Paparabotan urang Lembur di Musieum Fatahillah Jakarta


Nganjang ka Kota Tua Jakarta, ngalongok musieum Fatahillah. Kukurilingan nempoan anu aya di jero musieum. Taya anu anéh, kalolobaanana mah anu diancokeun téh paparabotan anu osok aya di imah kayaning méja, korsi, jeung dipan. Nu séjénna mah paling ogé lukisan anu digantung dina témbok, sababaraha rupa tulisan anu eusina ngeunaan sajarah Batawi baheula, rupa-rupa batu titinggal jaman baheula katut tironan prasasti anu aya pakaitna reujeung Batawi baheula.

Rupaa-rupa parabot anu osok aya di dapur
Rupaa-rupa parabot anu osok aya di dapur

Tina sababaraha barang anu dipidangkeun téh, aya paparabotan anu biasa dipaké ku urang lembur. Di hiji rohangan anu dieusi ku barang jeung katerangan ngeunaan Karajaan Sunda, aya paparabotan anu osok aya di dapur urang pilemburan reujeung parabot paranti tatanén.

Rupa-rupa parabot paranti tatanen
Rupa-rupa parabot paranti tatanen

Dina kumpulan paparabotan dapur aya rupa-rupa paparabotan saperti sééng, hawu, hihid, boboko, dulang, céntong, kendi, aseupan, téko jeung nu séjénna. Sedengkeun di deukeuteunana aya tempat anu midangkeun paparabotan paranti tatanén diantarana waé bedog, koréd, étém, sastra jeung kolénjér. Dua ngaran anu panungtung mah kakara manggihan jeung teu apal nu kumaha waé rupa parabotna. Di gédéngeunana aya ogé rupa-rupa baju anu osok dipaké urang pilemburan. Ceuk béja mah, rupa-rupa paparabotan iey téh mangrupakeun paparabotan urang suku Baduy di Banten.

Peré Sakola – Mantuan Kolot di Kebon


Peré téh biasana mah osok bareng reujeung ngala pepelakan. Lamun keur tatanén cikur, dina waktu peré téh osok kaparengan keur ngala cikur. Nya kaayaan kitu téh taya deui anu bisa dipigawé. Tibatan cicing di imah, isuk-isuk nepikeun ka beurang mah ngilu ka kebon. Nya sakadar ulin di kebon lamun henteu babantu digawé ogé. Lamun henteu panén cikur, aya kalana usum panén cabé atawa jahé.

Budak keur mantuan panen tatanen

Sanajan ari diniatan mah pikeun ulin, ari geus ka kebon mah nya mantuan waé sagawé-gawéna. Leuwih jauhna, biasana mah osok bener-bener mantuan digawé kusabab osok dibibita bakal meunang buruh. Buruhna téh kumaha beubeunanganana. Lamun beubeunanganana loba, buruhna ogé bakal leuwih loba deui tibatan reujeung beubeunanganana saeutik. Gawé téh beuki pogot waé, beubeunangan henteu dihijikeun reujeung beubeunangan kolot. Beubeunangan diwadahan dina wadah anu misah, supaya kaciri sakumaha beubeunanganana. Nepi ka lembur téh langsung dikilo sabaraha kilo beuratna. Éta beubeunangan téh dihargaan kiloan. Lamun dina waktu sakilona lima puluh rupiah, atuh beubeunanganana bakal dikalikeun reujeung lima puluh. Sakitu buruhna téh. Najan saeutik, henteu jadi masalah da osok ditambahan. Jadi najan saeutik bisa jadi gedé sanggeus ditambahan mah. Nu penting mah apanan bisa mantuan gawé kolot najan diniatan hayang meunang buruh.

Ieu téh minangka diajar pikeun digawé. Da lamun geus gedé digawé di lembur mah henteu jauh ti kitu. Digawé téh apanan lamun henteu magawé sorangan di kebon sorangan, bisa ogé babantu atawa kuli ka batur. Naha arék kuli macul (nyambut) kebon, atawa kuli panén tatanén di kebon tatangga.

(Gambar meunang nginjeum ti http://wasteorganic4healthy.wordpress.com/)

Sababaraha Tatanen di Pakebonan


Meuli (Ngimpor) Sampeu ka Nagara Séjén? Bet Bisa…?


Nurutkeun warta anu dipedalkeun ku detikFinance dina poé Senén 9 Juli 2012, disebutkeun cenah nagara Indonésia téh meulian sampeu ti luar nagri utamana ti nagara China jeung Viétnam. Dina bulan April jeung Méi, sampeu anu dibeli téh kurang leuwih 5.057 ton sampeu. Éta sampeu anu mangton-ton téh kudu dibeuli kalawan hargana nepikeun ka 1,3 juta dollar. Anu jadi pananya téh, naha bet meuli ka nagara luar sagala? Naha hasil tatanén patani urang Indonesia henteu bisa nyukupan kana pangabutuh atawa aya hal tinimbangan séjénna?

