Abong Biwir Teu Diwengku Letah Teu Tulangan


Biwir
Biwir mangrupakeun anggahota waruga jalma tempat kaluarna ucapan, salian ti tempat ngasupkeun hawa, dahareun jeung inuman. Biwir dipaké ku jalma pikeun ngaluarkeun sagala ucapan ka dunya luar atawa ka jalma séjén.

Diwengku
Wengku téh mangrupakeun ngaran pikeun awi anu meunang ngaropéa (ngarautan jeung diwangun) anu gunana pikeun nahan supaya wangunan barang anu diwengkuna teu robah, tetep dina kaayaan sakumaha anu dipikahayangna. Wengku ayana dina barang-barang saperti karinjang, tolok, dingkul, pipiti jeung anu séjénna. Gunana wengku téh biasana mah pikeun nyesegkeun atawa nguatkeun barang anu diwengku supaya wangunanana buleud.

Biwir teu diwengku, hartina biwir jalma mah henteu aya patokan kudu tetep kitu kaayaanana. Naha kudud tetep jamedud terus, atawa balem terus, atawa monyong terus atawa calangap terus. Biwir bisa rupa-rupa kaayaanana, gumantung kana jalma anu ngapimilik éta biwir. Hayang kukumaha ogé bisa asal dipikahayang ku anu bogana.

Kusabab kitu, anu kaluar tina biwir ogé bisa sagala rupa. Anu kaluar tina biwir téh, utamana ucapan henteu aya patokan kudu kieu atawa kitu. Lamun anu miboga éta biwir hayang ngaluarkeun ucapan kitu, anu kaluarna ogé pasti kitu.

Biwir jeung letah

Létah
Létah mangrupakeun anggahota awak jalma anu ampir sarua gunana reujeung biwir. Biwir reujeung létah ngawangun anggahota anu bisa ngaluarkeun rupa-rupa sora. Rupa-rupa sora ieu anu tungtungna jadi ucapan atawa kekecapan.

Tulangan
Tulang mangrupakeun anggahota awak jalma anu wangunana henteu bisa atawa susah robahna. Da anu ngaranna tulang mah seseg pisan, henteu leuleus.

Létah henteu tulangan hartina létah téh bisa ngawujud kukumaha waé sakumaha anu dipikahayang ku anu miboga éta létah. Atuh, anu kaluar tina létah ogé bisa rupa-rupa, henteu aya patokan kudu kitu.

Anu tungtungna, anu ngaranna biwir henteu diwengku létah henteu tulangan, nuduhkeun kaayaan anggahota waruga jalma anu gunana pikeun ngaluarkeun ucapan. Ieu kaayaan téh kumaha kanyataanana. Jadi, unggal jalma bisa waé ngagunakeun biwir jeung létah pikeun ngucapkeun sagala kekecapan. Pokona mah arék ngomong nanaon waé ogé, pék téh teuing asal kumaha jalmana.

(Gambar meunang nginjeum ti http://t3.gstatic.com/images?q=tbn:ANd9GcTI-Nyus-qQoMSF3ZoxXpH9iJy8WK68hZkvpeoRirQ2nLuyJP3RGw)

Hade Ku Omong Goreng Ku Omong


Anu ngaranna hadé jeung goréng mah biasa. Dina kahirupan, duanana gé pasti aya. Hirup jalma moal leupas tina dua hal éta: aya hadé aya goréng. Hal-hal anu kasorang dina kahirupan ogé sarua, anu disinghareupan ogé kabagi dua nyaéta aya hadé aya goréng.
Kusabab kitu, naon anu dipilampah, naon anu dijalankeun dina kahirupan téh kudu jelas, naha éta téh hadé atawa goréng. Dina milampah pagawéan dina kahirupan, teu salawasna naon anu dipigawé ku diri pribadi téh ngan ukur keur diri pribadi wungkul atawa ngan ukur mamawa pribadi wungkul. Aya kalana naon anu dipilampah ku sorangan atawa diri pribadi téh osok aya pakaitna atawa sangkut pautna reujeung batur.

Dina perkara anu ngan ukur diri pribadi mah, anu tanggung jawab reujeung anu milampahna téh tangtuna ogé ngan ukur pribadi wungkul. Batur mah moal apal reujeung moal miroséa atawa ngageureuh-geureuh. Da batur mah batinganan teu apal, atawa dina apalna ogé ngahajakeun atawa api-api teu apal.

