepung lawung di ieu forum
J eung dulur dulur sadaya
E ukeur ngaitkeun tali silaturahim
N yimpaykeun rasa kaheman
G eusan raketna tatali wargi

S umangga wilujeng rawuh
U rang sempal guyon gogonjakan
M erbayaksa pinuh rasa gumbira
P alidkeun naon rupi lalangse hate
I calkeun rasa nu marudah dina manah
N galangkungan obrolan katut guyonan
G andara hate pinuhan ku rasa bagja

U kur kecap bagea nu tiasa dikedalkeun
R asa pinuh katumarimaan
A nu teu bisa kaukur ku catur kareka ku basa
N ajan ditulis ku para pujangga
G umulung dina tungkusan qolbu

F akta nu teu bisa kagambar ku rumpaka carita
O bahna waktu marengan ngawujudna pangharepan
R iriungan sing jadi cukang lantaran duduluran
U rang beungkeut dina hate sewang sewangan
M arengan kolebatna rumingkang kahirupan