Lamun diitung-itung mah harga sampeu anu dibeuli ti luar nagri téh nepikeun ka 2.300 tina sakilona (5.027.000 kilo dibagi 1,3 juta dollar dikali 9000). Harga anu lumayan nguntungkeun lamun ngilikanana ti lebah patani mah. Harga sampeu anu kotor ti patani mah kurang leuwih 500 rupiah. Lamun sampeu dijualna diberesihan heula asana téh moal ngurangan satengah-tengahna acan tina beurat kotorna (lamun dibandingkeun reujeung kotorna). Lamun patani bisa ngajual sampeu kotor sakilona 1000 waé ogé geus kacida untungna. Komo lamun bisa leuwih mah….

Sampeu

Terus nimu deui warta anu masih sumberna sarua kénéh ti detikFinance, disebutkeun ogé cenah sabenerna mah sampeu anu dibeuli ti nagara China jeung nagara séjénna téh nepi ka 3.000 ton dina unggal mingguna. Sababna meulian sampeu ti luar nagri téh cenah mah kusabab hasil tatanén sampeu di nagara Indonésia henteu bisa nyukupan pangabutuh sampeu industri anu aya di Indonesia kayaning industri dahareun, inuman katut industri kimia. Teu anéh lamun loba pausahaan anu ngahaja meuli sampeu ti luar nagri. Hasil tatanén sampeu di Indonésia loba nguranganana disababkeunana ku lahan pepelakan anu osok dipelakan sampeuna ngurangan da diganti ku tatanén kalapa sawit.

Ieu hal bisa dijadikeun kasempetan pikeun patani yén sabenerna mah anu ngaranna sampeu téh loba anu merlukeun. Ngan ieu inpo téh henteu nepi ka patani. Éta jadi masalah saeutikna patani anu melak sampeu. Dina melakna ogé ngan saeutik da lain pikeun dijual ka pausahaan gedé. Terus masalah séjénna mah nyaéta ngeunaan hargana. Patani di Indonésia mah éléh waé, teu bisa nangtukeun harga sorangan. Ngeunaan harga osok éléh ku anu meulina. Patani mah saeutik meunang untungna tibatan bandar. Dina bisa ngajual hasil tatanén téh osok murah waé.

Cikur, Tatanén Andelan Urang Lembur


Tatanén Cikur bisa disebutkeun tatanén pangpunjulna jeung jadi andelan pikeun urang lembur. Henteu bisa disebutkeun kitu kumaha, da unggal kulawarga di lembur mah biasana melak cikur di kebonna séwang-séwangan. Sanajan arék saeutik waé melakna, teu jadi masalah. Malahan taneuh leuweung anu digarap ku masarakat ogé dipelakan cikur. Taneuh leuweung bogana Kehutanan anu digarap ku jalan PHBM, saméméh dipelakan tangkal kai téh apanan dipelakan heula cikur.

Kebon cikur

Tatanén Cikur mimiti jadi andelan urang lembur kurang leuwih ti taun 1990-an. Mimitina mah ngan sababaraha urang wungkul anu melak Cikur téh. Nya istilahna mah anu melak Cikur bisa kénéh diwilang ku ramo. Ngan satutasna nempo kauntungan tina tatanén Cikur anu hasilna bisa dijadikeun modal nyieun imah, urang lembur mimiti marelak Cikur di kebonna séwang-séwangan. Malahan mah tatangga lembur ogé loba anu narurutan ngadon marelak tatanén Cikur. Jadi waé ti harita tatanén Cikur mimiti nerekab ka sababaraha lembur deukeuteun lembur Ciburuan.

Pangaresep urang lembur kana melak tatanén Cikur henteu nepikeun ka pugag najan dipegat ku harga Cikur anu murah. Malahan nepikeun ka susah ngajualna. Dina waktuna werit mah, tatanén Cikur teh kacida murahna (lamun henteu disebut henteu payu). Dina nalika murahna mah nepikeun ka 250 rupiah sakilona téh. Najan kitu, urang lembur henteu nepikeun ka pareum sumangetna kana melak tatanén Cikur.

Ku disabaran mah ahirna harga Cikur téh bisa nérékél naék deui. Ahirna mah harga Cikur bisa naék deui, malahan nepikeun ka 20.000 tina sakilona.