Hade oge oge kudu ku omong

Ngan dina perkara anu aya pakaitna reujeung batur, tangtuna ogé batur bakal ngilu ngalaman atawa kababawa kusabab naon anu dipilampah ku diri pribadi. Batur ngabogaan pangajén sorangan kana naon anu dipilampah ku siri pribadi. Dina pangajénna ieu, gumantung kana ti mana manéhna nempo atawa melong kana naon anu dipigawé téa. Kusabab kitu, aya kalana naon anu dipigawé ku sorangan téh, sanajan keur anggapan sorangan mah hadé, tacan tangtu ceuk anggapan batur mah hadé. Ieu téh kusabab tadi téa, béda cara nempona. Kitu deui anu goréng ku sorangan tacan tangtu disebut goréng ku batur. Aya kalana papalingpang.

Lamun batur tacan meunang katerangan anu jéntré mah tangtuna anggapannana téh kumaha pamanggihna. Anu tangtuna ogé tacan tangtu sarua reujeung naon anu sebenerna. Kusabab kitu, diperlukeun katerangan anu jelas ngeunaan naon anu dijalankeun atawa dipilampah téa. Ulah nepikeun naon anu dipigawé téh meunang pangajén anu papalingpang. Arék hadé atawa arék goréng ogé, aya alusna lamun dijelaskeun atawa dijéntrékeun.

(Gambar meunang nginjeum ti http://static-p3.fotolia.com/jpg/00/09/59/48/400_F_9594855_g6ozWznrovHmnMMUrn9Y2Gpanu8oBRFh.jpg)

Basa mah Teu Meuli


Lamun meuli mah pasti kudu mayar. Lamun mayar kudu ku duit.  Jadi lamun basa henteu meuli, hartina teu kudu kaluar duit. Kusabab basa mah henteu meuli, hartina lamun urang hayang ngaluarkeun basa teu kudu ngaluarkeun duit.

Basa di dieu mah nyaéta babasaan atawa kekecapan anu kaluar ti hiji jalma. Hartina arék kukumaha ogé, kecap anu dikedalkeun ku hiji jalma, moal kudu ngaluarkeun duit.

Basa di dieu mah condong kana basa anu alus. Basa anu loyog jeung kaayaan. Basa anu cocog dikedalkeunana reujeung matak ngeunah ngadéngé atawa narimana boh pikeun jalma anu diajak ngobrol pon kitu deui ku anu ngucapkeunana.

Ngobrol

Sanajan basa mah teu kudu meuli, tapi dina kanyataanana, loba jalma anu kacida beuratna pikeun ngedalkeun kekecapan anu loyog jeung kaayaan. Asa susah lamun kudu ngucapkeun kekecapan anu alus, anu cocog jeung kaayaan.

Komo dina hal Basa Sunda mah. Da sigana paribasa ‘Basa mah henteu meuli’ ayana dina Basa Sunda anu bakal kaharti ku urang Sunda. Jadi, ieu téh mangrupakeun hiji cekelan pikeun urang Sunda ngeunaan basa anu digunakeunana. Da urang luar Sunda mah moal ngartikeun kana kecap ‘Basa mah teu meuli’.

Hayu atuh urang gunakeun Basa Sunda dina kahirupan urang, hususna lamun ngobrol antara urang Sunda jeung urang Sunda deui. Kumaha atuh lamun teu bisa atawa bingung kénéh kumaha ngagunakeun basa Sunda téh? Da cenah basa Sunda mah ngabogaan undak-usuk basa anu bisa jadi bakal nyusahkeun anu teu apal kana undak usuk basana. Nya sahanteuna atuh dina obrolan téh lamun teu bisa basa Sunda anu lemes, ngagunakeun kekecapan anu kaasup basa loma. Ulah nepikeun ka ngagunakeun basa anu kasar, komo garihal mah.

(Gambar meunang nginjeum ti: http://images.clipartof.com/small/63179-Royalty-Free-RF-Clipart-Illustration-Of-Black-And-White-Human-Factor-Men-Talking.jpg)

Tah Eta


Tah eta,
Naha implengan jadi supata,
Reureungeuan teu katara,
Ingetan pasalia ngagentra,

Padahal eta,
Ucapan anu nyata,
Cekelan anu walatra,
Tujuan nu kudu ditata,

Padahal eta,
Landian jadi balaka,
Ambahan amparan balarea,
Lain ngan ukur si eta,

Padahal eta,
Tetecean nu rata,
Titincakan nu moal cilaka,
Jalan nu mawa ka sawarga,

Padahal eta,
Udagan nu tampa ceda,
Gagalur anu sarua,
Baheula nepi ka jaga,

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=438926821893)