Saung Ranggon


Saung ranggon mangrupakeun hiji wangunan saung anu wangunanana téh jangkung. Jangkung téh bisa kusabab tihangna jarangkung atawa bisa ogé kusabab nyieunna di luhureun tangkal, saperti tangkal jéngkol atawa tangkal kopi. Ari jangkungna bisa béda-béda. Ngan anu bisa dijadikeun pangbébéda jeung saung biasa téh nyaéta, jangkungna papan tempat diuk. Jangkungna téh leuwih jangkung tibatan saung. Kusabab jangkung ieu, pikeun cicing atawa naék kana pangdiukanana téh kudu maké tarajé atawa tétécéan. Lamun saung biasa mah jangkungna pangdiukan téh ngan ukur sabeuteung, saung ranggon mah bisa leuwih ti satangtung.

Ngeunaan saung ranggon ieu ada dua rupa, anu hiji mah bener-bener saung, aya ogé sasaungan. Ari saung ranggon anu bener-bener saung mah biasana téh maké tihang saperti saung sakumaha ilaharna, sedengkeun ari saung ranggon dina harti sasaungan mah biasana téh dijieunna dina tatangkalan. Sanajan kitu, aya ogé saung ranggon anu bener-bener saung anu dijieunna di luhureun tangkal.

Saung Ranggon di huma

Salian ti éta, ngeunaan gunana atawa mangpaatna éta saung, aya anu ngabédakeun. Ari saung ranggon anu bener-bener mah ngabogaan mangpaat sakumaha saung anu biasa, dijieunna di kebon atawa di huma, bisa ogé di sawah. Sababna nyieun saung anu jangkung atawa saung ranggon téa, nyaéta pikeun ngajauhan tina sasatoan anu bisa waé nganggu dina waktu peuting. Utamana lamun huma atawa kebonna téh ayana di sisi leuweung. Salian ti éta ogé bisa pikeun nempoan sakurilingeun huma atawa kebon, bari teu kudu udar-ider deui, da ku jalan nempoan ti saung ranggon bisa jelas ka sakurilingeun kebon atawa huma. Jadi mangpaatna sakumaha saung biasa, bisa dipaké tunggu kebon atawa huma.

Sedengkeun ari saung ranggon anu kaasup sasaungan mah, nyaéta kaulinan barudak dina nyieun saung ranggon. Jadi, saung ranggonna téh ngan ukur pikeun heureuy barudak wungkul, sanajan dina wujudna mah bisa dijieun saung pikeun cicing barudak. Jadi aya béda mangpaat atawa tujuan antara saung ranggon jeung saung ranggon anu kaasup kaheureuyan barudak. Saung ranggon barudak mah ngan ukur saharitaeun atawa teu lila dipakéna jeung wangunanana ogé basajan pisan. Kadang aya anu teu ngawujud saung ranggon, paling anu aya téh papan jeung kiding wungkul. Sanajan ngan ukur diwangun ku papan wungkul ogé, pikeun dariukna barudak, bisa disebut saung ranggon da nyieunna di luhureun tangkal.

Dina nyieun saung ranggon, barudak osok néangan tatangkalan anu loba dahanan jeung gampang pikeun neundeun papan pikeun amparan atawa tempat diuk. Papan anu dipaké bisa dijieun tina papan kai atawa bisa oge maké bahbir (kai panyésaan tina nyieun papan). Malahan bisa ogé tina leunjeuran awi anu diteukteukan. Éta papan téh diteundeun dina dahan tangkal kai minangka palangna. Anu alus mah dahanna téh aya dua jeung sarua jangkungna, teu jangkung sabeulah, jadi papanna téh datar henteu miring. Ari kidingna jeung iuh-iuhna mah bisa waé maké daun tatangkalan anu dipaké nyieun saung ranggon téa, atawa néangan dangdaunan séjénna. Lamun hayang alus mah, nya bisa ogé maké kai deui.

