Budak Lalaki mah Kudu Bisa Naék


Salian ti kudu bisa nyieun tali tina awi tali, budak lalaki mah biasana kudu bisa naék kana tangkal kai. Dina nalika ngala suluh jeung ngala bungbuahan, ieu pangabisa téh kacida mangpaatna. Najan leutik kénéh, taya halangan pikeun diajar jeung bisa naék kana tatangkalan. Ngala pangpung di luhur tangkal pikeun dijadikeun suluh, kudu bisa naék. Ngala bungbuahan kayaning rambutan, limus jeung buah, kudu naék kana tangkalna.

Dalah dina nalika arulin ogé apanan barudak hususna barudak lalaki mah osok nalaktak, naraék kana tangkal kopi atawa tangkal jéngkol. Arulin ucing tangkal, perlu pisan bisa naék kana tangkal. Tatalépa ti tangkal kana tangkal anu séjén ogé osok dipigawé, teu sieun-sieun ragrag.

Barudak sakola naek kana tangkal
Barudak sakola naek kana tangkal

Bisa naék kana tatangkalan, alus pikeun modal ka hareupna. Lamun geus tapis mah kana naék téh apanan bisa ngala bungbuahan kayaning kalapa anu susah ngalana, henteu sakabéhna bisaeun. Atuh lamun hayang nutuh dahan tatangkalan supaya henteu hieum kana pepelakan ogé teu sieun deui. Geus biasa ti leuleutik tétérékélan kana tangkal, geus gedé atawa kolotna geus biasa.

Salian ti kusabab perlu pikeun nyumponan pangabutuh, bisa naék kana tangkal téh itung-itung latihan nguatan leungeun jeung suku pikeun nahan awak dina luhur tangkal supaya henteu ragrag. Ditambah ogé supaya henteu sieunan lamun aya di tempat anu jangkung. Moal gampang lewangan jeung sieunan lamun aya di tempat anu jauh tina taneuh. Sahanteuna lamun dititah memener kenténg téh moal sieun ragrag kusabab aya di luhur.

Atuh, tina pangabisa tétérékélan kana tangkal, sanajan siga anu nalaktak, kusabab butuh pikeun arulin reujeung babaturanana, jadi bekel pikeun ka hareupna nalika geus gedé atawa geus kolot.

(Gambar meunang nginjeum ti pesbuk)

Ucing Tangkal


Ucing tangkal mah bisa disebutkeun ucing-ucingan anu merlukeun wawanén jeung katapisan leungeun katut suku. Salian ti éta barudak anu maénna kudu geus biasa naék kana tangkal.

Sakumaha ngaranna, ucing tangkal mah ucing-ucingan anu dipaénkeunana dina tangkal. Barudak anu diudag ku budak anu ucing téh kudu naék kanu tangkal. Tangkal anu osok dipaké téh nyaéta tangkal kopi di kebon kopi. Tangkal kopi di kebon kopi mah rata-rata dareukeut, dahan hiji tangkal kopi osok deukeut kana dahan tangkal kopi anu séjénna. Jadi lamun diudag ngaliwatan hiji tangkal kopi, budak anu diudagna bisa tatalépa (pindah) kana tangkal kopi séjénna anu dahanna deukeut. Jadi bisa ngaleupaskeun diri tina udagan atawa inceran budak anu ucing. Salian ti tangkal kopi, bisa ogé maké tangkal séjénna saperti tangkal jéngkol, tangkal jambu jeung tangkal limus. Ngan anu remen dipaké mah tangkal kopi, kusabab alesan tadi téa, ditambah ku tangkal kopi mah biasana teu pati jarangkung teuing kawas tangkal jéngkol. Lamun naék kana tangkal kopi mah sanajan henteu karawél ku budak ti handap anu nangtung dina taneuh, tapi dina naékna teu pati jangkung teuing. Salian ti éta, tangkal kopi mah dahanna lumayan loba jeung lumayan kuat pikeun nahan beurat awak budak anu naék. Dina teu kuatna ogé dahan atawa tangkal kopi mah tara langsung peunggas tapi melendoy (melengkung).
Dina maénna, ucing tangkal mah moal capé teuing kawas ucing lumpat. Da maénna tara lulumpatan. Budak anu ucing, kudu bisa naék kana tangkal supaya bisa néwak budak anu teu ucing. Dina turunna ka handap ogé tara lila, da kudu naék deui kana tangkal supaya henteu langsung diudag.

