Manuk Hiber ku Jangjangna


Manuk hiber teunangan. Nyirorot ka handap nyuruwuk ka luhur, muru ka tempat anu ditujuna. Seja néangan pangabutuh hirupna. Aya anu néangan dahareun, aya anu néangan sayangna, aya ogé anu seja néangan jodona.  Rupa-rupa tujuanana, sarua carana: pada-pada hiber maké jangjang. Arék ka wétan arék ka kulon, arék ka kidul arék ka kalér, bébas taya anu nyaram asal bisa kahontal anu dijugjugna.

Coba waé lamun aya manuk anu teu bisa hiber? Kumaha carana néangan dahareun lamun hayangeun dahar? Manuk anu teu bisa hiber tangtuna lain néangan dahareun tapi bakal aya anu ngadahar. Naha arék didahar ku jalma atawa sato séjénna. Terus lamun hayang nyayang, kumaha carana lamun teu miboga jangjang pikeun hiber? Tangtuna ogé ngan ukur bisa nyayang di luhureun taneuh.

Manuk heulang keur hiber

Jadi, jangjang mah pikeun manuk kacida pentingna. Jangjang kacida pentingna dina ngarojong kahirupanana, pikeun neruskeun hirupna.

Ninggang di jelema? Jelema mah hirupna ku akalna. Sagala hal ngeunaan pangabutuh kahirupanana bisa dicumponan ku jalan ngagunakeun akalna. Akal anu digunakeun pikeun mikir kumaha ngalakonan kahirupanana, kumaha cara ngahontal kahayang atawa tujuan hirupna. Jalma bisa nyukupan pangabutuhna ku jalan maké akalna. Jalma mah moal ngakeul lamun henteu ngakal. Anu hartina jalma moal meunang dahareun lamun henteu ngagunakeun akalna (henteu mikir). Kitu pentingan akal pikeun kahirupan jalma.

Jalma bisa hirup ku jalan ngagunakeun akalna.

Caina Hérang Laukna Beunang


Caina hérang laukna beunang. Ngagambarkeun dua kaayaan anu pada-pada dipiharep ku singsaha waé anu resep kana bebeneran. Cai herang, hartina henteu kiruh, teu kacampuran ke kokotor atawa taneuh bales ngubek. Dina nalika ngala lauk, henteu nepikeun ka kudu ngubek cai balong anu nyababkeun caina jadi kiruh. Jadi sanajan laukna beunang, tapi caina tetep hérang. Jadi supaya meunang kaayaan kitu, kudu ditéangan kumaha carana supaya bisa ngala lauk kalawan teu kudu ngubek balong anu nyababkeun kaayaan cai balong jadi kiruh. Kudu aya cara anu alus, anu tangtuna ogé henteu sagawayah.

Kaayaan balong anu caina herang

Dina kahirupan, ieu kaayaan téh kacida diperlukeunana. Utamana dina ngahontal kahayang atawa tujuan. Lamun diibaratkeun kahayang atawa tujuan anu kudu kacumponan, ngala lauk téh lir ibarat kahayang atawa tujuan. Sedengkeun caina hérang téh lir ibarat akibat atawa kaayaan nalika ngalakonan cara atawa jalan dina ngahontal kahayangna. Dina ngahontal kahayang atawa tujuan téh henteu nepikeun ka kudu ngorbarkeun nanaon atawa ngorbankeun batur. Tujuan atawa kahayang bisa kahontal kalawan henteu nyababkeun aya mas’alah, henteu nyababkeun kaayaan anu bisa nyisikudi ka batur.

Kaayaan ieu tangtuna ogé jadi udagan singsaha waé. Anu mikahayang kahirupanana aya dina kaayaan lungsur-langsar, pasti kudu néangan cara supaya dina ngahontal kahayangna téh bisa ku jalan caina hérang laukna beunang.

(Gambar meunang nginjeum ti http://sttc.jauhari.net/)

Anu Anyar dina WordPress téh teu Matak Pikahariwangeun


Ancoeun anu anyar nalika ngasupkeun tulisan kana WordPress téh teu kudu dipikahariwang. Teu kudu inggis ku bisi rémpan ku sugan. Éta perobahan mah mangrupakeun parobahan pidangan atawa ancoeun pikeun anu miboga blog di WordPress.

Tujuan atawa kahayang anu jadi Goal dina ancoan anu anyar mah (dina gigir kénca), jadi panginget yén geus sabaraha tulisan anu geus diasupkeun. Terus sabaraha tulisan deui kana tujuan anu pangdeukeutna. Tujuan pangdeukdeutna di dieu mah mangrupakeun wilangan tikel lipet 5 contona: 5, 10, 15 jeung saterusna. Jadi waktu geus leuwih ti 585 tulisan, tujuan saterusna anu jadi Goal téh 590 tulisan (Next Goal: 590 Posts).

Ancoeun anyar sanggeus ngasupkeun tulisan ka WordPress

Kitu sigana mah….

