Kaulinan Barudak jeung Élmu Pangaweruh


Kaulinan barudak anu osok diparaké ku barudak téh, sabenerna mah lain ngan ukur jadi kaulinan wungkul, tapi bisa ogé dijadikeun bahan pikeun diajar jeung nambahan pangaweruh ngeunaan élmu hususna élmu ngeunaan kahirupan. Sakumaha anu disebutkeun dina tulisan anu tiheula (mangpaat kaulinan barudak), kaulinan barudak téh pinuh ku mangpaat anu gedé pangaruhna pikeun kahirupan barudak sanggeus manjing dewasa.

Ngeunaan élmu pangaweruh, dina kaulinan barudak bisa dikoréhan atawa dikotéktak ngeunaan niléy atawa élmu pangaweruh. Hususna anu aya pakaitna jeung élmu pangaweruh anu diajarkeun di sakola. Aya sababaraha jinis élmu pangweruh anu diajarkeun di sakola, aya prak-prakanana atawa kapanggih cara nerapkeuanana dina kaulinan barudak. Jadi ku jalan migawé kaulinan barudak éta, barudak bisa ngarti kana palajaran anu aya di sakola. Da di sakola mah barudak diajar élmu pangaweruh ééh lolobana mah teori, sedengkeun praktékna mah duka téh teuing kumaha.

Diajar (gambar diundeur ti: http://www.twinhills.k12.ok.us/Images/ClipArt/Before%20School%20Study2.gif)

Tulisan ieu (katut tulisan saterusna anu aya pakaitna jeung tulisan ieu) bakal ngabolékérkeun atawa muka naon hubunganana kaulinan barudak reujeung élmu pangaweruh dina hususna élmu pangaweruh anu diajarkeun di sakola. Hubungan antara élmu pangaweruh jeung kaulinan ieu kudu ditembrakeun supaya jelas, yén anu ngaranna kaulinan barudak téh lain ngan ukur kadar kaulinan wungkul, ngan ukur kaulinan anu taya mangpaatna jeung ngan ukur dipigawé pikeun ngeusian waktu kosong wungkul. Salian ti éta ogé, kumaha supaya barudak anu diajar di sakola bisa gampang ngarti kana élmu pangweruh anu diajarkeun di sakola (téorina) reujeung prak-prakanana sapanjang éta élmu pangaweruh jeung kaulinan barudakna aya pakuat-pakaitna. Anu tungtungna, barudak bisa apal deui jeung resep deui kana kaulinan barudak.

Lamun ditataan mah, kaulinan barudak téh loba anu aya pakaitna jeung élmu pangaweruh anu diajarkeun di sakola. Kaulinan barudak téh di jerona mah loba anu ngandung élmu pangaweruh. Ti mimiti élmu ngitung nepikeun ka élmu sosial ogé aya: matématika, fisika, biologi, sosial, jeung nu séjénna.