Balantrak


Mangsa-mangsa keur budak mah kacida resepna arulin téh. Naha ulin sosoranganan, komo deui babarengan reujeung babaturan. Ngan lamun dibandingkeun mah resep kénéh ulin bari babarengan reujeung babaturan tibatan ulin sosoranganan. Ulinna, rupa-rupa. Bisa hareureuy di buruan imah, di jero imah atawa ampreng-amprengan ka mana waé. Resep loba batur mah aya batur pakumaha reujeung moal sieun najan arék ka mana waé ogé. Najan kolot teu arapaleun ogé ulinna ka mana, nu penting mah ulah poho balik ka imah.

Barudak anu ngadon arulin ka leuweung
Barudak anu ngadon arulin ka leuweung

Lamun keur bosen ulin di buruan atawa di jero imah, osok ngahajakeun arulin ka tempat anu rada jauh, naha ka kebon atawa ka leuweung. Tujuanana mangrupa-rupa, aya anu ngadon guyang di leuwih walungan, mulung bungbuahan kayaning limus, muncang atawa kadu, atawa ngan ukur leuleumpangan pa tepiswiring. Inditna resep ngabring, muru ka hiji tempat. Salila ngabring osok bari hareureuy ogé, silih gebah kusabab nyumput dinu suni atawa silih udag paheula-heula.

Nepi ka tempat anu dituju, barudak paheula-heula migawé kaulinan anu jadi tujuanana. Lamun arék guyang, paheula-heula arancluk ka walungan. Dina palebah mulung bungbuhana, paheula-heula néangan bungbuahan anu osok maruragan di handapeun tangkalna. Sanggeus seubeuh arulinna atawa beubeunangan, ngabring deui baralik. Ngan osok aya anu ngahaja ditinggalkeun di tempat pangulinan.

Arulin méakeun pangaresep téh remenna mah tara bébéja ka kolotna séwang-séwangan. Lamun ulinna kamalinaan matak deudeupeun kolot-kolot di lembur. Ngadon naréangan budakna séwang-séwangan. Komo lamun geus burit taya waé mulang mah osok pada néangan, tatanya ka tatangga. Waktu mulang, remen dicarékan pajarkeun téh bet ulin kamalinaan, bet balantrak sagala. Atawa naha ulin téh bet jauh-jauh teuing, saha pamawana. Dibarung ku pangwawadi ulah ulin kamalinaan deui atawa ulah balantrak deui.

Hanjakal, anu ngaranna budak mah osok aya mantangulna. Lamun geus diajakan arulin ku babaturan, osok ngalakonan kitu deui….

(Potret meunang nginjeum ti internet)

Peré Sakola: Ngalongokan Sakola


Dina mangsa keur peré sakola anu waktuna lila, ti sakola téh sok dibagi tugas pikeun ngalongokan sakola. Nya minangkana mah pikét pikeun nalingakeun sakola, bisi salila ditinggalkeun ku barudak kusabab peré sakolana jadi barala. Jadi, tugas utamana mah pikeun meresihan sakola supaya ulah barala teuing dina waktuna asup sakola deui. Unggal kelas biasana mah miboga jadwal séwang-séwangan. Unggal poéna aya anu bagéan ngalongokan sakola. Ngan henteu sakabéh kelas dikudukeun, da anu kabagéan mah barudak anu kelasna geus luhur (ti kelas opat nepikeun ka kelas genep lamun teu salah mah).

Kabeneran waé barudak anu sakarola téh henteu jarauh teuing patempatanana. Jadi najan kudu ka sakola ogé henteu capé teuing. Komo ngan ukur ngalongok wungkul mah. Sanajan tugasna pikeun meresihan sakola, nu penting mah geus ngalaksanakeun tugas pikeun ngalongok sakola. Atuh nepi ka sakola téh kadang beberesihna mah henteu. Ukur ulak-ilik ka jero kelas, tuluy balik deui. Komo lamun taya batur mah tara lila-lila di sakolana.

Sakola

Indit ti imah mah biasana sumanget pisan. Komo lamun inget mangsa anu enggeus-enggeus, nalika engké asup sakola deui téh osok ditanya ku guru, nanaonan waé keur peré sakola téh. Tah, lamun ngiluan pikét ngalongok sakola mah apanan bisa nambahan alesan jeung pagawéan anu diancokeun ka guru, yén dina poé anu mah kuring téh bagéan pikét ka sakola. Nya itung-itung ngalengkepan pagawéan anu dipigawé nalika keur peré. Henteu ngan ukur ulin waé ari keur peré téh. Kudu ada anu bener-benerna.

Bali Geusan Ngajadi


Pasosoré, si Acim keur ngajentul di sisi jalan leutik anu jadi tempat jalan motong urang lembur lamun arék ka tampian. Ngan ayeuna mah aranglangka urang lembur téh ngaliwatan jalan éta da lolobana mah maké jalan gedé béh kalereun lembur. Jeungna deui jalan leutik éta ieu mah bala, loba jujukutan anu ngaroyom ka jalan.