Cara Ngéker Tujuan (Bagéan Kadua)


Léngkah anu kudu dicokot supaya tujuan bisa kahontal, nyaéta:

Léngkah Kahiji: Netepkeun tujuan. Cokot sababaraha lambar keretas jeung pulpen. Tuluy tuliskeun naon waé anu dipikahayang dina kahirupan ieu. Pokona mah sagala hal anu ngolébat dina pikiran catet dina keretas éta. Ngan anu kudu diinget, nyaéta tujuan anu dipikahayang ulah patukang tonggong reujeung bag-bagan agama jeung angger kudu SMART.

Targét

Léngkah Kadua: nyieun ancang-ancang atawa siap-siap ku maké tilu sikep:

Sikep kahiji, Laku lampah. Kudu yakin naon anu dipilampah téh bener-bener geus jelas ka mana loyogna, sapagodos reujeung tujuan anu hayang dihontal.

Sikep kadua, Mikir. Paké waktu mikir pikeun nimbang-nimbang naon waé anu geus dipilampah jeung kumaha pikeun ngahontalna.

Sikep katilu, Ngarasakeun. Usahakeun rarasaan kudu tenang jeung lobakeun imut pikeun nyinghareupan sagala hahalang anu bakal datang.

Léngkah Katilu: Ngaréka-réka anu bakal kajadian jeung cara ngungkulanana. Jieun daptar sagala hal anu kira-kira bakal karandapan jeung cara ngungkulanana dina ngahontal tujuan.

Léngkah Kaopat: Pariksa. Cokot hiji atawa dua cara ngungkulan  masalah anu bakal dilakonan. Carana ku jalan nyieun daptar mangpaat jeung karugian anu bakal kaalaman tina cara ngungkulan anu dipilih.

Léngkah Kalima: Netepkeun rarancang. Pikeun unggal tujuan, pilih cara ngahontal pangalusna jeung tetepkeun rarancang kumaha cara ngahontalna.

Léngkah Kagenep: Pigawé ayeuna.

Léngkah Katujuh: Sésakeun waktu pikeun nengetan sagala usaha anu geus dipigawé. Pariksa unggal parobahan jeung kamajuan, naha tujuan geus kahontal atawa acan.

Léngkah Kadalapan: balik deui kana tujuan. Pariksa deui, naha cocog teu tujuanana pikeun naékeun kualitas kahirupan. Lamun cocog, tuluykeun.

(Meunang nyutat kalawan diringkes tina Majalah El-Fata edisi 01/IV/2003)

Baca ogé:

  1. Cara Ngéker Tujuan (Bagéan Kahiji)

Tumbal dina Pulitik


Dunya pulitik, pinuh ku perkara anu nyamuni jeung remeng-remeng teu jelas. Bakating ku teu jelasna, najan anu bodas ogé tacan tangtu miboga rupa bodas. Bisa waé anu bodas téh katempona mah hideung. Pon kitu deui sabalikna, anu hideung bisa jadi bodas atawa rada-rada bodas.

Salasahiji anu diparebutkeun dina pulitik

Dina dunya pulitik mah, unggal jalma miboga kahayang jeung cita-cita anu ampir sarua tapi tara bisa akur antara hiji jalma reujeung jalma séjén atawa antara hiji golongan jalma reujeung golongan séjénna. Dua urang jalma atawa golongan anu miboga udagan anu sarua, tacan tangtu bisa sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan. Kalolobaanana mah silih sigeung jeung silih éléhkeun. Udagan dina dunya pulitik mah biasana kahayang anu kudu dihontal jeung dikeukeuweuk ku sorangan atawa ku hiji golongan. Jalma atawa golongan séjén mah ulah bisa ngahontal. Teu aneh sanajan jeung dulur sorangan lamun béda golongan atawa jadi saingan dina marebutkeun perkara pulitik osok matak ngaruntagkeun tali babarayaan.

Dina ngahontal perkara pulitik biasana osok aya hal-hal anu leuwih kejem deui. Pikeun ngahontal tujuan pulitikna, osok aya waé anu ngagunakeun jalan anu goréng. Bakating ku hayang meunang sorangan atawa meunang golonganana, sagala jalan najan goréng, bakal disorang. Najan kudu ngagogoréng lawan pulitikna, pasti dijalankeun. Najan kudu ngorbankeun lawan pulitikna, bakal dilakonan. Anu leuwih kejemna deui, aya ogé anu wani ngorbankeun babaturan anu sagalur dina ngalakonan pulitikna. Asal tujuan pulitikna bisa kahontal najan kudu ngorbankeun babaturan sagolonganana, pasti dilakonan. Nu penting mah tujuan bisa kahontal.

