Mikawanoh Tutuwuhan, Pélingna Ngaleut Kedokteran


Sakumaha wejangan ti panitia saméméh prak indit ngaleut, sanajan jejerna ngeunaan Kedokteran, dina prakna ngaleut mah henteu ongkoh ngan ukur manco kana hal kedokteran atawa kaséhatan wungkul. Komo nyanghareupan milangkala Komunitas Aleut anu katujuh, lamun manggihan hal atawa obyék poto anu alus mah, ulah tinggaleun. Arék tutuwuhan atawa obyék séjénna, supaya hasilna bisa diancokeun engké nalika milangkala.

Bener waé salila ngaleut téh lain ngan ukur ngagugulung masalah kedokteran jeung kaséhatan wungkul. Dina prak-prakanana aya pedaran ngeunaan tutuwuhan utamana tutuwuhan anu kapanggih salila ngaleut. Sabenerna mah loba tutuwuhan anu kapanggih, ngan aya sababaraha tutuwuhan anu digunemcaturkeun ku anu leuwih apal kana éta masalah tutuwuhan (mahasiswa Biologi sigana mah). Aya pepelakan hui, cau, cau kipas, buah Dewandaru, jeung gedang.

Ngariung pepelakan hui
Ngariung pepelakan hui

Cenah aya cau téh salian bisa didahar, aya ogé jini cau anu henteu bisa didahar. Ciri-cirina cauna paranjang laleutik, terus rupa atawa warna jantungna méncrang. Panasaran ogé, hanjakal henteu disebutkeun ngaran jinis cauna. Soalna di lembur aya cau hoé anu paranjang laleutik, ngan warna jantungna poho deui, anu ngaranna cau hoé. Cau ieu mah tara dipelak, jadina di pileuweungan.

Ngariung magunemkeun masalah cau
Ngariung magunemkeun masalah cau

Aya deui tangkal cau kipas. Ngeunaan cau kipas, cenah bisa dipaké pikeun nuduhkeun arah kiblat. Tambahanana deui, aya tutuwuhan anu kakara panggih, nyaéta tangkal Dewandaru. Kakara harita manggihanana. Nilik kana rupa buahna mah siga buah ceremé. Buahna ogé bisa didahar cenah, rasana rada haseum.

Kumpul ngariung magunemkeun masalah cau kipas
Kumpul ngariung magunemkeun masalah cau kipas
Buah Dewandaru
Buah Dewandaru
Advertisements

Ngaran Tutuwuhan di Dayeuh Bandung


Nurutkeun inpo ti blog mooibandoeng dina pedalan anu dijudulan Nama Tumbuhan Jadi Nama Jalan/Daerah, loba ngaran tutuwuhan anu dipaké ngaran patempatan di dayeuh Bandung. Naha arék dipaké ngaran wewengkon atawa ngaran jalan. Ti mimiti tutuwuhan anu leutik nepikeun ka tutuwuhan anu gedé, dipaké ngaran. Ti mimiti tutuwuhan anu aya kénéh jeung gampang kapanggihna nepikeun ka tutuwuhan anu geus susah kapanggihna.

Salasahiji wewengkon di dayeuh Bandung anu ngaran jalanna tina ngaran tutuwuhan
Salasahiji wewengkon di dayeuh Bandung anu ngaran jalanna tina ngaran tutuwuhan

Lamun ditataan mah, loba ogé. Sawaréh mah masih kénéh inget kana jinis jeung rupa tutuwuhanana. Sawaréh deui mah asa jadi kaingetan kana éta tutuwuhan téh kusabab geus lila tara manggihan. Ari sawaréh deui mah, lebeng teu apal kana jinis tutuwuhanana kusabab tacan apal jeung manggihan kana éta ngaran tutuwuhan.

Ahirna mah kaideuan pikeun nataan atawa nyungsi tutuwuhan anu aya di lembur pikeun dijadikeun catetan. Mugia aya mangpaatna pikeun ka hareupna.

Lalab Rumbah


Naon atuh anu dipimaksud ku ngaran lalab téh?

Lamun nempoan jinis-jinis anu kaasup kana lalab, anu disebut lalab téh nyaéta sabangsaning dangdaunan atawa pupucukan (daun anu ngora kénéh) anu biasa didahar. Didaharna bisa dipaké deungeun sangu atawa lain. Ngan umumna anu ngaranna lalab mah anu dipaké deungeun sangu, kadang remen dipaké pikeun coél sambel.

Daun sintrong

Lalab biasana osok jaradi di kebon, di tegalan atawa sisi leuweung. Naha kusabab ngahaja dipelak atawa henteu (dina harti jadi sorangan). Ngan lolobana mah jadi sorangan, kajaba lamun éta tangkal lalab téh ngabogaan mangpaat séjénna contona bisa dimangpaatkeun bagéan tangkal anu séjénna, naha bisa tangkalna atawa buah/beutina. Lamun ngan ukur diarah daunna mah (jadi lalab), arang langka anu ngahaja melak. Contona waé tangkal sintrong, antanan, jeung anu séjénna. Ari anu ngahaja osok dipelak mah contona waé daun katuk (kusabab ngabogaan mangpaat séjénna, nyaéta bisa dijadikeun obat), tangkal jambu médé (kusabab bisa dimangpaatkeun buahna), tangkal gedang (kusabab bisa diarah buahna), jeung anu séjénna.

(Asal poto: http://www.datasunda.org/pl/images/s_nature_nature_alam/s_vegetable_legume_sayur/sintrong-tropical_burnweed-crassocephalum_crepidioides-01.jpg)

Tutuwuhan Obat


Tutuwuhan anu jaradi di sakurilingeun, mun ditalungtik mah sabenerna kacida loba pisan mangfaatna pikeun harirupan jalma-jalma. Aya tutuwuhan anu dimangfaatkeun tangkalna. Aya oge anu dimangfaatkeun buahna. Aya oge anu dimanfaatkeun daunna jadi lalab. Aya oge anu dimangfaatkeun beutina.

Ari cara ngamangfaatkeun aya anu dijadikeun kai tina tangkalna atawa suluh, aya anu dijadikeun kadaharan (buah, daun jeung beutina), aya oge anu dijadikeun bahan obat-obatan, naha daunna atawa getahna jeung bagean tutuwuhan sejenna.

Daun seureuh bisa dijieun obat

Mun ditataan mah dan lumayan loba pisan tutuwuhan anu bisa dijadikeun obat teh, naha arek langsung jadi obat atawa kudu diolah atawa dikokolakeun heula. Kauntungan obat tina tutuwuhan ieu nyaeta beda jeung obat meunang meuli ti warung. Obat-obatan tina tutuwuhan mah henteu kacampuran ku zat kimia atawa zat tambahan.

Salian ti eta oge, obat-obatan ieu lumayan murah oge (mun embung disebut teu kudu mayar), asal daek melak atawa neanganana.

Naon wae atuh tutuwuhan anu bisa dijadikeun obat teh? Jeung panyakit naon wae anu bisa diobatanana…?