Si Acim geus jadi kabiasaan lamun manéhna eukeur aya anu dipikiran, manéhna osok niis di éta tempat. Katambah tempatna anu rada suni, tiiseun. Kaiuhan ku tangkal kopi jeung tangkal jéngkol. Matak tiis. Ti dinya bisa nyérangkeun jalma-jalma anu ngaliwatan jalan gedé anu di belah kalér téa.

Manéhna ngahuleng, melong ka tempat anu jauh, teuing ka mana. Sedengkeun pipikiranana mah teuing ka mana. Manéhna ngarahuh, jiga anu hayang ngécagkeun beungbeurat anu ngabeungbeuratan pikiranana.

Jalan satapak

Manéhna teu bisa ngabayangkeun bakal kumaha manéhna saminggu kahareupna. Mangsa manéhna kudu ninggalkeun lembur jeung sagala anu aya di lembur. Nya, sababaraha poé deui manéhna téh kudu jauh ti lembur, jauh ti kolot, jauh ti babaturan ulinna. Sababaraha poé deui manéhna téh kudu pindah ka dayeuh pikeun nuluykeun sakola ka SMA.

Ku manéhna karasa beuratna lamun kudu ninggalkeun lembur téh. Lembur anu salila ieu dicicingan, lembur tempat dimana manéhna dibabarkeun, lembur tempat manéhna méakeun mangsa keur budah nepikeun ka rumaja. Enya…, lembur anu dipinuhan ku sagala kahirupan anu senang, loba batur heureuy, batur ulin. Lembur anu lamun boga masalah bisa kénéh ménta bantuan ka kolot, ka babaturan.

Sababaraha poé deui manéhna kudu jauh ti lembur, naha nepikeun ka iraha manéhna bakal jauh ti lembur téh? Naha ngan ukur sakeudeung atawa kudu lila? Lamun lila, nepikeun ka iraha kudu jauh ti sarakan pangbalikan? Iraha manéhna bisa balik deui ka lembur?

Kaulinan Barudak jeung Diajar Jadi Jawara


Dina arulinna atawa maénkeun kaulinan barudak, aya sababaraha kaulinan anu kudu silih éléhkeun. Unggal budak kudu bisa meunang atawa jadi jawara ku jalan ngéléhkeun babaturan anu jadi lawanna. Naha ngéléhkeun kabéh babaturan anu jadi lawan atawa ngéléhkeun golongan barudak anu jadi lawanna. Dina ucing lumpat kudu bisa ngéléhkeun lumpat babaturan supaya bisa ngudag jeung noél babaturan supaya bisa jadi ucing, dina maén pris-prisan ogé kitu.

Kaulinan barudak anu dina maénna dibagi dua golongan atawa grup biasana mah osok silih éléhkeun. Pon kitu deui dina maénna anu sewang-sewangan tapi masih kénéh hiji kaulinan, osok silih éléhkeun. Contona waé dina gegelutan, peperangan, pris-prisan, galah, ucing-ucingan, balap lumpat, balap rorodaan, dam-daman, balap jajangkungan, tatarucingan, jeung réa-réa deui.

Jadi dina maénkeun kaulinan teu salawasna kudu jadi hiji golongan anu sabobot sapihanéan. Tapi aya ogé kaulinan anu dina maénkeunana kudu silih éléhkeun. Kudu pada-pada hayang meunang atawa jadi jawara. Ngan tetep dina maénkeunana, aya tetekon atawa patokan anu teu meunang dirempak. Dina ngahontal kahayang supaya bisa meunang jeung ngéléhkeun babaturan, angger aya tetekon anu kudu dijalankeun. Saméméh maén biasana mah osok dirempugkeun heula aturan atawa tetekon dina maénna, supaya dina prak-prakana teu jadi bahan pacéngkadan. Dirempugkeun heula naon waé anu meunang dilakonan reujeung naon waé anu teu meunang dilakonan. Ogé naon waé cirina atawa tandana anu jadi jawara atawa anu meunang. Contona dina peperangan, dina maénna kudu jelas heula naha lamun katémbak téh kudu langsung paéh (jadi éléh atawa henteu), atawa kudu sabaraha kali katémbak bisa éléhna. Hal ieu kudu jelas jeung jadi cekelan dina prak-prakan maénna. Pon kitu deui dina maén pris-prisan: kudu jelas gawangna, tempat nawan musuh anu katawanna jeung ka mana waé tempat anu bisa dijadikeun panglumpatan.

Barudak keur maen pris-prisan

Mangpaat anu bisa diala tina kaulinan barudak ieu, dina kahirupan aya hal-hal anu kudu silih éléhkeun diantara sasamana. Kudu pihak atawa golongan aya anu meunang. Ngan dina ngahontalna tetep kudu aya dina tetekon anu geus ditetepkeun, teu meunang ngarempak tetekon atawa aturan anu geus ditangtukeun saméméhna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://fahmee76.wordpress.com/)

Mulung Muncang


Dina mangsa usum muncang mah, anu dipikaresep téh taya deui kajaba ti mulung muncang. Balik sakola téh langsung waé ider-ideran ka kebon batur, ngahaja néangan kebon anu aya tangkal muncangan najang ngan satangkal ogé. Itung-itung bari ulin.