Sakola bari Pepelakan


Kabeneran tukangeun sakola téh aya lahan pakebonan. Dina hiji waktu mah, éta kebon téh disambut ku barudak sakola utamana ti kelas opat nepi ka kelas lima. Kabeneran sakola keur nyaralsé taya kagiatan diajar. Saméméh ka sakarola, barudak kelas luhur mah dititah marawa pakarang barogana ti imah kayaning parang, koréd, congkrang, bedog atawa pacul. Nepina ka sakola téh, henteu dialajar, tapi terus maruru ka kebon diluluguan ku guru-guru. Barudak sakola teh meresihan kebon tina jujukutan anu minuhan kebon. Lumayan ramé ogé da lobaan. Anu bisa nyacar, bagéan nyacar. Sedengkeun anu séjénna bagéan meresihan jujukutan anu meunang nyacar, dipiceunan ka sisi kebon.

Sanggeus dicacar kebon téh dipacul supaya gampang dipelakanana. Saterusna mah diarag pikeun meresihan sabangsaning aakaran. Réngsé éta diteruskeun kana melak pepelakan. Pepelakan anu dipilih pikeun dipelakna téh nyaéta cikur. Sigana mah supaya gampang miarana reujeung hasilna anu biasana mah lumayan mucekil. Gampang miarana, kusabab pepelakan cikur mah teu kudu dijaga jeung diimeutan unggal waktu. Sanggeus melak téh teu kudu dipiara kacida imeutna. Paling ogé dicaangan tina jujukutan anu jaradi di kebon cikur. Terus dina perkara hasilna, anu alus mah bisa hiji banding salapan (malahan anu alus pisan mah nepikeun ka hiji banding sapuluh), nyaéta tina sakintal bibit téh bisa ngahasilkeun anak salapan kintal. Lumayan untungna.

Ngeunaan kajadian ieu, pernah diasupkeun kana warta di koran. Yén sakola dasar ieu miboga kebon cikur anu bisa ngahasilkeun cikur anu lumayan alus.

Kebon cikur di lembur

Pikeun urang lembur mah, cikur mangrupakeun pepelakan anu bisa jadi andelan dina nyiar pakaya. Teu anéh lamun barudak urang lembur mah melak cikur téh geus jadi pagawéan anu teu anéh deui, da lamun dina waktuna peré téh osok milu ka kebon. Salian ti éta, apanan eukeur leutikan kénéh ogé osok dibawa ka kebon ku indung-bapana.

Kurban Jaman Nabi Adam


Kurban atawa meuncit sato piaraan, bisa dijujut atawa dicukcruk nepikeun ka mangsa Nabi Adam masih kénéh kumelendang di alam dunya ieu. Dina waktu harita, anak-anakna Nabi Adam anu ngaranna Habil jeung Qobil dititah ngorbankeun hartana séwang-séwangan. Habil anu pagawéanana kana nganggon ingon-ingon sabangsaning domba, ngorbankeun ingon-ingon piaraanana. Sedengkeun Qobil anu pakasabanana kana tatanén, ngorbankeun hasil tatanénna. Duanana sarua ngorbankeun hartana, ngaluarkeun hasil tina pakasabanana. Duanana sarua turut tumut kana paréntahan Gusti Allah ngaliwatan Nabi Adam anu jadi kolot maranéhna.

Domba pikeun kurban
Ngan dina perkara ngorbankeun hartana, aya hal anu ngabédakeun duanana. Tapi anu ngabédakeun téh lain dina wujudna, tapi béda dina eusina éta anu dikorbankeunana. Bédana téh nyaéta, ari Habil mah ngorbakeun hartana téh kalawan ihlas bari dirojong ku milih sato piaraan anu pangalusna. Sedengkeun ari Qobil mah ngorbankeun hartana téh milih hasil tatanén anu panyésaan jeung anu goréngna wungkul.

Eta hal téh jadi balukar ditampa reujeung henteuna kurban maranéhna. Nya, tina anu duaan téh, anu saurang mah kurbanna téh ditarima sedengkeun anu saurang deui mah henteu ditarima. Anu ditarima téh nyaéta kurbanna Habil, sedengkeun kurbanna Qobil mah henteu ditarima.

Eta hal téh dumasar kana Pidawuh Gusti Alloh dina Al-Quran, anu pihartieunana kurang leuwih: “Caritakeun ka maranéhna ngeunaan riwayat dua urang anak Adam (Habil jeung Qobil) nurutkeun jujutan anu sabenerna, waktu duanana nyanggakeun kurban, mangka ditarima éta kurban anu saurang tina anu duaan éta jeung teu ditarima anu saurang deui, jeung manéhna nyarita “Kuring pasti maéhan manéhna”. Nyarita ogé Habil “Saéstuna Allah ngan ukur narima kurban ti jalma-jalma anu takwa.”

Jadi sabenerna mah anu ngaranna kurban téh geus aya ti jaman Nabi Adam kénéh.