Budak keur naek kana tangkal

Ku hal ieu, dina maén ucing tangkal barudak anu maénkeunana kudu miboga pangabisa dina naék kana tangkal jeung katapisan dina naékna. Cekelan leungeun kana tangkal kudu kuat, pon kitu deui titincakan suku kudu kuat ogé. Hal anu pokona mah kudu wanian atawa mibiga wawanén atawa luasan. Da lamun sieunan mah bisa-bisa keur naék kana tangkalna téh ragrag ka handap.

Goréngna ucing tangkal mah nyaéta dina ragragna mata cilaka ka budakna. Bisa urat misalah, raheut jeung tatu séjénna gara-gara ragrag tina tangkal. Ngan kusabab makéna tangkal kopi anu teu jangkung teuing, dina ragragna téh teu pati hariwang teuing.

(Gambar meunang nginjeum ti http://sbelen.files.wordpress.com/2009/12/learning-by-doing-on-a-tree.jpg)

Ucing-ucingan


Ucing-ucingan mangrupakeun kaulinan anu gampang dilampahkeunana. Dina ngalaksanakeunana teu perlu ngagunakeun barang nanaon, kajaba mun ucing dua lima. Ucing-ucingan biasa dilakukeun ku lobaan, teu bisa dilakukeun ngan ukur ku saurang. Sabenerna dua urang oge bisa, tapi moal rame saperti loba batur.

Dina ngalaksanakeunana, aya budak anu jadi ucingna. Sedengkeun nu lainna kudu ditewak atawa dipanggihan/diteangan ku budak anu jadi ucingna. Mun ucing-ucingan biasa, anu jadi ucing kudu newak atawa sahenteuna kudu bisa nyabak anggahota awak budak lianna. Mun ucing sumput atawa ucing dua lima, budak anu jadi ucing kudu neangan atawa manggihan budak lainna.

Aya sababaraha jinis ucing-ucingan anu biasa dilaksanakeun ku barudak diantarana wae:

  1. Ucing-ucingan. Dina maenna salah saurang budak jadi ucing anu kudu ngudag-ngudag atawa newak budak lianna supaya ucing (beunang) jadi anak buahna anu ucing pikeun newakan budak anu tacan katewak atawa ngagentian budak anu tiheula jadi ucingna.
  2. Ucing Saminggu. Ieu oge sarua keneh jeung ucing-ucingan di luhur. Ngan bedana teh maenna osok diteruskeun unggal poe nepikeun ka saminggu lilana. Dina sapoe-sapoena, henteu terus-terusan, ngan ukur dina waktu anu tangtu wungkul, misalna dina waktu istirahat di sakola. Salian ti waktu eta mah henteu.
  3. Ucing Sumput. Nyaeta ucing-ucingan anu jadi ucingna kudu neangan jeung manggihan barudak anu lianna. Anu jadi ucingna kudu peureum heula waktu budak anu lianna nyarumput.
  4. Ucing 25. Nu ieu sarua jeung ucing sumput. Bedana teh dina waktu ngamimitianna, budak anu jadi ucing kudu ngitung heula ti hiji nepi ka 25, sabot nu sejenna neangan tempat panyumputan.
  5. Ucing Tangkal. Sarua jeung ngaranna, ucing-ucingan ieu mah biasana dilaksanakeunana dina tangkal. Sanajan kitu masih keneh bisa turun kana taneuh. Dina ngalaksanakeunana, biasanana budak anu ucing kudu ngudag budak anu lianna anu naraek kana tangkal. Tangkal anu biasa dipake nyaeta tangkal kopi atawa tangkal jengkol, pangpangna di kebon anu rada rekep tatangkalanana supaya bisa tatalepa tina tangkal anu hiji kanu tangkal sejenna.