Kakawihan Barudak: Sieuh-sieuh


Sieuh-sieuh!
Manuk ka ditu ka dayeuh,
Di dieu sagala euweuh,
Sia moal bisa seubeuh,
Da aya anu ngageugeuh,

Sieh-sieuh!
Manuk ulah arék datang,
Bisi nyorang kana régang,
Kudu nyingkah maka anggang,
Di dieu aya pangilang.

Sieuh-sieuh!
Manuk ulah arék ganggu,
Da aing anu keur tunggu.

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=384326600734&comments)

Kakawihan séjénna:

  1. Kakawihan Barudak: Ayun Ambing
  2. Kakawihan Barudak: Hét Hét Embé Janggotan
  3. Kakawihan Barudak: Prang Pring
  4. Kakawihan Barudak: Acung-acungan
  5. Kakawihan Barudak: Nang Ning Nang
  6. Kakawihan Barudak: Olé-oléan
  7. Kakawihan Barudak: Néngnongnéngjak
  8. Kakawihan Barudak: Trang-trang Kolentrang
  9. Kakawihan Barudak: Surser
  10. Kakawihan Barudak: Nanggerang – Nanggorek
  11. Kakawihan Barudak: Galah Ginder
  12. Kakawihan Barudak: Oyong-oyong Bangkong
  13. Kakawihan Barudak: Punten Mangga
  14. Kakawihan Barudak: Bang Bang Kalima Gobang
  15. Kakawihan Barudak: Sakentrung
  16. Ayang Ayanggung

 

Tunggu Huma


Mun pare di kebon atawa huma geus meujeuhna sumedeng koneng, geus jadi kabiasaan osok ditunguuan kebon atawa huma teh. Ari sababna, parena anu tereh dipanen teh osok didaharan ku manuk. Nya, tunggu teh tujuanana mah pikeun nyieuhkeun atawa ngagebahan manuk. Mun geus tunggu, aya sababaraha mingguna di kebon teh. Teu beurang teu peuting, mondok di kebon

Nya pikeun tempat tungguna, teu heran lamun nyieun saungna teh lumayan gede oge. Aya tempat ngadurukan, tempat sare jeung ngumbah wadah. Teu heran lamun sanajan cicing di kebon oge, lumayan betah. Jabaning, salian ti dipelakan pare teh, oge ditambahan ku pepelakan sejenna, nyaeta kacang panjang, jagong, waluh, bonteng, cabe, jeung nu sejenna. Jadi teu matak betah kumaha, da loba dahareun. Mun hayang barangdahar teh tinggal neang ka kebon, tinggal ngala anu aya. Salian ti eta di huma teh remen oge manggihan suung saperti suung pare, suung bulan, suung tanduk atawa suung rampak. Beuki betah….

huma anu parena keur sumedeng koneng

Pikeun ngagebahkeun manuk, di kebon teh geus dipasangan bebegig jeung kokoprak. Bebegig jeung kokoprak teh ditalian make tali anu panjang, bisa tina tali awi tali atawa tali rapia. Talina dipentangkeun ka saung.  Tujuanana supaya bebegig jeung kokoprak teh bisa dieundeuk-eundeuk. Ari bebegig ah mah ngan ukur eundeuk-eundeukan nyieuhkeun manukna teh, sedengkeun kokoprak mah disada da dijieunna tina potongan awi kira-kira satengah meteran. Terus dijajarkeun kira-kira jumlahna opat leunjeur dihijikeun make awi deui saperti tanggungan. Tengah-tengah tanggunganana ditalian kana tatangger. Tukangeun awi anu ngajajar belah handapna dipalangkeun awi atawa dahan kai anu ditalian kana tatangger. Palang ieu minangka panakol kokoprak (awi anu ngajajar tea) mun kokoprakna dieundeuk-eundeuk ti saung.

Jadi pas dikenyed-kenyed teh awi anu ngajajarna kaeundeuk-eundeuk nakolan palang tea.