Basa Inggris nurutan Basa Sunda?


“Yéh, apal kénéh palajaran Basa Inggris teu?” si Acim nanya ka si Duyéh.

“Nya apal atuh saeutik mah.” Témbal si Duyéh.

“Sukur atuh lamun kitu mah. Da jeung pikeun urang Sunda mah, kana Basa Inggris téh kudu pinter.”

“Naha, manéh bet ngomong kitu sagala, Cim?” Si Duyéh panasaran. “Ari manéh kumaha? Geus pinter meureunan ayeuna mah nya…?”

“Nya, kitu waé lah. Keur diajar kénéh kuring ogé. Jadi tacan bisa pisan.” Témbal si Acim.

“Apal teu manéh yén Basa Inggris téh nurutan Basa urang Sunda…?” Pok si Acim deui ka si Duyéh.

“Maksud manéh kumaha?”

“Heueuh, dina Basa Inggris teh aya kecap-kecap meunang nginjeum tina Basa urang.”

“Ah…, teu percaya kuring mah.” Si Duyéh teu percayaeun. Asa piraku, ceuk pikirna.

“Teu percaya nya…?” Si Acim neuteup.

Si Duyéh ukur unggeuk.

“Lamun teu percaya mah, ku kuring dibéré contona atuh nya.” Ceuk si Acim bari ngadeukeutan si Duyéh.

“Sok atuh, lamun heueuh mah aya.” Si Duyéh nangtang.

“Manéh apal teu naon Basa Inggrisna lengkep…?” Si Acim nanya ka si Duyéh bari neuteup.

“Naon nya…?” Si Duyéh kerung, mikir. “Eh, heueuh. Complete lain.”

“Heueuh tah geningan manéh apal kénéh. Jadi Basa Inggrisna lengkep téh apanan kumplit.” Ceuk si Acim bari ngucapkeun complete téh maké logat Sunda.

“Lain kumplit atuh, complete kitu….” Si Duyéh sorana rada naék.

“Da, dibacana mah apanan kumplit, lin…?”

Si Duyéh teu némbalan.

“Salian ti éta aya deui kecap anu séjénna.” Ceuk si Acim deui. “Hayang nyaho teu…?”

“Tapi anu bener nya?” Ceuk si Duyéh hayang anu bener-bener, lain ngan ukur heureuy.

“Lamun Basa Inggrisna tenang naon…?” Ceuk si Acim deui nanya ka si Duyéh.

“Teu apal ah éta mah.” Témbal si Duyéh.

“Piraku teu apal. Da kecap éta mah gampang pisan atuh.”

Si Duyéh teu némbalan.

“Hayang apal? Basa Inggrisna tenang téh kalem.” Ceuk si Acim.

“Aya kitu dina Basa Inggris kecap kalem?” Si Duyéh teu percayaeun.

“Nya aya atuh. Matak kuring nyebut kecap éta téh.”

“Ditulisna kumaha kitu?” Si Duyéh panasaran.

“Ditulisna mah C-A-L-M. Ngan dibacana jadi kalem.” Si Acim ngajéntrékeun.

“Kalem kitu dibacana? Asa piraku. Lain kalem meureunan.”

“Bener ieu mah, dibacana teh kalem.” Si Acim keukeuh.

“Nya kumaha manéh waé lah.” Si Duyéh embung kapapanjangan.