Anu diajakan téh tara lobaan, paling ogé duaan atawa ngan sorangan. Maksudna mah supaya ulah parebut dina mulung muncangna. Muncang anu dipulung téh apanan tacan tangtu aya anu murang, dina muragna ogé apanan tacan tangtu loba. Atuh lamun ku lobaan téh tangtuna ogé bakal parebut. Lamun sorangan, najan moal parebut reujeung batur ogé, da asa teu puguh taya batur cacarita (sieun lamun kudu sorangan mah).

Muncang pikeun naon kitu?

Tangkal muncang di kebon

Muncang anu dipulung téh biasana mah osok dikumpulkeun terus diteundeun di pipir hawu atawa parako supaya garing. Sanggeus loba tuluy dijual. Kabeneran osok aya anu néangan muncang pikeun dibeuli. Ngan tara saeutik lamun meulina téh, da kagok. Matak kudu ngumpulkeun heula muncang sina loba. Ngumpulkeun muncang sina loba hasil tina mulung mah tara sakeudeung-sakeudeung. Da anu ngaranna mulung mah tacan tangtu dina sakali mulungna bakal meunang. Aya kalana henteu meunang pisan. Dina meunangna ogé ngan ukur sababara siki.

Salian ti dijual, kadang lamun anu alus mah osok dipaké ngadu, nyaéta ngadu muncang. Muncang meunang mulung téh osok ngahaja dipilihan heula néangan muncang gendul pikeun dipaké ngadu. Buah muncang anu dijerona ngan ukur aya sasiki muncangna, dipisahkeun pikeun diberesihan reujeung dipiara supaya alus dipaké ngaduna. Sedengkeun anu eusina dua siki (muncang dampa) mah osok dikumpulkeun pikeun dijual.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.disbun.jabarprov.go.id/)

Momobilan tina Kai


Salian momobilan anu dijieunna tina dahan kawung, aya ogé momobilan anu dijieunna tina kai. Momobilan tina kai mah biasana wangunana rada tohaga. Kadang bisa ditumpakan lamun nyieun momobilanan weweg mah. Dina nyieun momobilan tina kai ieu dibutuhkeun alat-alat anu rada loba jeung bahan-bahan anu loba ogé.

Dina nyieunna biasana mah wangunan momobilan téh osok nurutan mobil treuk. Pikeun anu leukeun mah, wangunana mobil treuk téh ampir kabéhanana diturutan. Aya tabeng anu bisa dibuka, aya kaca spion najan henteu tina kaca, ban tukang sabeulahna aya dua, dina kiding sisi bakna aya kai anu narangtung, reujeung per dina as ban tukang supaya bisa ngenyod.

Momobilan tina kai

Dina nyieun momobilan tina kai mah diperlukeun alat-alat diantarana waé: ragaji, bedog, sugu (lamun hayang lemes kaina), kampak, palu, meteran atawa pasekon. Sedengkeun bahan-bahan anu diperlukeun téh nyaéta: kai atawa bahbir, paku, karét ban, kai anu buleud jeung anu séjénna.

Ku barudak, momobilan tina kai ieu mah osok dipaké narik susuluhan, atawa ngahaja dipaké narik babaturanana (ditumpakan).

Kaulinan Barudak jeung Diajar Hirup Babarengan Kalawan Sauyunan


Salasahiji mangpaat anu bisa diala tina kaulinan barudak  téh nyaéta kumaha carana hirup babarengan, hirup sauyunan reujeung babaturan. Dina maén kaulinan barudak, loba kaulinan anu mikabutuh budak anu leuwih ti saurang. Keur maénna, budak anu hiji merlukeun budak séjénna supaya éta kaulinan téh bisa dilakonan. Contona waé dina kaulinan sapintrong, jujulangketan, kasti, maén bal, oray-orayan, galah, pris-prisan, sasaungan.

Dina maénkeun sapitrong atawa jujulangketan, atawa kaulinan séjénna teu bisa sosoranganan. Dibutuhkeun batur pikeun bisa maénna. Dina prak-prakanana, lain ngan ukur diperlukeun batur (babaturan maén) wungkul, tapi ogé kudu sauyunan dina maénna supaya bisa lungsur-langsar. Dina jujulangketan, contona, budak anu ngiluan jujulangketan kudu bisa silih ragangan silih hargaan jeung. Lamun anu sabeulah ka handap, anu sabeulah deui kudu ka luhur. Pon kitu deui sabalikna, anu sabeulah ka luhur, anu sabeulah deui kudu daék ka handap. Dina maénna teu bisa duanana hayang ka luhur, embung ka handap.

Barudak keur jujulangketan

Kitu deui reujeung kaulinan séjénna. Barudak anu keur maén kudu bisa sauyunan babarengan. Dina maén bal anu jadi kiper kudu jadi kiper, anu jadi bék kudu jadi bék, anu jadi pamaén tengah kudu di jadi pamaén tengah, jeung anu jadi pamaén hareup kudu daék jadi pamaén hareup.