(Gambar meunang nginjeum ti http://2.bp.blogspot.com/-dYtB-I9Rk5Q/TbTh_8rppdI/AAAAAAAAAQ4/LUD5xKNTUpw/s1600/capres1.jpg)

Hirup pikeun Bajoang


Lamun ngadéngé kecap hirup téh pikeun bajoang, tangtuna ogé kalolobaan jalma bakal satuju. Satuju yén hirup téh salasahijina miboga tujuan pikeun bajoang. Moal aya anu ngangles, hirup teh lain pikeun bajoang. Ngan dina lebah naon anu kudu dibajoangkeun, tangtuna oge unggal jalma miboga cekelan sewang-sewangan. Bajoang anu samodel kumaha jeung naon anu kudu jeung keur dibajoangkeun ku unggal diri jalma.

Bajoang

Anu ngaranna bajoang pasti miboga tujuan atawa anu dituju naon kahayangna, naon tujuan bajoangna. Tujua bajoang biasana mah diteundeun ditungtung, anu kudu kasampeur jeung kalaksanakeun. Unggal jalma miboga kahayang jeung angen-angen katut tujuan sewang-sewangan, anu kudu dibajoangkeun. Naon anu kudu dibajoangkeun ieu, gumantung kana unggal diri jalma. Aya anu bajoang hayang meunang harkat darajat anu luhur. Aya anu bajoang pikeun ngalaksanakeun naon anu jadi kayakinanana, aya anu bajoang kumaha meunangkeun rajakaya anu kacida lobana, jeung kahayang-kahayang sejenna.

Salian ti tujuan, aya ogé jalan atawa cara kumaha bajoangna. Satutasna miboga kahayang atawa tujuan atawa udagan dina bajoang, kudu néangan atawa meunang jalan anu bakal disorang. Jalan anu disorang nalika bajoang. Da dina ngudag kahayang jeung udagan, merlukeun jalan supaya bisa nepi kana tujuan kahayangna. Jalan ieu téh jalan bajoang. Aya rupa-rupa jalan anu disorang ku unggal jalma. Aya anu sarua aya anu béda. Kahayang anu sarua tacan tangtu nyorang jalan anu sarua.

Terus aya deui ambahan atawa modal pikeun bajoang. Dina ngudag atawa ngahontal kahayang/tujuan, merlukeun modal anu kudu aya supaya bisa nepi kana udagan anu dibajoangkeunana.

Tilu hal ieu, kudu kacumponan dina bajoang ngahontal naon anu keur dibajoangkeunana. Komo deui lamun miboga kayakinan yén sakabéh hirupna pikeun bajoang.

(Gambar meunang nginjeum ti http://4.bp.blogspot.com/_ih2sKYO2rb8/S9bnPBkbyPI/AAAAAAAAAsE/72dIL1uLCAI/s1600/Berjuang.jpg)

Cara Ngéker Tujuan (Bagéan Kahiji)


Tujuan mangrupakeun perkara anu hayang kahontal dina hirup anu aya mangpaatna pikeun ningkatkeun niléy kahirupan. Aya tilu perkara anu aya pakuat-pakaitna reujeung tujuan, nyaéta:

  1. Tujuan kudu dipiboga ku unggal aing-aing atawa unggal jalma.
  2. Tujuan anu dipimilik kudu ditojokeun kana naon anu hayang kahontal.
  3. Tujuan osok ditetepkeun kalawan maksud hayang ngaronjatkeun kualitas hirup sakabéhna, lain ngan ukur sawaréh-sawaréh.

Unggal tujuan kudu sareundek saigel reujeung cekelan urang salaku jalma anu ngagem agama Islam, sakumaha anu geus nyampak dina Al-Quran surah Adz-Dzariyat ayat 56.

Tujuan anu dikéker

Dina ngahontal tujuan, aya dua hal anu kudu dititénan, nyaéta:

  1. Niat anu bener,
  2. Cara ngalaksanakeunana anu henteu papalingpang reujeung bag-bagan agama.

Dina netepkeun tujuan, aya cara anu disebut sistem SMART anu kudu dititénan. Sistem SMART nyaéta:

  1. Specific (Spesifik atawa jelas atra katara), nyaéta dina ngagambarkeun tujuan kudu jelas naon anu hayang dihontal.
  2. Measurable (bisa diukur atawa kaukur), hartina unggal tujuan anu geus ditetepkeun bisa kahontal kalawan ayana panalingaan unggal léngkah anu dipigawé dina raraga ngahontal tujuan. Aya alusna lamun nyieun catetan unggal léngkah dina ngahontal tujuan anu geus ditetepkeun.
  3. Attributable, hartina dina netepkeun tujuan téh geus miboga sikep anu jelas.
  4. Realistic (kahontal atawa kaharti ku akal), hartina naon anu jadi tujuan téh bisa kahontal ku akal, lain tujuan anu ngan ukur dina pangimpian.
  5. Time limit (wawates waktu), nyaéta ayana jeung jelasna wates waktu dina ngahontal anu jadi tujuan.

(Meunang nyutat kalawan diringkes tina Majalah El-Fata edisi 01/IV/2003)

Baca ogé:

  1. Cara Ngéker Tujuan (Bagéan Kadua)